Walatra

"Sok tah bagikeun,daging,tulang jeung jeroan cing adil jeung walatra" Pak Ustad Cakah-cikih mere komando.Si Kemed jeung Jang Misja teu eleh sibukna,bulak-balik asup ka dapur Pak Ustad norobos jalan ka kebon, bari rerencepan ." Kengeng, 5 balikan Pa !" Ceuk Si Kemed Jeung jang Misja,laporan,bari leungeunna namprak. Langit reueuk, Hujan turun badag nakeran, Di dapur pak ustad banjir ..., banjir ku daging korban nu patulayah teuing rek di dahar kusaha ?