Getih

Getih, ucrat acret ,minuhan beungeut si Bungsu !, bahamna calangap, letah ulal-elel ngecrokan getih nu ngaley tina sela-sela kaca televisi. “ Amis …… Segerrrr !, ceuk si Bungsu bari mindahkeun Saluran TV, Golontor deui, getih anyar ngagolontor, di bedahkeun ku penyiar nu awakna donto, rikat ku si bungsu di ledot ku letahna, nahan kanikmat nu taya tandingna.
Wanci tengah peuting, siaran TV lekasan, Si Bungsu murukusunu semu handeueul . Samemeh asup kakamar, katempo manehna keur anteng, mencrong foto kuring nu ngagantung luhureun TV, letahna kutap ketap, siga nu geus teu sabar, hayang ngasaan nguyup getih bapana .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yusran Arifin: Wadoowwww. aramoun.. luar biasa bedasna Kang Ahmad Yani.. Matak muringkak.. sae pisan..
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: seger pisan yeuh!
  3. Ahmad Yani: Kang Yusran :Janten paur ngagantungkeun foto teh kang ! ,jaman kiwari mah he he !!
  4. Ahmad Yani: @Kang Numan : Bilih bade nyobian "Jus Getih " aya sa kompan deui ,,,hi hi hi hihhi !!!
  5. Muhammad Shohiba Nu'man: cekap Kang, nu ieu ge teu acan seep.. hehe
  6. Godi Suwarna: :"Jempol...! Jempol bangeds dekh ihk...! Kantun ngapikan ngetikna..! Lalampahan sarebu kilometer dikawitan ku salengkah, kitu ujaring piwuruk Sang Mahaguru. Proses nyampurnakeun karya dikawitan tina beres ngetik..! Wilujeng..."
  7. Ahmad Yani: Hatur sewu nuhun Kakang Prabu, kana "apresiasina" , seja diestu keun pisan Nun ...!
  8. Godi Suwarna: :"Diaos deui...! Muringkak pisan. Asa keueung hirup dikepung ku siaran TV teh..."
  9. Ahmad Yani: Sumuhun Kang Prabu , sok komo murangkalih nu teu acan gaduh dadasar kangge nyaring informasi ..he he !! , asa ku Miris , getih di anteur-anteur ,di awur-awur ka unggal hate !!
  10. Yusran Arifin: Muhun, Kang Perb Godi Suwarna. Eta si Akang Ahmad Yani, jero pisan nalungtikna..Heded lah.. Serius pisan, ngabongkar masalahna.. Sumuhun, tipi teh di samping diperyogikeun, geuning pikapaurreun oge?
  11. Yusran Arifin: Jabi gaungna ageun pisan. Sanes pasoalan pribadi penulisna wungkul. Tos ngawakilan pasualan balarea. Saur Prof. Yakob mah. Karya satra nu sae teh, siga botol. Anu tiasa 'ngerewek' kalangkang anu seueur. Muhun ktu, Kang Perb Godi Suwarna? Punten bilih lepat.
  12. Aditia Gunawan: Keueung,,,sigana budakna sieun ku bawang bodas...:D
  13. Maman Damiri: Kahade bisi ngadadak jadi vampir , Lur . Kudu ditambakeun ...
  14. Ahmad Yani: @Kang Yusran : Nuju di ajar nun , neuleuman ka ahengan sastra sunda , da ari ngemutkeun seke seler mah , rupina abdimah kalebet " TONGKI " he he !
  15. Ahmad Yani: @Aditia : Upami di antep mah , rupina sapangeusi bumi , seep di gares !!! hi hi
  16. Ahmad Yani: @Kang maman : Rek di bawa ah ! engke sore ! , ka Leruwi Goong , si na nepungan uwa na !! he he he he !!
  17. Yadi Fathur Berkata: Beuki Edun we Mang Ahmad Yani.. sip..
  18. Lalat Socrates: imajinatif pinuh ku siloka..... keren abizzzz
  19. Ahmad Yani: @Kang Yadi : Sok Nyesep rokok merek naon ? hi hi hi
  20. Ahmad Yani: @Kang Lalat : Nuhun apresiasina , nuju di ajar keneh Nun ! ( Sareng Punten : Sapatu nomer sabaraha ??) he he he he !!
  21. Lalat Socrates: Ahmad Yani : hehe sumpahna ge abdi mah tara disapatu, sok ngangge sendal wae ka mamana teh... teu percanten mah taroskeun we ka ang Godi.... hihihiihi
 
