Bocor

Iptu Susi nyalingker,ka pipir kantor. Gap kana henpun, “ Siraru muru lampu !, saenggalna !”. Teu nunggu jawaban.Henpun di paehan. Laju Leumpang rurusuhan, muru mobil. Tujuh anggotana geus sariap. Mobil nyuruwuk tarik, mawa maranehna ka hiji tempat. Imah nenggang, hateup eurih, medem taya lampu hiji-hiji acan. Hujan munggaran maralak, dalapan jelema leumpang dongko patutur-tutur, nyepeng pestol sewang-sewangan. Lebah panto, reg, nu panghareupna eureun. Tonggong narapel kana tembok. Iptu Susi, mere isyarat ku gideug. Dua anak buahna unggeuk. Gebro!, panto di dobrak. Blus opat jalma arasup. Sepi. Cahaya batre, nyorot kaditu kadieu. Imah di burak-barik. “ Kosong …Dan !”, Brigadir Agus,laporan. Iptu Susi, ukur ngabigeu. Hujan turun beuki gede. Di saung nu jauh kaditu kadieu, hiji lalaki nu tatu lebah sukuna, ngirim sms . “ Nuhun … Geulis ! “. Di kamarna Panon Iptu Susi carinakdak. “Kang Panji mah, tetep langkung nyaah kana ideologi !”. Cipanon Iptu Susi merebey, nyakclakan kana pestol nu aya dina lahunanana.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: tragis dua kipayah anu beda,sanajan hate mah ngan hiji..
  2. Lina Marlina: misterius pisan eta Iptu Susi teh....
  3. Entjep Sunardhi: Mindeng kajadian parentah "cekal" kapiheulaan ku nu kabur.
  4. Godi Suwarna: :"Siiip, Yayi...! Mokus pisan..! Renjaganana teu kabade ti awal. Karaos pisan dilematisna. Mung aya kapanasaran. Upami imah hateupna eurih, biasana mah dingdingna ge ku bilik. Ari ieu ku tembok. Kumaha tah? Manawi aya bongbolongan ti Yi Perbu. Jalaran ieu mah fikmin realis, sagalarupina kedah logis. Kitu nu kaemut..."
  5. Meila Handayani: Bogoheun kitu??*ngahuleng ☺Ήii☺Ήii☺Ήii•••☺
  6. Ahmad Yani: Kang@Iwan Hanjuang : Kana kitu rupina Kang !, garis takdir,sesah di pungkir ! hatur nuhun kana pairanna Ang Iwan !
  7. Ahmad Yani: Lina Marlina : Nuju bingung anjeuna teh rupinamah, nete semplek, nincak semplak !! heu heu !
  8. Ahmad Yani: Kang Entjep Sunardhi : Ngabocorkeun rusiah, anu kapaksa tea, panginten Ang !, jalaran pabetot-betot , sareng hate !
  9. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Hatur sewu nuhun kana apresiasina. Perkawis imah nu hateupna eurih , ah... seja balaka we ! Kang Perbu ( da ngadamel hojah ge, tangtos katohian ku Kang Perbu mah ! he h e he ! ) abdi teh kirang taliti. Leres kasaurang Kang Perbu , Sakedahna pulisi teh nyarandena kana bilik, sanes kana tembok. Katampi pisan koreksina Kang Perbu !, teu kinten ageung mangpaatna, supados sim kuring langkung ati-ati kapayunna. Hatur nuhun pisan Ang Perbu !
  10. Ahmad Yani: Meila Handayani : Sumuhun rupinamah, da teu acan putus saurnamah ! heu heu heu !
  11. Ki Hasan: Padahal tiasa wae hojah oge Kang Ahmad Yani. Bisa jadi imah kaayeunakeun Kang Godi Suwarna. Imah tembok tapi dipapaes luar model imah gerilyawan di pagunungan. Hateup kenteng Jatiwangina dibungkus ku hateup eurih. Keur kamuflase tina radar tangtara. Hehehe
  12. Ahmad Yani: Ki Hasan : Heu heu heu , hatur nuhun kana pairanna. Rupina pamendak Ki Hasan ge aya leresna. Namung nu jelas mah sim kuring rumaos, coroboh, kirang taliti, ngaitkeun hateup eurih , sareng tembok. heu heu !
  13. Godi Suwarna: :"Hehe....! Terus terang, mayunan fikmin Yi Perbu nu tambih nyongcolang, sim uing bade nyobian kritis. Supados karya-karya Yi Perbu langkung panceg 'kuda-kudana'. Supados tambih rekep, teu aya lolongkrang kangge 'nyerang'...."
  14. Nana Sukmana: Manusiawi pisan. Pagunyeng-gunyengna cinta sareng pancen. Museur, teu nyangki bakal ka dinya leokna. Mung asa aya nu ngagokan, Ang. Hateup eurih sareng tembok. Upami diibaratkeun mah nganggo bukaan, didasi, disapatu, namung kaluhurna iket barangbang semplak. Sok sanos kitu, idena hebring lah!
  15. Teti Taryani: Antara pancen sareng rasa nu rosa tea nya Kang Ahmad Yani...
  16. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Kalintang bingahna, Kang Perbu ,parantos luntur galih kersa masihan kritik, kana seratan basajan sim kuring !, duh ! katampi pisan, eta pisan anu di anti-anti teh . Hatur sewu nuhun Ang Perbu !
  17. Ahmad Yani: Kang Nana Sukmana : Hatur sewu nuhun kana apresiana,Ang !. Perkawis " Hateup Eurih sareng Tembok ", sumuhun , eta teh estu kalepatan sim kuring, rumaos ceroboh sareng gurung gusuh. nuhun pisan kana koreksina Ang !, bahan perhatosan kangge kapayunna, supados tiasa langkung taliti.
  18. Ahmad Yani: Teh Teti Taryani : Sumuhun kana kitu rupina Teh !, pabedol-bedol antawis tugas sareng hate ! heu heu !
  19. Ambuna Kaka: huebaaaaaaaaaaat! heded fikminna. bakal langkung heded dai pami tanda bacana merenah, kang!
  20. Ahmad Yani: Ambuna Kaka : Tah eta pisan ! Ambu !, salah sawios tina seueurna kakirangan sim kuring teh, dina perkawis tanda baca, tos ti kapungkur seueur nu ngemutan, tapi edas ... teu acan leres-leres wae !. Hatur nuhun kana koreksina Ambu !, katampi pisan !
