Bendera

Salambar Bandera nu geus rawing , datang keketeyepan peuting tadi, muka panto hate ,nu salilana poho ka konci. “ Ngaran kuring Beureum Bodas !, kuring datang ti nagri nu keur ka keueum ,ku sarebu masalah “ ceuk manehna haroshos . Basa kuring balik ti dapur , mawa cai herang keur manehna . Raga rawingna geus ngalumburuk di tengah imah ,patumpang tindih jeung elap pel .