Lalaki Kundang Iteuk, Nu Aya Tapak Tatu Na Tarangna

Meh unggal sore, geus saminggu lilana. Lalaki kundang iteuk, nu aya tapak tatu na tarangna. Terus-terusan datang. Ngadon ngajanteng disebrang jalan. Melong imah kuring. Kupanonna nu linduk siga pinuh ku katineung. Mun poe geus maju kaburit, kakara manehna indit, ngagugusur sukuna, teuing muru ka lebah mana. Ngarasa panasaran. Kamarimah Uing ngawani-wani maneh nyampeurkeun. " Bade milarian saha, Pa !" tanya kuring. Nu ditanya kalah ngabigeu. Ngan aya nu aneh. Panonna kaciri beueus, basa paadu teuteup jeung Uing. " Ah, teu aya nanaon Aden !", jawabna haroshos. Bari gura-giru indit, siga boga kasieun nu kacida rosana. " Naha kakara bebeja ka Ema, ayeuna !, kamana inditna ? " Ema dugi ka ngoceak, socana carinakdak, basa Uing ngadongengkeun manehna ka Ema . Ti saprak kajadian eta. Lalaki kundang iteuk, nu aya tapak tatu na tarangna. Teu ieuh nembongan deui . Ngan Ema nu terus-terusan ngumbar cimata, bari unggal sore teu elat ngajanteng di sisi jalan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Endah Dinda Jenura: eta pameget sanes Harry Potter, pan? hahha! mantap, Kang!
  2. Yayan 'Bedog' Supriatna: harur...fikmin petingan jasa. cacakan jawara nyangking 'bedog' beueus panon maca ieu fikmin, jing..
  3. Tatang Sumarsono: Sip, Ang. Rasa bet kabawa palid ku ungkara. Enya, alus.
  4. Rifan Sahrony: Teleb,anteb.Kang Ahmad Yani. ngeleketek kana hate.
  5. Akang Remi: Ema jeung Bapa Pada-pada kemba?
  6. Ahmad Yani: Neng@Endah Endah Dinda Jenura : Nuhun Neng !, kacandak ku hawa tiris m janten hoyong ngadamel nu rada " Tiis" he he !
  7. Ahmad Yani: Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : Jawara teh sigana mung warugana ! Ang ! he he he ! Nuhun Ah !, iraha bade pareng Nyikopi deui yeuh ! ?
  8. Ahmad Yani: Ang Tatang Sumarsono : Hatur lumayan wae Nun !, tos teu kiat manawi hoyong ngiring icikibung dina lapak !, ngantosan ideu asa sesah ningan !?
  9. Ahmad Yani: Kang Rifan Sahrony : Heu heu Dugi ka kituna Ang Rifan mah !, kade upami tos dikeleketek sok janten ateul ! ha ha ha !
  10. Ahmad Yani: Ang Remi Sadkar : haduhhhh .... nyaan sesah ningan, hoyong nyobian kekembaan teh ! he he !
  11. Is Tuning: haduuuuh... panon uing milu beueus. sodiiihhh.... *néangan kanébo
  12. Iwan Hanjuang: Idem jeung Is Tuning, neangan kanebo..
  13. Is Tuning: badé naon kang Iwan Hanjuang ? badé ngumbah motor ? hi hi
  14. Muhammad Shohiba Nu'man: Mantaaap...!
  15. Irman Dimyatie: :"Tatu na tarangna teh baheula ku ema pernah dibaledog ku sendok. Beu...! Geuningan eta teh Si Apa!"
  16. Ahmad Yani: Ang Is Tuning : Katampi kanebona !
  17. Ahmad Yani: Ang Iwan Hanjuang : Nuhun Idemna !
  18. Ahmad Yani: Ang Muhammad 'Aang' Solahuddin : Nuhun pairanna !
  19. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Ku Sendok tembok nya ? Nuhun !
  20. Dewi Budi: Hikss.........
 
SAGAGANG KEMBANG

" Beda tisasari, naha bet jalir jangji !?". Gerentesna. Ret kana erloji. Waktu nu dipasinikeun geus leuwih ti sa jam. Nganteur kereteg hate. Manehna nguniang, l leumpang ngalenghoy, ninggalkeun meja nu cengelik sorangan di juru restoran. "Harianeun Kang Rhamdan mah, ku naon atuh bet henteu janten , Nep ...!". Kecapna teu kebat, kaiwat ku kakaget. Di jalan sisimpangan, loba jalma tingrariung, ngagugulung hiji waruga nu ngagoler teu walakaya. Cipanonna bedah, basa teges kana beungeutna. Dina leungeun kencana nu geus leupas. Sagagang kembang , napel pageuh, di pulas ku getih nu masih haneut.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Deni Riaddy: Edas teuing... Enjing-enjing dipasihan lalawuh nu pikasediheun....
  2. Yayan 'Bedog' Supriatna: haruh...tragis
  3. Eboed Eman Budiman: Wualah sedih bin nalangsa
  4. Irman Dimyatie: :"Nohonan jangji dibayar pati."
  5. Tatang Sumarsono: Aduh, sedih, Ang. Untung namina Rhamdan.
  6. Ahmad Yani: Ang@Deni Riaddy : Rada kapangaruhan ku sinetron ! ,manawi ! he he !
  7. Ahmad Yani: Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : Nuju bingung milari ideu ! he he , ngapungkeun nu kieu we ,amawi ! he he he !
  8. Ahmad Yani: kang 'Eboed' Eman Budiman : Alhamdulillah kembangna mah salamet ! he he !
  9. Ahmad Yani: kang Irman Dimyatie : Rusuh teuing saurna mah Ang !, nincak gas na nyeceb teuing ! he he !
  10. Ahmad Yani: Kang Tatang Sumarsono : he he he ... bingung nyeta Ang !, tadinamah moal dinamian, sapertos cerpenna Budi Darma !, namung rada sesah ngalarapkeuna sareng jalan carita. Janten we milarian sakapendakna ! he he he he ! hatur nuhun Ang !
  11. Tatang Sumarsono: "Harianeun, ku naon atuh bet henteu janten , Nep ...!". Jigana bakal leuwih ngumbar imajinasi, Ang.
  12. Ahmad Yani: Aduh ! sumuhun !, leresnya !?, hatur nuhgun Ang Tatang Sumarsono !.
  13. Irman Dimyatie: :"Carita cinta nu kieu sok mawa panineungan ka nu sakur jalma nu pernah ngalaman. Boa-boa...."
  14. Rudi Riadi: Fikmin nu matak ngalengak....
  15. Akang Remi: Ngalengak pisan...Haruuh!
  16. Ahmad Yani: kANG Irman Dimyatie : he he he he ... ampir Kang !
  17. Ahmad Yani: Ang Rudi Riadi : Asa rada ngahegak ningan Ang !, bade nyerat fikmin teh ! ayeuna mah !. Janten we ideu nu atah keneh ge di kunclungkeun ! he he he he ...
  18. Ahmad Yani: Ang Remi Sadkar : Nyanggakeun sa aya-aya ! he he he !, Katampi " Lengak"na, nyanggakeun " Cangkeul"na ! hi hi hi hi !