  21. Meila Handayani: tah bener kan..da curiga bogoheun ah hihihihi *lempeng
  22. Ahmad Yani: Neng@Meila Handayani : heu heu heu heu .... Leres pisan, tugas pabeulit sareng cinta ! tea rupinamah ! heu heu !
  23. Meila Handayani: hese sih kacugak eceng mah kang...lieur lahhh..duitna weh sayah mah hahhaha
  24. Akoer Lah: Kang Ahmad, kade eta urang "water enough" nu resep tahu sok taliti kana tanda baca. Mun eta kabogohna memang teroris (pedah aya kecap beda ideologi), biasana sok dihareupan ku kesatuan antiteror. Tp Susi mah ti kesatuan polisi.
  25. Ahmad Yani: Meila Handayani : heu heu heu ...siapp !!, engkin dikintunkeun !, nuju digepokkan heula ! ha ha !!
  26. Irman Dimyatie: Ideologi maling barang batur ieu mah jigana hehehehe....
  27. Ahmad Yani: Akoer Lah : heu heu heu ..."Water enough" , boro ningali kamus , ari sihoreng teh ...... ! hi hi hi hi !
  28. Jordan Kurniawan: padahal mah dari pada melaan ideologi, mending melaan cinta. briptu susi, kacipta jangkung lenjangna he he he he
  29. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : heu heu heu .... Ideologi, nu matak tiasa niiskeun manah tea ningan Ang ! heu heu !
  30. Ahmad Yani: Jordan Kurniawan : Lalaki sajati tea atuh Ang !, cinta ka istri mah, mung prioritas nomer sapuluh !!! ha ha ha !!
  31. Akoer Lah: Tapi...memang aya kitu kesatuan polisi nu sok newak teroris? Mun Teh Roris mah bisa wae, tatangga sim kirung, nu nembe gaduh titel "widow".
  32. Ahmad Yani: Naon "Widow" teh Ang@Akoer Lah ? ,asa aheng istilah teh ? heu heu !
  33. Irman Dimyatie: Widow teh awi dicelup hahahahaha
  34. Akoer Lah: Mun Susi jd kawin ka Panji, terus Panji na katembak maot. Tah Susi teh ceuk basa aringgisna teh nya widow tea, komo mun can sagebrug mah nya widow bengsrat tea.
  35. Meila Handayani: kang Akoer Lah kumaha upami susi sareng panji teh can kawin tapi tos sagebrug..angger bengsrat?hihihi
  36. Ahmad Yani: Kang@Irman Dimyatie : Ma enya ah ?? hi hi hi !
  37. Ahmad Yani: Akoer Lah : Oh.... siap, ngartos ayeuna mah !, nuhun Ah ! heu heu !
 
Kahayang

“ Sakapeungmah sok asa hayang, boga jangjang. Rek ngapung nyumputkeun cipanon, na tungtung langit !”. Leungeun ngan ukur bisa roronjang, ngarawelan ngimpi, nu tingsoloyong , ngabibita hate. “ Iraha atuh langit, rek runtuh na teh?”. Sugan uing bisa ngarawu, sawer nu diawurkeun ku mega. Ngan renghap jeung rahuh, batur satia kuring didieu . "Tapi teuing nepi ka iraha, maranehna kuat marengan?”. Katumiri ,paranti uing ngabrangbrangkeun hate, ayeuna geus arang datang. “ Moal kitu pundung mah ?”. Pedah uing sok rajeun maseuhan warnana ku keclak cimata?

 
Tamu Panungtung

Geus 70 taun leuwih, umur Bapa teh. Pangsiunan tentara.Karesepna beda ti batur. Kudu ngobrol uplek unggal poe, Jeung tamu nu beda-beda. Saban poe uing ngulincer, neangan nu daek maturan ngobrol, tatangga deukeut mah meh geus imeut kabeh. Geus ngasaan olohok, ngadengekeun rahul jeung pepeta Bapa. Rumasa jadi anak nu ngan hiji-hijina. Kuring tetep ngayun kahayang Bapa, bari sakapeungmah sok ngarasa era, mun tamu sok nyerengeh beda, tiap kuring mere buruh ka maranehna. “Ari, isukan saha nu rek namu teh, Jang ?”, tanya Bapa,memeh sare. Teu dijawab.pikiran bingung, mikiran pitamueun. Babaturan sakantor geus kabagean kabeh, Komo barudak ojeg di pengkolan mah . “ Kudu neangan kamana deui nya ?.Pikiran baluweng. Lieur mikiran. Dug we sare. Isukna. Keur manaskeun mesin mobil. Diluar pager, aya jelema ngajengjen siga nu bingung. Disampeurkeun. “ Leres ieu teh Bumina, Pak Arham !?”. Giak, kuring ngaenyakeun. Ret kana keureutan beungetna, budak ngora keneh, umurna moal geseh jauh jeung kuring. Ngan palebah neuteup sorot panonna. Uing sakedapan ngageter. Panonna seukeut, tur semu hurung. Pasosore balik ngantor, uing kacida kagetna, imah pinuh ku tatangga nu keur ngagugulung Bapa. Napas bapa tos les-lesan, kari kiceupna nu lindek, semu keur ngadagoan kuring. “ Teangan ….!, omat kudu diteangan deui, sing nepi ka kapanggih ! “. Laju Bapa ngerejet tilu kali. Mulih ka jati. Kasedih campur jeung ka helok, Bapa make baju pangsi jeung diiket waktu maot teh, beda ti sasari. Waktu mayitna di mandian, dina tonggongna raca, barared, siga urut nu nyakaran.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Nyai Endit: Tamu teh misterius. Tah!eta nu ngadamel nu maos panasaran teh lah!
