Kulit langit moletek, leyur jeung cipanon anjeun, basa hate uing ngeteyep, nyulusup, nyempod di sela-sela harepan nu diayun-ayun angin. "Ku naon salira bet seseleket, maksa nyangsangkeun hate di dieu?" ceuk anjeun. Teu ieuh dipirosea, uing anteng ngalung-ngalungkeun bibit kanyaah, nu amarayah dibuntang-banting ku waktu.