Obrolan Dihandapeun Tangkal Samoja

“ Dupi pameunteu Ema, geulis Bapa!? “
“ Geulis anaking .., geulis pisan!. Sami endahna sareng kembang samoja,nu satia, gumati ngarencangan Ema hidep, di dieu ! “
“Imut Ema..Kareueut Oge Bapa!?”
“Tangtos anaking , imut Ema ,imut nu pangkareueutna , diantara para wanoja nu pernah aya .“
“ Anis , jadi hoyong enggal pendak ,sareng Ema .., Bapa ??”
“ Ema hidep ,tara eureun ngalongokan ka anjeun anaking , Ema aya dina satiap renghap napas hidep, Ema ge sok ngusapan mun hidep ceurik !”
“ Ema , sok nangis Oge !, Bapa ?”
“ Enya ,kadang kadang Ema sok nangis, tapi cisocana tara murag kana taneuh, kabujeng di ronjang ku bidadari, teras titik-titik ci socana di damel kalung mutiara, keur hidep lamun engke pendak “
“Anis hoyong enggal-enggal, ngangge kalung Mutiara “Cisoca Ema”!, Bapa ?”
"Baeu Geulis!, hayu urang tepungan Ema!"
( Bari Cipanon ngeclak, nyerangkeun beca nu ngajugrug sisi jalan. Geus ti kamari trayekna ditutup, di buburak ku Satpol PP)