  2. Nazarudin Azhar: Hédéd!
  3. Tanti Damayanti: aheng....
  4. Akoer Lah: sigana eta tamu teh jirim ti lodaya, bapa arham ngagem elmu pamacan, meureun.....hehehe...
  5. Cassa Grande: ideu sareng eusi nu tos karaos layeut. Mantep!
  6. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: saha atuh éta tamu panungtung téh?
  7. Ahmad Yani: Nyai Endit : Heu heu , Damang Nyai ?, lawas teu patepang di dumay? hatur nuhun tos mairan !
  8. Ahmad Yani: Ang Nazarudin Azhar : Hatur nuhun Ang !, katampi pangdeudeul sumangetna !
  9. Ahmad Yani: Tanti Damayanti : Pangneguhkeun manawi !, saha atuh tamu panungtung teh nya? heu heu heu ... Hatur nuhun tos mairan !
  10. Ahmad Yani: Akoer Lah : Tiasa janten kitu oge !, namung duka ?, moal kitu eta ?, ah piraku ?, tapi ketang ?, heu heu heu !
  11. Ahmad Yani: Cassa Grande : Hatur nuhun upami katampi mah, Ang!!
  12. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Sumuhun saha nya ?, ah sok api-api Nyimas mah, sakitu tos terang ge ? heu heu heu !
  13. Ki Hasan: Asa maca fikmin Titis Tulis (Jeffrey Archer) tarjamahan Kang Hawe Setiawan. Jigan tamuna sakratul maut tah.
  14. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: leres teu apal...moal boa mah maung lodaya kitu?
  15. Entjep Sunardhi: Jampe pamake kolot nu ngagem elmu kadugalan.
  16. Ahmad Yani: Ki Hasan : nuju hoyong tatarucingan sareng hate, manawi Ang ! heu heu ! hatur sewu nuhun tos mairan !
  17. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Rupina kedah ngantosan wengi heula, upami mata poe tos surup, nembe tiasa ka buka manawi ! hi hi hi hi !
  18. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: ah...matak beuki panasaran waé iru téh
  19. Ahmad Yani: Kang@Entjep Sunardhi : Alhamdulillah, abdi kantos janten Urang Sukabumi Pakidulan, salami 12 taun, nohonan tugas nagara. Seueur pisan ningan "kabudayaan" aheng, nu sateuacanna teu kantos kapendak . Ieu fikmin oge, sabahagian, tina pangalaman anu kantos ka alaman ku sim kuring dina waktos harita. Hatur sewu nuhun tos kersa mairan , Kang ! Baktos abdi kangge kulawargi di bumi !
  20. Rohendi Pandeglang: tamu eta, pasti ti banten... Hehe kapedean...
  21. Ahmad Yani: Aka #Rohendi Pandeglang : Heu heu heu ... leres pisan Ang !, ti daerah Bayah, Lebak ! Ang ! he he he he !!
  22. Akoer Lah: 'Ning apal Bayah? pan eta lembur putri mertua, bati sim kirung 6 taun ngumbara..
  23. Ahmad Yani: Akoer Lah : hi hi hi ... apan paeunteung-eunteung sareng Cibareno, kahalangan mung ku wahangan nu Belutna sagede-gede Catang Kalapa . Heu heu heu !
  24. Rohendi Pandeglang: didinya ngabadeg, carita mistis. Malah, majar aya titinggal perang walanda nu dikubur di lebah tanjakan. Teuing di palebah mana
  25. Ahmad Yani: Leres pisan Aka !, matak kukurayeun nyeta. Araheng pisan !. Cobi galih ku Aka, aya panganten anyar , enjing na ibak kuramas, ari pamegetna mah mung mencrong ,wae bari ngahuleng, da teu rumaos nanaon !? heu heu heu heu heu !!
  26. Pak AdSulaeman: Kang Rohendi Pandeglang, 20 taun nu kalangkung sim kuring nganjrek di pandeglang, kec cimanggu
  27. Godi Suwarna: :"Siiip dekh, Mang Yan...! Fikminna tambih cakial..."
  28. Nana Slamet Tresna Aji: Bapa Arham nu bénten ti batur & tamu nu anéh janten fikmin misteri, ahéng ... aheng!
  29. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Hatur nuhun Ang Perbu, hoyong nyobian manawi di ajar " Mimisterian " heu heu !, namung orokaya , kacida sesahna ningan !
  30. Ahmad Yani: Nana Slamet Tresna Aji : Heu heu heu nuju nyobian, nyerat ules kieu Ang ! , tapi rada ngesang , ningan ! he he !.
  31. Nana Slamet Tresna Aji: Ahéng pisan Ang, abdi mah teu acan tiasa ...
  32. Ahmad Yani: Ah ... ieu ge , bari tataregtogan wae Yayi, ladang ngemutan deui pangalaman kapungkur nu kungsi ka alaman. heu heu ! hatur sewu nuhun kana pairanna ,Ang Nana Slamet Tresna Aji !
 
Cipanon

“ Kuring hayang leumpang dina gebretna hujan, meh bisa nyumputkeun cipanon tina paneuteup anjeun !”.Harewosna, bari ngudar leungeun katuhu Uing nu nyangkeh dina taktakna. Sabot olohok. Lengkahna geus leungit di teleg peuting. Nyangsaya na panyarandean korsi, Uing pahareup-hareup jeung bingung. Lampu restoran tetep mabra, nu jaroged diluhur panggung mingkin maceuh. Tapi panon Uing naha bet jadi beueus?. Ret kana gelas inuman nu ditinggalkeun ku manehna, aya sesa cai urut nguyup,ngagandet na biwir gelas. Ngaley. Turun lalaunan. Ngeclak. Murag, laju nyangsaya di rawu pisin. Pucuk cai ku uing diteuteup salila-lila, laju di sangkeh di perenahkeun na tungtung curuk. Kaluar ti Restoran. Lengkah jumarigjeug, mapay-mapay trotoar, mireng lampu-lampu jalan, nu ting serengeh,bangun nu ngalelewe. “Geus ka dua likurna, uing ,gagal nyampaykeun hate ! “ rahuhna. Srog ka taman baley kota, diuk handapeun patung Badak. “ Asa kabita, ku kandel kulitna “ gerentesna, Angin ngahiur,tambah kerep, hujan turun maralak. “ Har , ari ieu Cipanon saha?” Manehna ngagebeg ningali tina curukna ngaburial cai panon. Mancur. Teu eureun-eureun. Nu ditanya ngan ukur ngajebian. “ Maneh geus moal, bisa ngahartikeun Cipanon kuring !, bongan maneh geus migusti ka materi, ngagadekeun hate ka nafsu !”.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: matre nih yeeee...
