Baliho Di Pengkolan Jalan

Panonna culang-cileung, cingeus, seukeut, lir heulang ruyuk. Sagala di teutep!, sagala di pencrong. Jalma-jalma nyarisi, nyingray, taya nu wani pasarandog. Palebah Baliho badag, dipengkolan jalan. Cakakak ! manehna seuri bari tutunjuk !, tihang baliho Calon Papayung nagri, di eundeuk-eundeuk. Bru Runtuh, laju di idek nepi karangsak, bari sungut terus ngocomang kamana karep. " Di langit, aya balong, balongna pinuh ku lauk, laukna lauk aing, aingna di bobodo maneh !". Cape cacalawakan, brek manehna diuk, serengeh seuri sorangan, teu kungsi lila reup sare. Lelembutana ngapung ngawang-ngawang, mepende nasib sorangan, nu hideng meles, taya euih-euihna !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: elingna mun geus modar.meureun kitu ge...
  2. Iwan Hermana: panginteun eta jalami dintawis nu katipu ku amisna jangji
  3. Ambuna Kaka: boa neras tibrana?
  4. Erna Rusnawati: Emh deudeuh teuing! Dikumahakeun eta jelema nya k Calon Papayung Nagri?
  5. Riyono Afdfvm: Watiiiiiiiiirrrrrrrrrrrr.......
  6. Yanti Sri Budiarti: Bet lalawora..!
  7. Ahmad Yani: @Iwan Hanjuang : heu heu ... tampolana heunteu eling salamina !
  8. Ahmad Yani: @Iwan Hermana : Heu heu... kana kitu rupina mah Ang !, matak dugi ka janten owah ge ! hi hi !
  9. Ahmad Yani: @Ambuna Kaka : Neras rupina mah, da tos saminggon , teu usik malik ! hi hi !
  10. Ahmad Yani: @Erna Rusnawati : Di bobodo, saurna mah upami sukses bade di damel Sekda !! ha ha ha ha ha !!
  11. Ahmad Yani: @Riyono Afdfvm : Heu heu heu nyeta sesah nulungannana Ang ! ari tos parna mah ! ha ha ha !
  12. Ahmad Yani: @ Yanti Sri Budiarti : Nuju PEMILU tea sok seueur Tukang Sulap ! ha ha ha !
  13. Herdy Mulyana: Diperyogikeun kanggo meresan kota nu sareukseuk ku tukang obat,,rangsakeun deui w di pengkolan nu itu he2
  14. Ahmad Yani: @Kang Herdy Mulyana : He he he ... bade saurna mah Kang ! moal di sesakeun, bade di durukan sadayana !! hi hi hi hi !
  15. Rohendi Pandeglang: eta jalma jadi owah, sabab tadinamah palebah dinyateh baliho gambar manehna...
  16. Ahmad Yani: @ Ambuing ... nembe ka emut Kang Rohendi Pandeglang ! , padahal mah .. enya nya, upami pungkasanna di gilekkeun ka dinya . Bakal langkung nyentug rupinamah !. Hatur nuhun pisan Ang !
  17. Endah Dinda Jenura: di langit aya balong, balongna pinuh ku lauk, laukna lauk aing, aingna dibobodo maneh... duh
  18. Muhammad Shohiba Nu'man: Edaas.. Dibohongan bae geuningan urang teh.. Cenah ngimpen kenging lauk teh sok meunang kabagjaan. Tapi geuning teu kitu di nageri urang mah.. Laukna nyata, nu beunang impianana.. Ieung! Fikmin kritis ieu mah, Kang Yani. Tegep!
  19. Ahmad Yani: @Endah Dinda Jenura : Heu heu ... Cape saurna teh Neng !, di bobodo wae, dugi ka owahna ! ha ha !
  20. Ahmad Yani: @Muhammmad Shobiha Nu'man : Hatur sewu nuhun , kana apresiasina ..Ang !. Ambek tuda, trotoar jalan teh, janten pinuh ku Baliho, padahal PILKADA na ge 10 sasih deui !! he he he !!
  21. Ison Subekti: Watir eta budak geus bebeakan ngabela calon panghulu nagri, dibelaan cul pagawean, cul anak pamajikan ngilu kompanye kaditu kadieu ari pek kalah sangsara ilang pakasaban, ilang anak pamajikan tungtungna owah..Panghulu nagri mah andekak sila ipis mari ngadagoan setoran tina proyek pangwangunan
  22. Ahmad Yani: @Ison Subekti : Teu euih-euih ningan Ang !, nasib jalmi alitmah, mung saukur dikekeyek we, dina unggal PEMILU teh, tos ngaraos weuru ku jangji, nu antukna....emutanna ge janten ka ganggu ... ! heu heu . Hatur sewu nuhun Ang !