COET

4/21/2012

0 Comments

 
COET

" Peser wae atuh, sadayana Juragan ! " Tukang Coet ngarenghik. Uing nyikikik. " Ari Emang !, Damang?, keur naon atuh meuli coet loba-loba teuing, rek kumaha makena ? " Panon Uing seuket melong beungeutna. Tapi teu bisan nahan keclak kesangna. " Ah ! juragan mah, sok pinter kodek ! " Tukang coet, ngageri, bari ngelap kesangna ku anduk leutik nu kuleuheu. " Pinter kodek kumaha, Mang!? " Kulit tarang Uing ngadadak ngariut. " Naon bentenna atuh antawis coet, sareng impian juragan, nu teras-terasan di tumpuk, bari teu terang bade iraha dimangpaatkeunana !". Tukang coet imut. Baham uing calangap. Di langit mega lalumpatan silih udag jeung angin, ngaronjangan tungtung langit, nu teu bisa di hontal.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Lalat Socrates: pinter keneh tukang coet geuning???
  2. Ki Hasan: Tukang Coet nyamur. Rama Kabayan ti Gunung Haseupan
  3. Rohendi Pandeglang: Eta nu ngelmu ma'rifat keur nyamar jadi tukang coet.
  4. Lalat Socrates: nyamur.....?? nyamur jengkol panginten nya...?? heuheuheu
  5. Dewi Ratna Damayanti: Eta tukang coet sina lebet fikmin atuh.. Urang alaan elmuna.. Hebring tah mang coet..
  6. Endah Dinda Jenura: edun tah falsafah tukang coet, sing pajeng ah, Mang! hahha!
  7. Elih Mulyawati: Teu wasa.. Ningalna.. Abdi mah kaang.. Bating ngaheruk.. Ningal kesang murubut.. Ngabengkot taktak.. Legok.. Mincig.. Lengkah ngitung tangtung.. Mencrong panon menta kawelas.. Aaah.Gusti.. Loba pisan.. Nu butuh leuwih ti abdi.. Abdi mah saukur muaskeun kahayang dunya..keked mengkene hese mere.. Lagu mikeun loba pamikir boa boa ukur dapon.. Boa boa nyieun alpukah ngarah bedah kanya'ah.. Hampura .. Hampura.. Hampuraaa... Gustii.. Robul Ijati..
  8. Lalat Socrates: falsafah anu matak dibaledog coet ku anu meuli hihihihihihihihi
  9. Irman Dimyatie: :"Pinter atawa bijaksana mah lain wungkul keur jalma nu sakola (nu boga gelasr), kadang maranehna leuwih luhung dina palebah ngagunakeun pikirna."
  10. Maman Gantra: Heded, eung! Tegep, Kang!
  11. Maman Gantra: Brilian!
  12. Rifan Sahrony: Kang.Ahmad Yani.eta tukang coet waspada permanatinggal, nya,? ku terangen kamanusa sok seueur rencana sareng kahoyong bari tara di tedunan.da puguh ka uger ku kamampuan.
  13. Ahmad Yani: kang Lalat Socrates : cacakan sakolana mung saukur pagulanggisik sareng batu nya ? heu heu ... Hatur sewu nuhn Ang !
  14. Ahmad Yani: Ki Hasan : Sumuhun nya, upami dilenyepan mah. sihoreng Kaasih gusti mah, tara ieuh museur di hij tempat.
  15. Ahmad Yani: Aneh nyeta Aka Rohendi Pandeglang !, sim Uing ge nepi ka di sekak seter Kieu ! he he he !
  16. Ahmad Yani: Kang Lalat Socrates : haduh eta mah ... kasedep ! sim Uing Pisan ! he he !
  17. Ahmad Yani: Dewi Ratna Damayanti : Sumuhun Bade saurnamah , malihanan ayeuna ge tos latihan ngadamel status na daun taleus ! hi hi hi !
  18. Ahmad Yani: Hatur nuhun saurna, kana pidoana ti Neng@Endah Dinda Jenura !, Ka tampi pisan, mugia tiasa ngempeskeun pupundakan nu ngabendul balas nanggung ! he he he he !
  19. Ahmad Yani: Duh ... janten beueus panon Sim Uing !, maos komen ti Teh Elih Mulyawati , sok kasuat-suat manawi, ari ras emut kana hate uing nu tetep teuas tara ieuh miharti karipuh deungeun !!
  20. Ki Hasan: Enya jigana Kang Lalat Socrates, eta nyamur, nyemur, jeung nyemar tea. Hahaha
  21. Ahmad Yani: Yaktos kitu pisan ! Ang Irman Dimyatie ! . bati muringis wae ...Nun !, rumaos diri masih keneh bolokot ku kalepatan !
  22. Akang Remi: Gan perbu Ahmad Yani: "Ieu teh duka pinter si Emang tukang coétna duka api-api bodo nu ngagaleuh coétna,...anapon kitu, bawiraos ieu fikmin ajieun, sangkan teu pernah nganggap boloho kabatur..."
  23. Ahmad Yani: Ang@ Maman Gantra : Heu heu ...hatur nuhun Ang !, Fikmin dadakan manawi, wireh tadi enjing, Sim Kuring ngobrol sareng aki-aki nu dagang Coet , di buruan . he he4 !
  24. Ahmad Yani: kang Rifan Sahrony : Tampolana, waktu teh, mungguh mung sok di angge awuntah, sapertos jalmi nu anteng ngudag-ngudag kalangkang heulang !
  25. Ahmad Yani: Cep Remi Sadkar : Kalintang bingahna, sok saupami ieu Fikmin basajan, tiasa ngoet hate nu maosna ! heu heu heu !
  26. Eboed Eman Budiman: Sae pisan Ang Ahmad Yani,sanes mung sakadar fikmin namung aya pelajaran nu tiasa dicandak
  27. Akang Remi: Cacak Basajan, tos matak eungap kieu, Gan perbu!
  28. Tatang Sumarsono: Ceuk pun uing: ... bari teu terang bade iraha diwujudkeunana. Aya dua metafor: cowét jeung impian. Jigana impian téh kudu diréndos dina cowét, nya?