  2. Mas Kundrat Kartapradja: Hate nu saenyana keur ceurk balilihan ... Da nu puguh mah hate teh geus teu sahate jeung lima saku nu dibabawa tur rapet jeung awak. Kukituna hate tinggal hate nyorangan. Dunyaaaa ..., dunyaaaa ...
  3. Wawan Darwan: Duh mani sediiiih...
  4. Ghuslam Sirait Barcamania: . jero pihartieunana kang....
  5. Ahmad Yani: Rada sesah manawi bade nyampaykeun hate, bari sareng kirang modal mah Kang@Iwan Hanjuang ! heu heu !
  6. Ahmad Yani: Mas Kundrat Kartapradja : Puguh sok asa janten bayeungyang kana manah, ngigelan Zaman siga model ayeuna mah Ang !
  7. Jojo Johari: Atuda lepat nyampaykeunna manawi? Dina kastok? heuheuheu ..hareueueuh?!
  8. Ahmad Yani: Wawan Darwan : Hatur nuhun Ang ! tos luntur galih. kersa ngeclakeun kanyaah !! , katampi pisan ,Ang !
  9. Mas Kundrat Kartapradja: Salersna ti kapungkur. Ti zaman "tai kotok dileubuan", manawi ...
  10. Ahmad Yani: Ghuslam Sirait Barcamania : Hatur lumayan we...Nun !, sumangga kangge nyurahannamah nyanggakeun sadaya-daya !
  11. Ahmad Yani: Ang Jojo Johari : Ari raraosan mah asa tos leres nyampaykeun teh dina taktak anjeunna ? namung duka ketang ? boa-boa lepatnya ? ningan panangan uing ge, bet janten boleksek kieu ! heu heu heu !
  12. Ahmad Yani: Mas Kundrat Kartapradja : hi hi hi hi hi , sumuhun ...nun, asa teu aya euih-euihna zaman teh, ti zaman tai kotok di lebuan, dugi ka Ti kotok di tissuan , tetep asa matak ripuh di sorangna ! ha ha h a !
  13. Godi Suwarna: :"Fikminna tambih detil, Mang Yan...! Tos tapis pisan ngawangun suasana. Heded lah...! Mung, kahade we bilih kajongjonan teuing ngawangun suasana, bilih teu mokus kana ide, kana jalan carios. Sareng eta deuih, sakedik, kecap mireng teh hartosna nguping, ngadangu...! Wilujeng bajoang...!"
  14. Ahmad Yani: Hatur sewu nuhun Kang Perbu !, seja diestukeun pisan piwejangna. Oo... mireng teh nguping nya! hartosna teh? manawi teh ...Ningali, atanapi nempo !. Katampi pisan koreksina Ang Godi Suwarna !. sakali deui hatur nuhun !
  15. Teti Taryani: Narasi deskriptif tea ieu teh Ang nya? Resep mani talete ngagambarkeun: 'Ret kana gelas inuman nu ditinggalkeun ku manehna, aya sesa cai urut nguyup,ngagandet na biwir gelas. Ngaley. Turun lalaunan. Ngeclak. Murag, laju nyangsaya di rawu pisin..' Heded pisan, Ang! Nambihan pakaya basa...
  16. Tiktik Rusyani: Fikmin Yi Ahmad janten salah sawios diantawis fikmin-fikmin nu sarae, lebar pami teu diimeutan teh. jempol Yi.
  17. Rohendi Pandeglang: beuki asak yeuh... tulaten pisan makihikeun kecap nyah?
  18. Ahmad Yani: Teti Taryani : Hatur nuhun kana apresiasina ,Teh !
  19. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : Hatur nuhun !, katampi pisan jempolna ! heu heu !
  20. Ahmad Yani: Kang Rohendi Pandeglang : Hatur nuhun Ang !, ulah bosen nambutkeun basu asahan ka abdi ! Aka !
  21. Akang Remi: upami tadi nu di sangkeh curuk teh,cai nu ngandung alkohol,panginten jamak tuluyna curuk ngeclakkeunn cipanon ge,peurih rupina,ahihihihiihi
  22. Ahmad Yani: @Akang Remi : Hi hi hi hi. sumuhun tangtos kana kituna Ang Remi ! ,komo upami kadar alkoholna 20 % mah !..heu heu, hatur nuhun Ang!
 
Liwung

Srog kahareupeun imah. Pager surti, nyerelek muka sorangan.Laju mobil dianteur, sina isritahat jero garasi. Ngareret erloji, seuseukeut jarum geus nojos, pas kana angka sawelas. Bel di pencet sababaraha kali.Weleh taya nu muka. Mundur tilu lengkah, ngabur panon negeskeun.” Ah !, bener ! imah Uing!” gerentesna. Panasaran.bel di pencet deui,di jawab ku simpe deui. Teu ngahaja, gap ! kana saku calana. Nu ngaganjel dikaluarkeun. “Aih ! ningan konci Imah na oge, di bawa ku Uing?”, beuki helok. Blus ka jero imah, kacape ngan dibageakeun ku cahya lampu nu reyem-reyem. Di mana Budak?. Dimana Pamajikan ?.Di tengah imah suwung. Di dapur suwung. .Di kamar kitu?. Lalaunan panto didorong. Brayy! Gebeg. Eusi kamar molongpong, ukur guguling nu keur anteng ngagoler sorangan. Di korsi sofa rohangan tengah, manehna reureuh. Ngudar dasi, bari numpangkeun dua suku na luhureun meja. Tanggah kaluhur, lalangit siga nu anteng milu ngahuleng. Ret kana foto kulawarga nu naplok na tembok,ngolebat deui beungeut anak pamajikannana, beuki deukeut, beuki eces. “ Kadeudeuh kuring !, aranjeun aya dimana?” koceakna.Sora lambak ngaguruh jero dadana. Lambak kapeurih nu rohaka. Peuting mingkin simpe, sakapeung kapireng sora dua buah hatena ngagalindeng, meulah jempling, datang ti lebah runggunukna taneuh nu masih pinuh di papaes ku mangrupa-rupa kembang.Nu ku manehna di cebor ku cipanon tadi beurang.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Bunda Unie: hiks hiks hiks...
