PESTA ENDOG BOBODASNA

( Pangalaman Jadi Budak Baong Waktu keur di SMP )

Mun aya nu nanya ngeunaan pangalaman mangsa sakola dimana anu pangendahna,sigana kuring mah geus pasti bakal ngajawab ,” Di SMP Negeri 1 Cimahi “. Duka kumaha da nepi ka ayeuna oge “Suka Duka di SMPN 1 Cimahi”mah tetep nganteng teu bisa dipopohokeun , beda jeung di tingkatan sakola anu lainna  anu pernah di sorang. Loba pisan nu jadi alesan kuring reueus ka SMP 1, tapi siganamah moal cukup waktu sapoe keur nyaritakeunana . Kusabab kitu dina ieu catetan kuring mah ngan erek muka hiji carita “Aheng” nu pernah karandapan dina mangsa harita .

Salah sahiji hal nu pikareueusen sakalola di SMP 1 Cimahi the, nyaeta kuring di didik ku guru-guru nu kacida Profesinalna .Sok sanajan ayeuna ribut program Profesional Guru, tapi guru-guru kuring di SMP 1 Cimahi mah ,geus ti beh ditu mula professional na teh .Sok we geura titenan Ibu Nik ( guru bahasa Inggris ), Pak Bandi ( Guru Bahasa Sunda ) ,Ibu Aminah ( Guru Bahasa Inggris) Ibu Melchia ( Guru Biologi ),Pak Ubes ( Guru Matematika ),Pak Wonarto ( Guru Fisika) Bu Zoraida Fatma ( Guru Bahasa Indonesia ),Pak Atang Yusuf ( Guru Biologi Jeung Pembina Pramuka ) Pak Sumarya ( Guru Elektronika ),Pak Wahyudin ( Guru Olahraga ),Bu Tintin ( Pembina Pramuka ),Bu Tien Suratinah ( Guru Geografi ) Pak Sariman ( Guru Matematika ) Pak Maryono Agus Susanto ( Guru Matematika ) jeung rea rea deui .Aranjena teh karasa pisan jasana, maher dina ngajarna ,jeung tulus pisan ngabdi kana profesina teh .

Dina kasempatan ieu ,kuring mah erek ngaguar hiji carita ngeunaan Ibu Tien Suratinah , Guru Geografi ,nu kacida dipikaresepna ku sakabeh murid . Dedeg-pangadeg anjeuna masih kasimpen keneh dina memori otak kuring , mun lempang anjeuna mah tara laun tapi ngagedig, rambutna sok rada dipondokkeun siga KOWAD , pantes kukitunamah da carogenateh Perwira Tinggi ABRI .

Mun aya pelajaran Geografi ti Bu Tien ,kuring kacida resepna ...Diuk ngahaja panghareupna menta tukeur jeung Sunarto. Ari materi pelajaran Geografi mah sigana di mamana ge sarua da buku sumberna ge sarua pikeun sakabeh sakola. Tapi nu moal aya duana ti Bu Tien mah nyaeta dina palebah mere Illustrasi kacida pikaresepeunana.Materi the jadi “Hirup” jeung nempel kuat dina Otak .Salah sahiji contona waktu anjeunna nerangkeun ngeunaan  “Gletsher “ nyaeta Sungai Es di daerah Kutub nu  katutup kutumpukan salju, nu bergerakna teh ngan ukur dua centi meter dina sataunna .Saterusna Bu Tien mere ilustrasi nyaritakeun dua nonoman anyar kawin nu ulin kadaerah Gletsher ,terus lalakina tigebrus ka eta Gletscher, padahal jarak tina kajadian tigebrus ka muara cai tempat Gletsher mencair jadi cai deui  ngan ukur 100 meter.Si awewe nay a na carita ,tetep nungguan layon salakina di muara Gletsher,manehna nyieun sasaungan di muara gletsher bari terus nyirian kalender ti poe ka poe pinuh ku kasetiaan.Tepat 50 tahun si awewe nungguan ,layon salakina the ngagubrag kamuara , beungeutna masih katempo ngora keneh da salila 50 tahun kakeueum ku es nu beku , ari si awewenamah tos jadi nini nini umur 75 taunnan . Romantis pisan eta carita the ngagambarkeun kasatiaan awewe nu kacida pikareueuseun .Bisa dibayangkeun barudak sakelas anteng ..ngabandungan , malahannanmah aya hiji dua nu panonna rambisak .