  29. Maman Gantra: Yaktos, Kang. Heded pisan. Di luar nalaktakna emutan tukang coet, ngaduhareupkeun coet sareng harepan karaosna edun pisan. Gangas kacida keur abdi mah. Boh salaku teks oge konteks (sosial-ekonomi). Dina sistem paekonomian kiwari, coet jelas sanes komoditi nu seksi. Nu katingal ku abdi, di sabaraha rumah tangga tos jarang katingali ieu parabot. Fungsina, sakumaha dipapagahan ku acara masak di televisi, tos digentos ku mesin blender/juicer. Dalah, kapungkur ge, pantesna, teu unggal usik urang meser coet. Komo deui kiwari. Abdi kantos nongton hiji film dokumenter barudak IKJ, ngeunaan tukang coet ieu: Kasawang tukang coet nananggung dagangannana ngideran Bandung -- sawareh barudak SD keneh. Padahal, ti lemburna ka jalan raya Bandung-Padalarang/Gunung Masigit (?) bae, manehna kedah nikreuh meh aya kana tilu kilona. Bari jalanna nanjak mudun. Mamanggul harepan. Tukang coet di Rajagaluh, Majalengka, rada mending. Maranehna tiasa diversifikasi produk ku ngadamelan batu hias atanapi tetengger. Malih kapungkur mah aya nu ngajeujeuhkeun, dipiwarang ngadaramel sarupaning parupuyan, eksporkeuneun ka Korea. Tukang coet di Bandung langkung apes nasibna.
  30. Iwan Hanjuang: kumaha lamun mutuna cicing coet anu muter? xixixixixi
  31. Ahmad Yani: hatur nuhun kana apresiasina Ang 'Eboed' Eman Budiman !
  32. Yanti Sri Budiarti: Padahal mah peser we atuh Juragan, teras bagikeun. Alungkeun we hiji ka Cihideung, moal teu disanggap..! hehe
  33. Ahmad Yani: Ang@Tatang Sumarsono : Dina kanyataan sadidinten, memang leres cowet teh sok janten alat kangge ngarendos, atanapi ngahijikeun dina takeran nu saimbang tina mangrupi samara atanapi bahan kangge ngawujudkeun tedaeun nu dipiharep. Upami impenan dilarapkeun kana salah sawios bahan atanapi samara. Rupina tangtos kedah direndos heula, disaluyukeun sareng karep salaku mahluk nu kauger ku prinsip-prinsip agami nu di agemna. ( Hatur sewu nuhun Ang ! kana pairanna ! )
  34. Ki Hasan: Teh Yanti Sri Budiarti, leres tah peser we sadayana. Teu dibagikeun ge, tiasa didamel patung, eta coet satanggungan teh. Heug disusun diburuan jadi arca coet. Geuning barudak ge sok nyieun papatungan ku lego.
  35. Ahmad Yani: Ang Maman Gantra : Ambuing aya ting puringkak ningan, masalah cowet teh, ari tos di purak ku pangersa! nu teu kinten matak ketirna.
  36. Ahmad Yani: Ang@Iwan Hanjuang : Kitu ge tiasa, etang-etang variasi, rupinamah ! he he !
  37. Yanti Sri Budiarti: Kumaha we atuh Ki Hasan ari niat bade nulungan mah nya..:) Ngoleksi coet, tiasa janten pajangan oge pan..? Nanging moal janten fikmin panginten upami kitu mah..! hehehe
  38. Ahmad Yani: Neng Yanti Sri Budiarti : Hi hi hi, tos aya niat ka palih dinya teh . Malihanan tos ka sawang, moal teu bingaheun urang Cihideung teh, da nguping wartos tos lami sok ngalotek dina talenan ! ha ha ha ha !. mung edas ... bade ngaborong teh teu janten . Margi na rekening BTN sim uingna , can aya nu ngarengkol ... ha ha ha !
  39. Tiktik Rusyani: Dagang coet sakadar kasab, ngalengkah bari teu weleh sugan, kapan anging Allah nu Maha rahman nu gaduh hak masihan rizki ka sadayana mahlukNa. Wilujeng ka tukang coet nu teu liren usaha, wilujeng ka Akang nu hebring fikminna.
  40. Ahmad Yani: Ki Hasan : Coet di damel patung ?, di simpen di buruan !, moal pada nyandakkan kitu ku tukang lotek ? he he he !
  41. Ahmad Yani: Hatur nuhun kana apresiasina Teh !@Tiktik Rusyani !, sok watir nyeta ku ting poyongkodna, nanggungan cowet nu sakitu beuratna !, tong boro nyobian nanggung. Dalah ku ningalina oge, taktak teh sok ngadadak asa ngajendul ! he he he !
  42. Is Tuning: Pangabutuh coét, komo dimasyarakat perkotaan mah geus mulai kadéséh. Loba ibu-ibu geus teu purun ngaréndos bumbu maké coét. Apanan geus aya blénder nu serbaguna kaasup ngagiling bumbu. Praktis. Di pasar gé ayeuna mah bumbu téh dijual geus meunang ngagiling. Tapi da uing mah, nu remen masak, resep kénéh maké coét. Karasa leuwih sedep bumbuna, teuing meureun pédah pagalo jeung bubuk batu nu miluan karéndos ku mutu-na.
  43. Tiktik Rusyani: Leres pisan, nyandak coet opat dugi ka dalapan bari teu unggal dinten urang teh peryogi ku coet. Sami sareng tukang taraje, tukang pot kembang, matak ngahelas ningalna oge.
  44. Ahmad Yani: Tah eta pisan panginten nu disebat, dina sanes kanten wujud kahirupan, urang sadar teu sadar tos digiring kana naon nu disebat budaya Instan !. Budaya nu sadayana hoyong, gancang tur praktis. Bari teu ieuh neuleuman rehna dina Proses, teu kinten seueur harti bahan teuleumaneun hirup. Memang bawi raos sim kuring, kamajengan Elmu teknologi, tiasa ngabantos kahirupan urang, namung disagedengeun eta, seueur oge nilai-nilai kahirupan nu palid kacandak caahna zaman . Hatur sewu nuhun kana pairanna Kang Is Tuning ! .
  45. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: dina coét impian janten nyata...tiasa neda sambel kénging panutan nu diimpén-impén...heuheu
  46. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Saur paripaos mah " Tak ada Coet ! , tak Rame ! " he he he he !
 