  2. Dadi Arya: Halah, haruuuh....ngiring ngaheruk. Mugi anak-bojo mah sing saréhat sapapaosna ah. Haruuh...
  3. Ya Soebarta: Ajiiiib ngagalindeng kieu kang..dipungkas murubutna cisoca..!!
  4. Ghuslam Sirait Barcamania: . asa ngahelasnya,geningan harta banda teh teu bisa ngagantian kana kanyaah kanu jadi putra sareng bojo...
  5. Ahmad Fawzy Imron: Aya kaketir nu muncak..liwung saliwung liwungna..
  6. Apoedy Sarah Ihsan: kedah dugi ka tamat di aosna.. di ayun ambing ku galindengna.., ngiringan nebak" aya naon ieu teh.. duh gening pungksanan matak murubut cisoca... hiks...
  7. Iwan Hanjuang: lagu liwung dina bangbarung..
  8. Ahmad Yani: Bunda Unie : Ulah kateterasannya nangisna ! he he !
  9. Ahmad Yani: Dadi Arya: Hatur nuhun Ang !, katampi pisan pangdeudeul do'a na !
  10. Ahmad Yani: Ya Soebarta : Heu heu heu ...nembe sadinten Ang!, ngeusian kamar sosoranganan , janten emutan aya muter siga kolecer kieu yeuh ! he he ! hatur nuhun Ang ! kana pangbageana !
  11. Ahmad Yani: Ghuslam Sirait Barcamania: Leres pisan pamendak teh Ang !, kana kitu rupina !. Kanyaah ka buah hate, tangtos bakal sesah dipalerkeunana !
  12. Ahmad Yani: Kang Haji Ahmad Fawzy Imron : Nyeta Ang !, dugi hilap ka rorompok nyalira ! heu heu !
  13. Bunda Unie: Ras k diri nyalira kang Ahmad...
  14. Ahmad Yani: Apoedy Sarah Ihsan: Heu heu heu, hatur sewu buhn kana apresiasina Ang !
  15. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu... sumuhun Ang ! nuju teu puguh cabak manawi !. Gaduh laguna Ang ?
  16. Nana Slamet Tresna Aji: Iraha simuing tiasa nyerat sapertos kieu? Genah, tumaninah tapi matak nyérédét kana haté asa dipépéndé ku mamaos: raos ... raos, tapi aya nu nyelekit kana ati. Katampi fikminna, mangga nyanggakeun jempolna, Ang...
  17. Iwan Hanjuang: aya laguna "Longkewang" judulna.
  18. Ki Hasan: Boa-boa, alatan mudik teu dianteurkeun. Kasambut jihad di medan pangmudikan. Kari handeueulna.
  19. Ernawati Siti Syaja'ah: Simpe nu seseleket kana hate...nyeredet....*)na...janten ngahinghing kieu...
  20. Ahmad Yani: Bunda Unie : Kutan Bunda ge!, Gaduh ..Pangalaman nu aheng nya?, sae atuh mangga gera guar janten Fikmin ! he he he !
  21. Ahmad Yani: Ang@Nana Slamet Tresna Aji : Hatur sewu nuhun Ang ! upami ka angge mah !, hatur lumayan..tamba teu aya teuing nu tiasa diapungkeun kana lapak ..Ang! heu heu heu.
  22. Ahmad Yani: Kang@ Iwan Hanjuang : haduhhh ...Janten panasaran kieu ,,yeuh !
  23. Ahmad Yani: Ki Hasan : Haduh ....nyaan Ki Lanceuk mah, aya ku wacis, leres pisan tah pamendak teh. Saleresna mah ieu fikmin, teh ngahaja kengeng meureut tina Carpon sim kuring . Nu nyobi motret salah sawios sisi tragis mangsa rengse dinten lebaran. heu heu heu.. Hatur sewu nuhun Ang !.
  24. Ahmad Yani: Ernawati Siti Syaja'ah: Heu heu heu ...ulah teras ngahinghing atuh Teh!, lebar eta tissue dugi tos ngagunduk kitu ! heu heu. Hatur sewu nuhun kana apresiasina ... Teh !
  25. Ki Hasan: Beu! Kutan kitu Kang Ahmad Yani! Nalangsa.
  26. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: hiks...meni matak nyérédét
  27. Ahmad Yani: @Ki Hasan : Abdi teh gaduh tatanggi, urang wetan, tepatna mah ti Madiun, di Cimahina teh ngontrak sareng kulawargi na, ngadon icalan Nasi Goreng, di caket Kampus Unjani, nya dina waktos usum mudik kamari ..... ,istri sareng putrana angkat ti payun !. Haduhhhh ... tah ti dinya pisan sim kuring kaideuan teh . Ang !
  28. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Garis takdir nu teu tiasa di halang-halang rupina mah Nyimas ! Duh ! , nuhun kana Nyeredetna Nyimas ! heu heu !
  29. Godi Suwarna: :"Tambih apik, tambih detil, tambih genah basana. Atuh tehnik 'ngadongengkeunana karaos tambih heded wae. Ti kawit titataregtog ngarang, ari ku leukeun mikimin, leukeun ngomentar fikmin nu lian bari daria, tuntungna mah Mang Yani teu burung janten fikminer moher....! Majuuu teruuus, Mang Yaaaan....!"
