Langlayangan

Teu bisa kacaturkeun , kumaha tagiwurna hate , basa tatangga mayang si Bungsu ,nu baloboran ku getih !." Gebis Pak, mastakana ninggang batu , waktos nuju moro langlayangan ! " ceuk saurang tatangga mere laporan . Teu diengke keun deui ,geuwat si bungsu di bawa ka Puskesmas make ojeg .Sajajalan si Bungsu ngadedempes , getih masih ngaley tina tarang belah kenca, bajuna mah geus teu kapuluk , cipruk... ku getih . Sapuluh menit deui samemeh nepi ka Puskesmas , Si Bungsu Ngorejat , bari nyorowok , " Eureun Heula !! , Bapak ! , Eureun Heula !! ", Kuring kaget , kebek ku hariwang !. Reg Ojeg Eureun , " Aya naon Bungsu ? , naon nu Karasa ? " , " Itu ... Pa ! , seueur lalanglayangan sarae ! , Meser heula ..jeung gelasanana " , ceuk manehna, teu eleum-euleum , bari ramona tutunjuk ka lebah warung di sisi jalan .