Antara Uing Jeung Liwung

Dina Cileuncang nu nyangkrung, sesa hujan kamari. Aya carita, nu namper na liliketna leutak. " Tong sok nanyakeun harti beureum, ka getih !, Seuseup wae hangruna, meungpeung waktu masih keneh daek nungguan !". Kecap anjeun, nongtoreng. Kecap pamungkas, memeh ngiles, ninggalkeun Uing, nu keur papelong-pelong jeung liwung. Di langit Bentang keur meupeus keuyang, hareudang nempo talajak Bulan, nu terus ngarungsing, hayang mulas langit ku getih wuwung. “Mun Peurih, nu niruk, batin Uing, geus sampurna, ngagunasikana. Tepungan kapuas anjeun !, jeung poma kudu jangji, cadu misahkeun Uing jeung simpe !”.

 
Jojodog

"Asa empuk, Jok Mobil teh, hanjakal can kungsi ngadiukkan !?". Ceuk Bujur, nu geus nampuyak, balas terus-terusan nyengcle dina jojodog. Jojodog, bati ngaheruk, ret ka gigir, katempo Songsong keur nahan seuri, gigireun hawu . " Baku, sia mah !, ari geus nyengseurikeun teh !". Sentakna. " Seuri soteh, uing mah nyengseurikeun nasib sorangan !". Tembal songsong, ngabela diri. " Menggeus gandeng !" Bujur hahaok, bari ngaluarkeun sora. Jojodog ngan ukur bisa ngelel bari meungpeukan irungna nu meh rumpung. Isukna. Bujur culang-cileung siga nu leungiteun beuheung. Gebeg. Manehna ngaranjug. Jojodog geus kari ruhakna, di jero hawu. “ Kamari wengi, anjeuna meuleum maneh “, Songsong laporan. “ Naha ku sia teu di carek !”, porongosna. “ Apan jadwal abdi mah, dinten ieu !” ceuk Songsong cumalimba. Bujur guplak-giplek, laju diuk luhureun hawu, bari meletet ngabayangkeun empukna jok mobil.

 
 
Beja Ti Kalangkang

Kalangkang datang. Ngetrokan panto. Nanyakeun, naha Uing geus paeh . " Siga nu katingali ku anjeun !" .Tembal Uing padu engab. " Sakedap deui , ketang ! ". Ceuk beker bari ngajebian . Hareupeun kaca eunteung, nu ngabagug di juru kamar. Uing anteng ngahuleng. Neuteup beungeut haropak nu pias, tanding kapas. Uing ngarasa nyawa siga geus leungit. Tapi rarasaan teh ngiles deui sagancang waktu datangna. Rikat, ngarawel karep. Menerkeun kerah baju. Panto kamar di buka. Laju ngalengkah neruskeun hirup. Bareng jeung liwung.