  30. Ratna Amalia: hiks hiks hiks...........
  31. Ara Stafari: tapi naon hartina cipanon ?
  32. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Duh ..ieungg !, abot nyuhun, abot nanggung!, abot narimakeunana. Kasauran Kang Prabu, Lir ..gentreng sora kacapi hate kuring, nu ngimpi ,keclak kanyaah Pangersa, bakal lana, netes, nuuskeun tikoro gahar. Rumaos ...nun !, sim kuring mung saukur nyanyandak karep, bari tetep ngeureuyeuh, mawa lengkah nu dadaligdeugan, mamanawian tiasa dugi ka nu diseja. Leres pisan Kang Perbu, piwuruk Pangersa, lajeng kaikhlasan rerencangan sadayana, estu janten batu asahan, nu mugia tiasa langkung nyeukeutkeun patekadan sim kuring. Sakali deui ..hatur sewu nuhun ,kana pangdeudeul sumangetna Ang Perbu !.
  33. Ahmad Yani: Ratna Amalia : Kunaon hiks hiks kan neng ? heu heu , manawi peryogi sumangga ieu aya tisue , salambar deui, hatur lumayan, manawi tiasa ngabantos ! he he he !
  34. Ahmad Yani: Kang Ara Stafari : Haduh ! , boa-boa lepatnya ? sim kuring, ngangge eta kecap ?. Dupi nu dipimaksad ku sim kuring mah, Cipanon teh nya ci soca tea Ang Ara Stafari!, cai nu biasa merebey, waktos urang mendak kasedih . Namung ...sakantenan seja mundut piwejangna ...Nun !, bilih sim kuring lepat ngalarapkeun ieu kecap !. Ngarumaoskeun nun !, masih tataregtog keneh, dina milihan " diksi " teh !, pamugi Kang Ara Stafari, luntur galih, kersa masihan bongbolongan ka sim kuring . Diantos pisan Ang !, hatur sewu nuhun parantos kersa mairan dina ieu lapak !.
  35. Ara Stafari: Naon hartina cipanon? maksadna,keurnaon nyeungceurikan nu geus teu aya mending dikintun du'a,meh puguh aya gunana. punten sanes kritik eta mah,mung komentar,mairan nu nyeborkeun cipanon tadi,kang Ahmad Yani.
  36. Ahmad Yani: Kang@Ara Stafari : Ambuing ! , hatur punten Ang !, sim kuring parantos lepat nyurahan pamaksadan Akang !. Rumaos nuju di ajar lelengkah halu Ang !, janten we !, sawangan teh langsung nojo, kana hartos kecap " Cipanon", mugia kersa ngamaklum, Ang !. Lajeng... perkawis Naon hartosna cipanon, sim kuring sapuk pisan kana pamendak Akang !, da saleresna cipanon moal tiasa ngarobih takdir.Namung dalah jalmi, ningan arang nu tiasa kiat nahan kasedih!. Hatur sewu nuhun Ang Ara !, haturan wilujeng sonten !
  37. Ara Stafari: mangga sami-sami kang,wilujeng sonten!
  38. Muhammad Shohiba Nu'man: Haruh, kacipta tiiseunana.. Fikmin nu ngahiji. Ti kalimah kahiji, nu maosna tos asa janten "si kuring". Nanging dina pungkasanana dumadak disodoran kalimah nu matak ketir. Tegep! wilujeng, Ang Yani..
  39. Yanti Sri Budiarti: Aya nu nyeureud kana tungtung jajantung...hiks! Kacipta gulak-giluk nyalira di bumi. Diriung-riung ku panineungan.
  40. Ahmad Yani: Ang@Muhammad Muhammad Shohiba Nu'man: Hatur nuhun Ang!, kana apresiasina !, nuju di ajar "Ngayas" manawi, tapi mung kieu ningan buktosna ! heu heu !
  41. Ahmad Yani: Neng@Yanti Sri Budiarti : heu heu heu ..sumuhun matak liwung manawi , dugi ka hilap ka bumi nyalira !, tampolana sakapeung mah, guguling sok kapireng aya lambeyyan ! hi hi hi hi
  42. El Hijar: keueung...
  43. Teti Mardiana: maca fikmin nu ieu, teu kawawa aya nu ngamalir dina pipi... ieu jempol sumangga kasanggakeun ka salira....
  44. Bening Selaksahati: mangga nyanggageun indung panangan , bade milarian heula carecet hik ... hik
  45. Ahmad Yani: Wartawan Leupas : Eta pisan nuju karaos ku abdi teh ! Kang ? heu heu. Hatur nuhun kana apresiasina !Ang !
  46. Ahmad Yani: Teti Mardiana: Hatur nuhun ,Teh? Katampi pisan jempolna, mugia tiasa janten rencang kakeueung abdi ! heu heu !
  47. Ahmad Yani: Bening Selaksahati : Ambuing ...! nuhun pisan , dugi ka sareng pananganna sagala ? he he , bade di pupusti pisan ! Nun !, bade disimpen di dama-dama, dilebetkeun kana kaca ! he he he !
  48. Teti Mardiana: Euleuh itu... panangan Neng Bening Selaksahati, ngagupayan tina kaca...
  49. Bening Selaksahati: Teti Mardiana @ ibu .... ibu.....mangga linggih
  50. M Dada Bz: paranti urang mun anteng teuing ngawayang diayun ambing ku kahayang. tah ieu pikmin ngabejaan.
  51. Ahmad Yani: Teti Mardiana : Kutan ... Panangan Neng Bening Selaksahati, tiasa gugupay nya?, apanan tos dilebetkeun kana kaca ? ..haduh tiasa janten Fikmin malem jumaah ! ieu mah ! heu heu heu !
  52. Ahmad Yani: Ang M Dada Bz : Sumuhun rupinamah, kana kitu pisan Ang !, upami urang pareng nyaliksik diri payuneun eunteungmah ! Hatur sewu nuhun Ang! Kana apresiasina ( Haturan wilujeng Wengi ! Ang ! )
  53. Teti Mardiana: fikmin malem jumaah mah atuh kedah nu kayas... ulah nu horor.. hehehe
  54. Teti Taryani: Emh... nu kabungbulengan...teu ngabibisani Kang...
  55. Tiktik Rusyani: Saha jalmina nu kiat dikantunkeun ku panutan , teu di sesakeun pisan. Mugia nu kaleleban sing teger tur pangger, uarng ge nuju antri hiji waktos dugi kana pastina.
