Kapohoan

Kuniang manehna hudang, jung nangtung, gap leungeuna ngarawel calana jeung baju nu nyangheuy na panyarandean korsi. Rap di pake deui. Melong sakeudeung beungeut sorangan na kaca rias, gesut nyisiran meunang tilu balikan. Nyeh seuri. Kusiwel ngodok dompet, ngaluarkeun 3 lambar duit saratus rebuan. Song di asongkeun ka awewe nu keur nyangsaya luhureun ranjang . " Akang !!, nanaonan ..., Siga nu teu eling ?, pan uing mah pamajikan Akang ! ". Si awewe nyentak, bari leungeunna pakupis nyakaran beungeut manehna.

(Hasil nyarungsum tina sumber ti bah Geogle)