 
MUSASHI

Di pasar loak Jatayu. Uing ditepungkeun jeung manehna. Lalaki kolot, jangkung Badag. Sakujur awakna di bakutet ku Jubah belel. " Bade di tampi sabaraha !?". Sorana pondok, bari ngasongkeun pedang panjang. " Samurai ,Asli!". Baham Uing calangap, Panon Colohok, ningali pedang hade urus, nu ngagurilap, waktu di paut tina sarungna. " Bade di tampi sabaraha ? " Manehna negeskeun, siga nu kauger waktu. " Ke ..ke ! Sakedap, dupi salira teh saha ?". Uing ngawani-wani maneh, nanya. Sijangkung Badag, mukakeun tutup jubah nu nutupan sirahna. Mencrong kuring ku panonna nu hurung . " Kuring, Musashi !" jawabna tegeug. Lelembutan uing ngacacang, ngajulan langit. “ Bener-bener dunya geus aya di tungtung umur “. Duit di asongkeun. Musashi Ngiles. Rebuan bandera koneng jadi rampak, ngajadi bukti. Cingkulapesna idealisme di pasar loak.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Apoedy Sarah Ihsan: janten benten judulna gening... hehehehe... tos sae mendingan musashi judulna... hehehehe....
  2. Ahmad Yani: Bilih Vulgar teuing manawi Kang Apoedy Sarah Ihsan, ngahaja rada disumputkeun sakedik ! hi hi hi hi hi !
  3. Endah Dinda Jenura: euuuhh... Neneng Otsu peryogi beas rupina...
  4. Ahmad Yani: Hi hi hi hi .. sumuhun Nyeta Neng Endah Dinda Jenura , Otsu nuju kakandungan , lajeng Jotaro ..nu teu dam,ang wales ! heu heu !
  5. Endah Dinda Jenura: dupi Nini Osugi damang? xixiixi!
  6. Bunda Unie: D psr jatayu pendak srg aki Adul dgn beca tentaranyah henteu,kang??
  7. Ahmad Yani: Neng Endah Dinda Jenura : Hi hi hi hi hi ... nyaan adil Gusti mah !, Si Nini nu goreng adat teh !, dugi ka ayeuna anteng Cenghar , malihanan saur beja mah , bade ngiringan marathone , di Olympiade Inggris taun payun !! ha ha ha ha ha ha ha !!
  8. Rifan Sahrony: Kang Ahmad Yani, alaaah.anu sakawitnamah aya di etalaseu bari aya Mol.ngagejlig turun ka loak ayeuna mah nya,...? heuheuheu.
  9. Ahmad Yani: Bunda Unie : Sareng Aki Adul mah, kantos tepang teh di Jalan Wastu Kencana !, duh Kacida Gantengna , Ngangge Baret Beureum sagala, Lajeng Becana ge meni reuteum ku papaes sing sarwa loreng , Teu benten we sareng Mobil Teng waja !!! hi hi hi hi !
  10. Ahmad Yani: Ang Rifan Sahrony : Idealisme teh tampolana sok kacandak leeh ari nuju lapar mah Ang ! hi hi hi !
  11. Rifan Sahrony: Kana kitu Ang.eleh deet ku cecepet,kirangna panceg pamadegan.
  12. Jejen Jaelani W: uusum samurai teh saentregan sareng Uang Brazil, Degung, merah dalima, sareng sajabina, tingalabring makelar mistik, tapi hasilna matak burindil sagala rupa....
  13. Rifan Sahrony: Jual jaar Kang Jejen Jaelani War.wkwkwkk
  14. Rohendi Pandeglang: keueung yeuh ka.
  15. Zulaikha Sobana: Idealisme ayn mah seu2r nu saukur jntn barang teu sapira, dgk skdr jntn ungkara "BADE DIPESER SABARAHA?" Mhh..mh..kacida
  16. Taufik Hidayat: Deuh idealisme luntur. Abdi oge sok ical galeuh. Ngical kolor ngagaleuh beas tea hehehe.
  17. Ahmad Yani: Kang Jejen Jaelani War : haduhhh ... Sim Kuring dugi ka rambisak , maos kecap ' Burindil ". hi hi hi hi ... sok janten emut... ka hayam rintit ! manawi !
  18. Ahmad Yani: Aka Rohendi Pandeglang : " BADE DI TAMPI SABARAHA ? " . eta kecap nuju " Ngetop " ayeuna teh !. sok sanaos obyekna rupi-rupi , tiasa .. Photo Kopi KTP, Atanapi nu sanes na ! ha ha ha ha !
  19. Ahmad Yani: Zulaikha Sobana : Gambaran Zaman nu bade nangkub ! panginten Teh ! he he ( Hatur nuhun kana pairanna !, katampi pisan ! )
  20. Ahmad Yani: Ang Taufik Hidayat : haduh ... tos dugi ka Kolor ??? hawatos atuh katirisan ! ha ha ha !
  21. Rohendi Pandeglang: Haha enya bener... kecap oge aya usimna nyah, lain usim dangdeur wungkul
  22. Tatang Sumarsono: Ha-hah, hédéd, Ang. Musashi ngalélang pedang. Atuh panginten falsafah "jalan pedang" teras ical, nya? Pamatang ngalélang tumbak, Ronaldo ngalélang sapatu, dalem Pancaniti ngalélang kacapi. Ari Tatang rék ngalélang naon, nya? Kapal tanker teu boga, kebon sawit teu boga, tambang batu bara teu boga, Ratna teu boga.
  23. Bunda Unie: Kang Tatang apan gaduh lapak FBS...xixixi
  24. Tatang Sumarsono: Jih, naha bakal payu kitu, mun lapak FBS diborehkeun ka Bank Jabar, Neng Bunda Unie? (Kumaha ari uing, ongkoh Eneng, ongkoh Bunda). Naha jadi pabeulit kieu ari ngobrol jeung urang Cimahi.
  25. Ahmad Yani: Ang Tatang Sumarsono : Heu heu heu ... kitu ningan Talajak para " Ronin" jaman kiwari mah, arepes meer, teu kaop rada lapar sakedik, sok teras ngulahek ! he he he he ( Hatur sewu nuhun Ang ! ,kana apresiasina ! )
  26. Ahmad Yani: Janten hoyong ngadamel panalungtikan nu daria . Kunaon nya Ang@Tatang Sumarsono sok "pabeulit", upami cumarios sareng urang Cimahi ! he he he he he he he !!!
  27. Tatang Sumarsono: Apan Cimahi téh statusna sami sareng Bandung: kota.
  28. Irman Dimyatie: :"Haduh...! Langsung ngulapes uing."
  29. Jojo Johari: Hooor? Kutan pendekar jago ti Sakura teh kantos nepangan? ..heuheuheu hareueuh?!
  30. Bunda Unie: Xixixi
 