Dina salah sahiji waktu Bu Tien nerangkan masalah mangpaat cai laut,diantarana ngabahas masalah produksi Uyah .Ari materi pelajaranna biasa,ngan aya nu matak panasaran waktu anjeunna masihan resep yen Uyah Nu kotor bisa diberesihan ku endog hayam bobodasna cenah .Kuring nu harita rada tunduh… jadi ngorejat, sok komo waktu Bu Tien, nawaran ka barudak nu rek nyoba mraktekkeun eta teori.Tenang saur anjeunna ,masalah endog hayam bobodasna mah aya di anjeunna ..sok sanajan perlu dua liter ge ,margi anjeunna gaduh peternakan hayan di bumina . Dasar pikiran “budak baong “ , harita kuring jadi boga iide “aneh “ ,terus ngacung nyanggupan hayang ngabuktikeun eta teori .

Balik sakola kuring di barengan ku Nyoman ( Urang Pojok),Acep Rustaji ( Urang Gunung Bohong ) Ruyaman ( urang Baros), jeung Si Raymon ( urang basis) nyimpang ka Bumina Bu Tien di Jalan Sriwijaya, persis gigireun Pura belah kalerna .Pembantuna nu muka panto,sanggeus nyebutkeun pamaksudan si Pembantu teh langsung surti , mere Endog hayam bobodasna aya kana sarantangmah . Teu diengkekeun deui kuring jeun babaturan langsung muru ka Basis .Tah di imah Reynol , eta endog bobodasna teh langsung di Goreng ,,,,,.asa kunikmat sok sanajan ngan ukur disamaraan bawang beureum wungkul oge ! he he !!. Masalah ngaberesihan uyah mah …teu kainget-inget acan , nu jelas mah nikmat we dahar endog gratis bari ukur bobodasna wungkul .

Tilu poe ti saprak kajadian eta,waktu jam istirahat ,kuring di sampeurkeun ku si Raymon,ngingetan yen jam ka 5 ka 6 aya pelajaran Geografi .Kuring ngagebeg,kakara inget kana masalah ngaberesihan Uyah ku endog bodas , wah pasti bakal ditanyakeun hasil na ku Bu Tien , inget ka dinya kuring jadi rada teu pararuguh hate .Tapi teu lila ngahuleng teh, saterusna kuring langsung menta ijin kaluar ka piket , gura giru jalan tukang ,ngagedig satengah lumpat mapay jalan gang lurah ,nu brasna ka Pasar Antri . Di pasar antri kuring meuli uyah dua rupa , nu hiji uyah murah nu warnana kotor ( Kuleuheu ) nu hiji deui Uyah nu hargana rada mahal warnana bodas nyacas . Ah…. Salamet ceuk hate teh .

Bu Tien datang ka kelas , di tenang-tenang ge ..awak teh tetep rada ngeleper ,memeh muka pelajaran , Bu Tien …luak lieuk ( Ceuk Pikiran pasti neangan Kuring ) .

“Yani…..bagaimana  hasil percobaannya , apa sudah terbukti ? . Coba ibu ingin melihat ! , Bawa hasilnya Kesini !! “. Bari rada degdeggan kuring leumpang kahareup ,mikeun dua bungkusan yah nu meunang meli ti Pasar Antri .

“ Nah … ini , namanya anak kreatif …Betulkan apa yang dikatakan Ibu ! “ .

Terus terang  kuring jadi asa dosa , tapi da kapaksa . Ayeuna kuring neruskeun tapak lacak Bu Tien jadi Guru . Aya kasieun mah sieun di bohongan ku murid . Tapi ketang da eta mah lain bohong baong , bohong soteh pedah hayang ngasaan dahar endog rada loba , Da ari di imah mah endog hiji ge sok dibagi genep bari geus dicampuran ku tarigu deuih.

Ibu Tien …!!! Hapunten Abdi ,,nya !!! .

Lamping Gunung Bohong

Minggu , 1 Mei 2011.




Leave a Reply.