  56. Ahmad Yani: Teti Mardiana: Heu heu heu ...siap seja diestokeun pisan ! Teh ! heu heu !!
  57. Ahmad Yani: Teti Taryani : heu heu ,,,sumuhun ! Teh , Nuju liwung nu taya tungtung manawi !
  58. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : Hatur sewu nuhun, kana pairan na... Teh!, nuju katurug katutuh manwi ! heu heu !
 
Nyi Fikmin

Meh unggal peuting, uing campego di korsi panghareupna. Melong manehna ngarengkenek di luhur panggung. Awakna jangkung sampulur nanding Aura Kasih, dipasieup ku beungeutna nu semu kareueut, matak ngacay rebuan baham nu teu bisa nahan calangap. Mun geus kitu uing sok ngadadak jadi ngajubleg. Pipikiran manco ngan keur manehna. Bari nyipta-nyipta si Nyai, bisa maca hate uing, jeung bisa ngahartikeun dua curuk uing, nu geus ngabagel, balas teu eureun-eureun ngetik ngaran manehna unggal wayah. “ Ieu lagu pamungkas ti Nyai !, hatur nuhun kana Kasumpinganana !” si Nyai nyorowok ti luhur panggung, mik napel na rema leungeunna nu rancunit. Rohangan diskotik eundeur, keprok tamplok. Hate uing muwuh leuwih kasirep ku talajakna. Tapi edas, beungeut manehna angger teu bisa katingali eces, robah ti waktu-ka waktu, kasorot ku mangrupa-rupa warna cahaya lampu blits, nu datang piligenti. Panon uing geus asa rek ngacleng tina cangkangna. Tapi nepi ka konser lekasan. Beungeut aslina weleh teu bisa ka tempo. “ Ah hiji waktumah, uing kudu langsung datang ka imahna ?, gerentes hate. Hayang nyaho beungeut si Nyai nu sabenerna waktu manehna hudang sare .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ade Nendang Rahman: Atuh ari hudang sare mah geura si Nyai teh sanes lamedong ku wedak, tapi ku dahdir.... heuheuheu.....
  2. Ahmad Yani: Kang Ade Nendang Rahman : heu heu !, panasaran tuda Ang !, tos aya tilu sasihna, sim kuring reureujeungan na hate jeung si Nyai, tapi dugi kadanget ieu, asa can tiasa, terang "raray"na, nu saleresna ? he he he he ...
  3. Meyz-Moelz Meliawati: Cobi keueuman ku cai uyah geura supados teu ngabagel mah kang,he...
  4. Ahmad Yani: Meyz-Moelz Meliawati : Heu heu heu ... Leres kitu ? , bade di cobian manawi, sugan aya karaosna !. ha ha ha ha ha !
  5. Tien Widartini Darodji: tah muhun upami hoyong terang pameunteu nu asli kedah dina hudang sare ,moal bau da artis mah sare nage teu weleh nganggo seuseungitan.he he he
  6. Meyz-Moelz Meliawati: Duka tah..da abdi mah pami curuk rada heuras alatan tipalitek th sok janten sae deui..aeh..curukna asa rada aheng ieu th nya nu dimaksad ku Akang mah..he..ampun ahh...
  7. Ahmad Yani: Teh Tien Widartini Darodji : Heu heu heu ..nyeta saur sepuh, pameunteu wanoja nu asli teh, saurna kedah di tingal waktos anjeunna gugah bobo !. ha ha ha ha. Manawi leres kitu oge, ah bade dilaksanakeun wae hi hi hi. sok sanaos saur Kang Ade Nendang Rahman mah, tangtos bakal seueur dahdiran ! hi hi hi !
  8. Ahmad Yani: Meyz-Moelz Meliawati : Ah ..henteu aheng !, da curuk nu dipimaksad teh , estu curuk biasa, nu sadidinten sok dianggo ngetik ku urang mencetan key-board laptop . ha ha ha ha !!, omat ah ...ulah diabur teung imajinasi salira teh ...bilih Kaduna Ngora ...teras ! teu asak-asak ! hi hi hi hi hi hi hi !
  9. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani,Pami leres bade ngabuktoskeun,mugi candak Kang Irman Dimyatie,sareng Kang Jejen Jaelani War,kanggo saksi.Ari Kang Iwan Hanjuang mah moal keresaeun margi patilasan anjeuna
  10. Maman Damiri: Mun rek ngadon nganjang ka manehna tong hilap sampeur sim uing !
  11. Ahmad Yani: Kang Iwan R Jayasetiawan : Aeh...aeh ... sumuhun! leres !, asa janten kaemutan. Muhun ah bade nyobian ditaroskeun ka aranjeunna, engke upami pareng patepang ! heu heu heu .
  12. Ahmad Yani: Maman Damiri : Heu heu heu ... diperhatoskeun pisan Uwa !, namung omat, oleh-olehna kedah ti Pangersa Uwa ! nya ? hi hi hi hi !
  13. Ki Hasan: Jigana mun uing hayang ngararampa jiga kumaha beubeungeutan fikmin, tewak we dua gulang-gulangna. Nu hiji nu cetuk huis, nu hiji deui nu rada gereba. Ngaguliksek paguneman eta dua gulang-gulang, asana cukup ngawakilan keur ngararampa beungeut fikmin Sunda. Hehehe.
  14. Iwan Hanjuang: nu geulis mah kudu hatena,jujur jeung nyaah,geulis ngan saukur pupulasan ,beungeut nyanghareup ati mungkir mah keur naon,geulis .ngora aya bosenna tapi hate mah,moal laas ku hujan jeung panas...
  15. Tien Widartini Darodji: euh patilasan ayi Iwan Hanjuang anu kasabarahanya ,dasar atuh Arjuna fikmin seur patilasanana ,teu aneh nya ,heu heu hu heuh
  16. Iwan Hanjuang: Tien Widartini Darodji.akang mah bageur say...
  17. Ahmad Yani: Ki Hasan : Heu heu heu .. Tah... tah ...tah !, rupina leres kedah kitu nya ? heu heu heu ...Ah bade tataros heula rupina, milari waktos nu rineh ! , hatur sewu nuhun Ang ! , kana pituduhna !