Dian Sastro Wardoyo

Mun para fikminer, apal ka artis nu ngarana Dian Sastro Wardoyo. Nya siga manehna pisan kabogoh uing nu ayeuna teh. Ti mimiti buuk nepi ka dampal suku, estu nambleg, nyeples siga jubleg di beulah dua. Loba nu teu percaya ( komo uing mah !) mun manehna daek jadi bebene uing, lalaki salah sopak, nu tara ieuh akur jeung nu ngarana eunteung. " Ari, Eneng, bener bogoh ka Akang ?" , ceuk Uing dina hiji waktu, beres ngasup-ngasupkeun domba kana kandangna. Nu ditanya kalah nyikikik , bari jeletot nyiwit cangkeng. Laju ngaberebet lumpat, ngadon nyumput na handapeun dapuran haur, nu ngabaded gigireun cubluk. Nempo dipanglumpatkeun, rikat ku uing di udag ( niron-niron film India ), bari teu nolih kana titincakeun. Tunggul tangkal alpuket ka tajong. Geblug uing labuh nepi ka nangkarak bengkang . " Baku sia mah !, ari geus hees pabeubeurang teh ! ". Pamajikan uing ngajega, bari ngagigiwing sapu nyere. Uing ngan ukur bisa meletet, bari nyangsaya na dipan. Di sidik-sidik , nyaan beungeut pamajikan teh jauh pisan bedana jeung Dian Sastro Wardoyo.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ki Hasan: Hehehe. Ngimpi we heula. Isuk pageto sugan laksana.
  2. Usep Acx: mun badad heula tah tunggul teh kang lah...... heuheu
  3. Rin Riani: Pameunteu nu tebih sareng Dian Sastro teh kang,... boa 'legit' na mah langkung ti Dian Sastro kangge malem Jumaah,....
  4. Ernawati Siti Syaja'ah: Heuheu...pami kitu mah eta istri akang teh mirip abdi. Hehe.,.
  5. Irman Dimyatie: :"Beu...! Ieu mah pelecehan pada pamajikan.... Hag ciah!"
  6. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Teu siga Dian Sastro tapi pastina siga Celsea Olivia, wios atuh kitu gé da sami-sami artis.
  7. Meila Handayani: Hadeuuhh curiga moal dibere jatah yeuh peuting ieu kang HªhªhªHªhªhªHªhªhª
  8. Basyar Isya: "Iih si kasebelan siah, sok ngahinis ka pamajikan. Diparak jatah geura ku kami, adug lajer maneh," cek sakadang jikan teh bari nyeuhil.
  9. Ahmad Yani: Hi hi hi ... siappp Ang Ki Hasan !, bade dia jar sabar ah ! heu heu !
  10. Ahmad Yani: Usep Acx : Biasana ge , tara aya tunggul nu nyesa di buruan teh, da sok langsung di tampolan. Mung duka aneh nyeta, sirung alpuket teh bet ujug-ujug aya. Moal kitu pedah keur ngimpen ? hi hi hi hi
  11. Ahmad Yani: Teh Rin Riani , percanten ari legitna mah !, da sakalieun ngeueum dina bak mandi ge, cai na teh sok langsung amis , malihanan sering di gembrong Tom cat ! ha ha ha ha !
  12. Dewi Ratna Damayanti: Hahahahaha... Nya api api neng dian sastro we atuh
  13. Ahmad Yani: Teh Ernawati Siti Syaja'ah : Heu heu , kaduhung bobo siang manawi, ngimpen teh sok nu aneh-aneh wae ! hi hi hi
  14. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Hi hi hi hi hi ... wios ah !, da saur ketua MK ge , ari nuju ngimpen mah ! Kaci !
  15. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Hi hi hi hi kaduhung ngimpen , janten we pada nyalahkeun ! ha ha ha ha ha ha ha !!
  16. Ahmad Yani: Meila Handayani : Wios ah ! teu di pasihan jatah mah, bade neraskeun ngimpen we , di handapeun dapuran haur ! hi hi hi hi !
  17. Ahmad Yani: Kang Basyar Isya : Hi hi hi hi .... Nasibbbbb ! . Kaduhung ngimpi ! , janten we pada nyalahkeun ! ha ha ha ha ha ha !
  18. Irman Dimyatie: :"Puasssss....!!!"
  19. Ahmad Yani: Tuh nya aya nu mupuas deuihhh ! hi hi hi hi !
  20. Wawan Setiawan Husin: raos di Dian sastro, teu raos di si ibu ateuh!
  21. Eman Rais: Ngan rupana wae anu enya beda, tapi liana meh sarua. Komo mun bari peureum bari ngahenen tah.
  22. Bunda Unie: Seperti pinang dicacag-cacag ateuh,nyak! Whuahahaha
  23. Riyono Afdfvm: hahaha...nembe sadar gening kang Ahmad Yani
  24. Rd Okke Chandra: karunya teh teuing jaluuuu... wakakakakakak
  25. Tatang Sumarsono: Wantun henteu, Ang, mun sanés ngimpi?
  26. Zulaikha Sobana: Istri urg mngkn teu geulis sg Dian Sastro, tp nu "terbaik" pilihan Alloh...sns kitu? Alhamdu....lillaaaah!!!
  27. Ahmad Yani: Kang Wawan Setiawan Husin : He he he he ... Untung mung ukur dina impenan, sigana upami dina nyata na mah !, moal teu cing beletuk tah , Gagang sapu nyere teh ! hi hi hi hi !
  28. Ahmad Yani: Eman Rais : hi hi hi hi hi ... kabayang nuju ngahenen na !
  29. Ahmad Yani: Bunda Unie : Heu heu heu sanes di cacag deui, tapi di rendos, kangge bahan seupaheun ! he he he !
  30. Ahmad Yani: Riyono Afdfvm : sadar nu kakantun tea , manawi Ang ! hi hi hi !
  31. Ahmad Yani: Ang Rd Okke Chandra : Heu heu heu ... Benten ari BBM bade naek mah, ngimpen ge sok nu lain-lain Ang ! heu heu !
  32. Ahmad Yani: Ang Tatang Sumarsono : Ari wantun mah ... rupina ... henteu ! hi hi hi !
  33. Ahmad Yani: Zulaikha Sobana : Leres pisan Neng !, sapuk sareng pamendak salira !. Ah ...engke deui mah, upami ngimpen teh , moal nu kieu ! he he he !
  34. Irman Dimyatie: :"Engke mah kudu di-setting heula upami bade ngimpi teh..."
  35. Eman Rais: Hehe kapan pami keur ngahenen sok hilap dibumi alam
  36. Teti Taryani: Ahahaha.... Ih, sanes geura bek atuh eta sapu nyere teh.!!!
 
