Indigo

Nuturkeun kahayang tunduh, geus sa dug-dugeun, hayang napelkeun sirah na bantal. Tapi asa teu tega, kudu nutup panto kasono maranehna ka kuring. Eleh deet, panto kamar dibuka, laju naek keketeyepan mapay-mapay anak tangga muru ka loteng imah. “ Asikkk … Dewi datang !, Dewi datang !!”, Peter, Arnold, jeung Maria, ajrag-ajragan, mapag kuring, semu nu bungah kacida. Angin peuting ngahiliwir,awor jeung mangrupa bau kembang, maturan kuring, ngabudalkeun kanyaah ka maranehna. “Dewi !,kunaon bet nyarios nyalira?, Sareng nuju naon deuih, bet calik didieu sosoranganan !, apan ieu teh tos subuh, enggal gera kulem !”, Teu kapireng ti samemehna, Ema tos ngajengjen hareupeun kuring. Antukna, kuring ngolesed, nuturkeun Ema, ninggalkeun maranehna, nu olohok pinuh ku rasa hanjelu. Na tungtung tangga, kuring ngalieuk ka tukang. Tilu raga, nu kari tulang, amarayah na luhur ubin, kabeh ge, taya sirahan .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: Beu.....!!!!
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: Asik yeuh.. mukakeun lalangse alam aheng.
  3. Apoedy Sarah Ihsan: Awas eta nu calik dugul luhur cpu tong di gareuwahkeun.. Heuheu..
  4. Irman Dimyatie: Ieu mah fikmin malem Juma'ah kedahna mah, Ang! Hade pisan. Matak reuwas kareureuhnakeun. Terkejut setelahnya.... hahahahaha
  5. Ahmad Yani: @ Muhammmad Shohiba Nu'man : Heu heu heu ... kapangurahan kamari, seueur teuing nuang ...lauk Nila nu rungseb ku cucuk, rupina mah Ang, Sim Kuring teh !, janten we rada hoyong nyerat nu kieu !! heu heu heu !
  6. Ahmad Yani: @Apoedy Sarah Ihsan : Nu dugul mah, dugi ka danget ieu ge, nuju ngahenen we Ang !, bari lambeyna teras nyerebung, siga kareta api ! ha ha ha ha ha !!
  7. Ahmad Yani: @Irman Dimyatie : hi hi hi hi hi hi... bade di apungkeum malem jumaat, teh asa lami teuing ngantosanna, sieun jurigna kabujeng kabur !! hi hi hi hi hi !
  8. Godi Suwarna: :"Sik, asik, asiiiik...! Kayungyun ku Mang Yani teh eta ku nalaktakna. Rancage. Sagala warna fikmin teu weleh dicobi. Ludeungan. Siap mayunan naon nu bade tumiba kana fikminna. Majuuu teruuus, Maaaang...!"
  9. Mamat Supriatna: Deuh....edas......
  10. Is Tuning: fikmin tragis....
  11. Iwan Hanjuang: kade bisi aya Jejen Jaelani W..
  12. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Heu heu heu... ka ideuan ku Acara ti Tukul Arwana, manawi Kang Perbu !, lajeng di cobi di fikminkeun ! heu heu !
  13. Ahmad Yani: @Mamat Supriatna : Heu heu... hatur nuhun Ang !
  14. Ahmad Yani: @Is Tuning : Sakapeung mah, sim kuring sok rada kirang percanten, kana ka ahengan jalmi nu mibanda indra ka genep teh, tapi waktos maos bukuna, ambuing .... ningan eusi dunya teh, teu kinten ahengna !. Saur dina buku mah ,eta murangkalih nu tiluan teh, barudak wangsa walanda, nu diteukteuk beuheungna ku Bangsa Jepang, basa Nippon..ngusir Walanda ti nagri urang ! heu heu !
  15. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Kunaon Ang Iwan !?, Kang Jejen Ulah terang ? ... asa langkung aheng yeuh !!! hi hi hi hi !
  16. Iwan Hanjuang: sok terus ngacaprak ,teu sabar nunggu tanggal 7,Jejen Jaelani W.. mah.ha ha ha ha ha h aha ha
  17. Jejen Jaelani W: heuheuheu...... tos kabiasaan Ang Ahmad Yani nu sok ngacaprak mah......
  18. Ahmad Yani: Hi hi hi hi hi hi ...Ambuing .... kunaon janten tamiang meulit kana taktak kieu... yeuhhh , sim uing janten katempuhan buntut Careuhhh !!! ha ha ha ha ha !!
  19. Iwan Hanjuang: ku admin dicirian,Ahmad Yani..Irman Nurhapitudin Dimyatie..Jejen Jaelani W..Riyono Afdfvm.Iwan R Jayasetiawan.. untung akang Iwan Hanjuang.. teu ka tulis...ha ha ha ha puas..
  20. Jejen Jaelani W: hahaha...abdi mah tos nepangan da ka Admin, tadi subuh.....
  21. Tanti Damayanti: ih.... tatut.....
  22. Yanti Sri Budiarti: Nyingkabkeun lalangse sabudeureun nu nembrak...Sae..! Matak kukurayeun..
  23. Ahmad Yani: @kang Iwan Hanjuang : Bade janten jalmi bageur, Ah ... Ayeuna mah ! ha ha ha !!
  24. Ahmad Yani: @ Kang Jejen Jaelani : meni teu ngajakan ka abdi ! he he he he !
  25. Ahmad Yani: @Tanti Damayanti : Saurnamah, jalmi nu gaduh indra ka-6, mah sok tiasa ngobrol sareng ningali ka nu sing sarwa gaib ! he he he he !!
  26. Ahmad Yani: @ Yanti Sri Budiarti : Hatur sewu nuhun, Neng !, kana apresiasina, nuju nyobi-nyobi nyaeta, nyerat nu model kieu !! heu heu heu !
  27. Tanti Damayanti: Kang Ahmad Yani , abdi kantos sakali mendakan dina nuju calik anjeuna satangtung abdi ..... tapi teu kawene han deui allhamdulilah alim dua kali tatut .... heheh
  28. Ahmad Yani: @Tanti Damayanti : Wah ... aheng pisan atuh !, Guar .... ah Guar ..!, fikminkeun atuh Bu !
  29. Tanti Damayanti: kang Ahmad Yani , mudah mudahan tiasa tapi da abdi mah diajar keneh hehe isin heheh ... teu jiga kang Ahmad yani sareng nu sanes... hehehe
  30. Jojo Johari: Indi Go hartina Pa Indi angkat! heuheuheu
  31. Riyono Afdfvm: Kang Iwan Hanjuang, dicirian bade dipasihan hadiah heueheu...asik atuh, ke akang dibagi aku Yayi
  32. Riyono Afdfvm: Uka uka deui wae ang hehehe