PANGALAMAN MANGSA KATUKANG :" LALAJO FILM DI BIOSKOP RIO,HARAPAN JEUNG NUSANTARA CIMAHI."

 ( Potret basajan pikeun nyoreang alam katukang )

Baheula keur kuring mangsa rumaja, asa ku hese panggih jeung nu ngarana “Hiburan” teh,teu siga ayeuna sagala nyampak .Baheula mah nu ngarana Televisi ge jarang keneh , sakalian hayang lalajo Muhammad Ali  diadu “boksen” ge , nepi kudu pasedek-sedek,ngadon di imah pak Unen pangsiunan pertamina nu kawilang pangjegudna di lembur kuring mah .Tong disebutkeun ari Video jeung HP mah,bauna oge can ka ambeu-ambeu acan.Malahan nu ngarana kalkulator kuring mah kakara nyaho bungkeuleukanna teh taun 1977,keur sakola di kelas 2 smp 1 cimahi.

Hiburan nu kaitung “bergengsi “ jaman harita iwal ti nonton bioskop.alhamdulillah harita mah di Cimahi aya tilu bioskop nu jadi pangjugjugan balarea,nyaeta Rio, Harapan jeung Nusantara . Rio kaitung Bioskop nu “Elite” ceuk bahasa budak ayeunamah , gedongna tertutup (moal sieun jibrug ari hujan) jeung bujur masih bisa tumaninah da tiap penonton kabagean korsi hiji sewing .Rereana mah jelema kalangan nengah kaluhur nu lalajo ka Rio mah, saimbang jeung harga karcisna nu leuwih nyongcolang beda ti nu sejen .Ari kuring mah rumasa ..kolot hirup pas-pas an,jadi nyesuaikan kana eusi kantong, nu bisa kabedag the ngan ukur Harapan atawa Nusantara . Bioskop Harapan,tempatna baheula anu ayeuna jadi Pusat Pertokoan Ramayana .Pagigir-gigir pisan jeung Rio , belah kaler ngan kahalangan jalan .Sok era sakapeungmah sabab nu rek lalajo ka Rio jeung Kaharapan the kadang-kadang sok ngagimbung heula diluar ngajadi hiji , tapi da gampil ketang ngabedakeunnana , bisa tina beungeut atawa tina pakean jelas pisan bedana ,,he he !!.Mun harita karcis di Rio hargana  Rp.350 ,- di Harapan jeung Nusantara mah ngan ukur di pentes Rp 75 ,.komo mun boga kekenalan jeung nu jaga karcis mah, tampolana cukup ku ngeupeulkeun kana leungeuna Rp 25 ,-,Ciri khas Harapan jeung Nusantara bisa dicirikeun tina jenis filmna , Harapan mah seseringna muter film Koboy  ari Nusantara mah karesepna teh muter film India.

Nu rada anggang mah Bioskop Nusantara , sabab ayana di jalan babakan, rada ngetan 700 meteran ti Rio mah,parendeng jeung Toko sapatu “TINTIN “ ,nu aya keneh nepi kaayeuna .

Kuring teh padumukan mah di Cibeber,jadi rada jauh jarak nu kudu disorang lamun sakalieun rek lalajo teh.Can aya angkot kawas ayeuna jaman harita mah ,motor ge karek aya hiji dua ,jalan cibeber –cimahi,kacida masih sepina, jarang pisan aya mobil ngaliwat,paling-paling oge ..nu sok remen katingali teh Roda Apu, nu ditarik ku kuda ,ditukangeun roda,biasana dimerkan “UDIN”. Bakat ku masih sepina jalan , jaman harita mah kuring jeung babaturan masih bisa maen Panggal di tengah jalan .Lamun aya acara nongton bioskop ..biasana kuring badame heula jeung babaturan …lolobana lalaki,da  budak  awewe mah tara ieuh di ijinan ngulampreng peuting . Bubar ti Tajug …wanci bada Magrib ,rombongan indit …mapay-mapay jalan gugunungan , teu poho kuring mekel Obor  aya kana duana ,teu dibawa kabioskop ..tapi di sumputkeun dina rungkun saliara sisi jalan, pikeun di sampeur dina mangsa balik .Film the mimiti di puterna jam 8 , sabab film nu diputer 2 judul jadi balik the peuting pisan ,sakitar jam dua welasan peuting . Suasana di jero Bioskop kacida “riweuh”na , Komo di Nusantara …biasana tara kabagean diuk da nu lalajo na pinuh-pinuh wae .Rajeun kabagean diuk da lain korsi nu didiukan na oge, tapi tembok batu nu ngahaja dijieun dijajar-jajar siga galengan hui , memang kasiksa pisan boga bujur the , tapi da bujur ge tara protes ..rumasaeun meureun pedah mayarna murah .Hehe !!.Mun Film kahiji beres …bray ..biasana lampu di caangkeun , nu rame the jelema ting beberebet muru WC terbuka nu aya dijero bioskop.

Rengse  lalajo kuring sili tungguan heula, can waka balik ari rombongan can lengkep mah .Balik teh nikreuh we ..da can aya mobil , mapay jalan gandawijaya ,motong jalan lapangan sriwijaya  nu harita mah masih boga ciri aya mariem nagog dua,ti dinya nyebrang  rel kareta api ,bras ka  daerah kandang babi  nu aya di daerah contong ,mengkol kakatuhu ..nyorang jalan sekip ,….tah palebah dieu  kuring rada empod-empodan teh ,da lain mung dongeng atuh loba nu geus ngalaman ..manggihan nu aneh-aneh di daerah eta .Rada tenang the mun obor nu ngahaja disumputkeun geus kapanggih .Lumayan jadi rada caang titincakeun the .Sapanjang jalan Gugunungan …sisi katuhu rajeg tangkal Jagong . Biasana mah leungeun teh sok jadi ateul hayang ngala , nya kumaha atuh da susah nahan kahayang , antuknamah … memeh kaimah the ..sok rajeun “panen jagong” heula. He he !! .Teu langsung balik kaimah sewang-sewangan , tapi rombongan the biasanamah terus mondok di sobat kuring Samsu , teu ieuh sare …tapi terus guntreng nepi ka subuh , bari ngopi kulub "jagong" , nyawalakeun eusi film nu cikeneh di lalajoan .

Agus Suganda
5/11/2017 06:37:42 am

Keren pa Yani..join di media guru indonedia (fb) dan web gurusiana. Banyak orang hebat srperti bp di sana.

Reply



Leave a Reply.