Mongkleng

Bujur Nyi Isah, terus muter. Leter, lir panggal tina kai galinggem. Lalaki nu careraman, piligenti. jlung-jleng luncat ka luhur panggung. Marengan rengkenekna, bari nyelapkeun duit kana sela-sela dadana nu ngabuliklak. Kasubuhnakeun jalma-jalma mimiti tinglaleos. Tinggal cahaya lampu nu anteung neuteup leungeun Isah, nu pakupis nyusutan kesang nu ngagarajag di sakujur awakna. " Rek terus balik, Sah !?" Ceung Mang Karta, tuntas babagi. " Ah !, moal Mang !, bade teras ka Rumah Sakit abdi mah !, hawatos pun lanceuk , cios di operasina dinten ieu !". Walon Isah haroshos. Ti kajauhan, kapireng sora hayam jago kongkorongok. Mere totonden mangsa beurang, sakeudeung deui bakal nembongan. tapi pikeun Isah, beurang jeung peuting teh, meh sarua rasana. Sarua mongklengna .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Idah Nuryati: deudeuh...
  2. Pak AdSulaeman: Teu sangka geuning nu disangka awon teh, ari jero-jeroanana mah.
  3. Rohendi Pandeglang: beuh Nong Isah Ronggeng Ubrug tea boa Ka Ahmad Yani, geura urang usulkeun, ngarah meunang bantuan konpensasi BBM.
  4. Ahmad Yani: Kapaksa saurna teh Idah Nuryati , bonganna teu aya pacabakan sanes !! he he !
  5. Ahmad Yani: Pak AdSulaeman : Sumuhun Variasi kahirupan, rupi-rupi pisan ningan warna na teh !. Hatur sewu nuhun kana pairanna Ang ! Wilujeng Enjing ! he he he !
  6. Ahmad Yani: Ubrug nu dimana tea Aka ? , Ubrug nu di Sukabumi tea kitu, arah nu bade ka Pelabuhan Ratu ? he he he he .
  7. Usep Acx: keun we ka nyi Isah mah, mung sing enggal damang we nu teu damangna
  8. Rohendi Pandeglang: hehe ubrug di pun kula Ka, di Banten. Di Sukabumi mah disarebutna teh Uyeg Ka Ahmad Yani, teuing tah aya keneh teu kwari nyah?
  9. Ahmad Yani: Kang Usep Acx : Hatur nuhun saurna kana doana!, teras Nyi Isah nitip saur, diantos di luhur panggung, minggon payun, anjeunna bade ngarengkenek di Sumedang ! he he he he he !
  10. Ahmad Yani: Heu heu heu aya keneh Uyeg ge Aka ! , ngan tos rada langki !, biasana mah sok bari ngongkoyangkeun karembong kana taktak !! ha ha ha ha !, haruhhhhhh ... teu nyangki , rada lampar oge, pangaresep si Aka nu bageur teh !! he he he he !!
  11. Is Tuning: .. Méméh saat késangna, Isah ngodok kutangna nu jibrug. Duit sawéran diitung deui. Duit lambaran nu geus karuleuheu jeung rada baseuh. Enya, baseuh jeung haneut. Bauna gé rupa-rupa. Bau minyak, aya nu bau lauk asin, bau peuteuy pacampur jeung bau haseum kélékna. Teu mandi-mandi acan, 'baju dines' tuluy disalin ku daster. Laju leumpang ka béh wétan, moro panon poé nu angger teu kadeuleu. Angger poék.
  12. Dewi Mentari: Hehe...Kang Is...téga meni ngawawatir nyi isah. Heuheu!
  13. Usep Acx: siap kituh kang, etang-etang kangge biaya pasca oprasi.... :heuheuheu
  14. Idah Nuryati: kang Ahmad Yani tawis istri satia , bela ka caroge teu apal ngarumpak papagon agama, demi nyalametkeun nyawa kakasih...
  15. Ahmad Yani: Kang Is Tuning : Hi hi hi hi hi ... teu kabayang, eta acis saweran bet rata-rata karuleuheu, sareng bau asin, bau lauk, jeung bau peuteuy, padahal nu daratangna teh ngarangge mobil mewah ! ? ha ha h a ha !
  16. Ahmad Yani: Idah Nuryati : Memang pelik, nasib Nyi Isah teh ? siga nuju nuang buah " Simalakama "! , namung tangtos, sagalarupi ge gumantung kana nu aya dina kereteg hate !, urang sami-sami doakeun wae manawi , supados Nyi Isah, enggal gaduh pakasaban nu sajalan sareng ugeran agami, tur carogena sing enggal-enggal didamangkeun ! he he he he !
  17. Ahmad Yani: Dewi Mentari : Tulungan atuh Neng Nyi Isah teh ! hawatos ! he he !
  18. Ahmad Yani: Kang Usep Acx : Urang terpang disi panggung, lebah dapuran cau manggala ! ha ha ha ha ha !
  19. Iwan Hanjuang: asa bau tarasi..xixixixi bau manehna..
  20. Ahmad Yani: Tos kagaley teuing ku kesang manawi Ang Iwan Hanjuang !, he he he he
  21. Usep Acx: pokona akang siap-siap weh, ke ku abdi disampeur. da urang mah niatna ge bade nyumbang nya kang........ :hahahaha
  22. Usep Acx: pokona akang siap-siap weh, ke ku abdi disampeur. da urang mah niatna ge bade nyumbang nya kang......... :hahahaha
  23. Irman Dimyatie: :"Tragedi kahirupan Isah...."
  24. Dewi Mentari: Kang Ahmad, teu kedah disuhunkn. Ti tadi ge ts di doakn mudah2an kengeng kasab nu langkung pantes.
  25. Dewi Budi: Deuhh Isah, padahal milari artos ku jalan halal ge pasti tiasa........cek kasarna jd pembantu ge,asa leuwih bg ajen diri.....
  26. Akoer Lah: pokona mah poek mongkleng buta rajin, rajin menabung, rajin memasak, nya rajin ngalamun we...
  27. Wawan Setiawan Husin: S.A..E. Isah Mongkleng... dahsyat. Pami diimeutan, Isah teh mung saukur ngaronggeng, teu dugi ka rucah. jigana nu karitu nu kaalaman ku para panari, sinden jrrd. nu di panggung mah "heibat nakerrran", tapi di lebet glih na mah .....cisoca nyurucud teu kawadahan. kasedih lir lautan rasa taya tungtungna. nya demi budak, demi salaki, ngajalankeun cara "meuntasan" kahirupan ku cara kieu. S.A.E. yi Ahmad Yani !
  28. Ahmad Yani: @Dewi Mentari : Hatur sewu nuhun, tos luntur galih, kersa ngadoakeun, ka Nyi Isah !. Engke upami tepang bade di pasihan Kulub Ranginang ! he he he he !
  29. Irman Dimyatie: :"Isah, maju perut..... pantat mundur! Eh... maju terus, pantang mundur!"
  30. Ahmad Yani: Teh Dewi Budi : kahoyongnamah kitu saurna , mung sesah . Malihanan tos 5 kali saurna testing janten Pramugari , namung teu lulus-lulus .. heu heu heu ( Haturan wilujeng Sonten ! Bu ! Cimahi Mendung, mugia Bandung mah Bengras !! he he he ! )
  31. Ahmad Yani: Kang Akoer Lah : bade di estokeun pisan saurna piwuruk ti si kakang teh !, ngopi lebah di piwarang ngalamun mah !, da saur nyi Isah hobby ti kapungkur, ti nuju di lebet kandungan keneh ! hi hi hi !
  32. Ahmad Yani: Ang Wawan Setiawan Husin : Hatur sewu nuhun kana pairanna, bingah kacida kana pangrojongna. Janten pangdorong sumanget, kangge langkung sosonp-soson dina ngalamun ... he he he !!
  33. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Hi hi hi ... janten duk dek atuh Ang !
  34. Irman Dimyatie: :"Resikona eta mah, Ang."