  18. Tien Widartini Darodji: yi,lepat nyerat tah,sanes baGeurtapi baDeur ha
  19. Ahmad Yani: Kang@ Iwan Hanjuang : Nyeta rada sesah manawi Ang!, ningali lebet hate wanoja mah ! ha ha ha !. Kedah gaduh alat "Pendeteksi" nu canggih manawi Ang !? heu heu heu .... Cikan atuh, manawi di Ang Iwan aya, seja nambut sawengi we Nun ! heu heu heu !
  20. Iwan Hanjuang: sabenerna mah rasa urang nu seukeut,nu bisa mastikeun mah,dina sorot mata ge kudu geus kabaca ,dina ucapna kudu geus kajudi,ngan lolobana poho jeung poek kasilib ku rupa dihareupeun urang.
  21. Ki Hasan: Kang Ahmad Yani. Ngarah rada seru mah jigana, teu kedah naros langsung ka jinisna. Mending make jurus lima sobat atawa conan. Cukup ku nyusud pitapakna. Heheh
  22. Ahmad Yani: Kang@Iwan Hanjuang : Mungguh rasa , ningan teu kinten sesah ngasahna Ang !, da rumaos hirup, muwuh pinuh ku areuy rereged. Janten sakalieun hoyong dipenta tulung teh, kalahka malik ngadilak, da isin balas ku mintul ! heu heu heu !
  23. Ahmad Yani: Ki Hasan : Jurus lima sobat, memang asoooy kacida Ang !, ngajak urang nyungsi harti nu nyamuni, ku cara meres kesang sorangan !, namung nyeta... lumayan oge tarahalna jalan nu kedah di sorang, sok komo upami dadasar pangaweruh kangge janten " Detektif" dadakan teu acan nyampak ! heu heu heu !. Tapi nyaan asa aya tantangan nu matak pikaresepeun !!Ang !. Insya Alloh... seja di cobian ah !!, sok sanaos bari tetap utag-atog ge !, manawi wae bakal seueur jalmi nu haat, tiasa ngalelempeng lengkah, nu bade di sorang !. hatur sewu nuhun ! Kang !
  24. Jojo Johari: Disebut Nyi teh pedah tungtung ngaranna aya "MIN". Tapi Amin mah Ujang/Akang/Bapa/Abah. Ngadimin mah komo Mas! heuheuheu ..aya-aya wae, nya uing mah? hareueueuh!
  25. Iwan Hanjuang: dina pelebah dieu memang lalaki teh kudu percaya diri,tapi angger da kudu ngaji rasa,urang ka si eta,kira-kirana payus teu jeung kaayaan urang.urang menta tulung ka si eta bakal nulungan moal.apan aya elmu logika nu ku urang sok teu sadara atawa teu karasa.
  26. Ahmad Yani: Kang Jojo Johari : Ha ha ha ha , tah eta pisan Ang !. Rada hulang jentul manawi sim uing ge ,waktos nyebat Nyi ..teh !, paur Mas Ngadimin ...ngambek !! hi hih ih ih hi
  27. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang : Haduhhh ..nyaan Ang Iwan !, dugi ka eungap yeuh sim kuring meres harti cariosan salira !. Tah dina perkawis Ngaji rasa, rupina tangtos bakal aya padungdengan nu ragot dina batin urang teh, namung anu janten kabingung sim kuring teh, naha kedah saha atuh nu janten Mahkamah Agung kangge diri urang, nu tiasa nyindekkeun kasimpulan, tina adu renyomna rasa? , dalah upami di sanggakeun ka logika !, sok rajeun ningan logika mah, mung ngamuhit elmu nu nyoko kana teori kausalitas ?
  28. Iwan Hanjuang: kahijina mah pangalaman Yi mahkamah teh,kadua kesimpulan peristiwa nu kaalaman ku batur,ka tilu feling anu kuat,ka opat mah takdir.Dongeng. aya hiji jelema rek kalembur ngaliwatan leuweung mun hayang deukeut,aya eta ge jalan lain ngan muter waktu tempuhna lila.jelema teh barang rek asup ka leuweung,aya nu ngabejaan,ulah jalan dieu aya maung keur lapar,jelema teh maksa asup,datang katengah leuweung gok jeung maung,tuluy dikerekeb,paeh tah jelema teh.aya deui jelema rek asup ka leuweung ,sarua dibejaan,teu jadi tah jelema teh muter jalanan .salamet.aya deui jelema asup ka leuweung eta euweuh nu ngabejaan,gok jeung maung,dikerekeb ,paeh tah jelema teh.cing kesimpulan ayi kumaha tina dongeng ieu..??
  29. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang : Nyobian napakuran, ilustrasi kahirupan, dina wujud dongeng di luhur, kacindekan nu ngancik dina hate sim kuring rupinamah kieu : Jalmi nu kahiji, nu bade motong jalan lebet kaleuweung, tos aya jalmi nu haat ngawartosan, namung tetep neugtreug maksa, dugi ka antukna tiwas, di legleg maung. panginten kalebetna : JALMI NU ALIM NGEUNTEUNG KANA PANGALAMAN DEUNGEUN. Lajeng Jalmi nu ka dua, nu maksadna sami, namung kersa nurut kana pituduh nu sanes, lajeng dilaksanakeun, antukna Salamet dugi ka tempat tujuan sok sanaos Leumpangna muter ( Rada benten ti tujuan mimiti nu hoyong caket, ku jalan norobos leuweung ), ieu jalmi tiasa disebatkeun : JALMI NU KERSA NGUPINGKEUN, TUR KERSA DI AJAR TINA PANGALAMAN BATUR. Lajeng jalmi nu katilu , nu kaleresan teu aya milik pendak sareng nu ngabejaan .Tiwas dikerekeb maung. Pamendak abdi : ieu jalmi kalebet : JALMI NU TEU PENDAK SARENG PITUDUH BATUR ( namung dina perkawis kasang tukangna teu ieuh jelas, naha manehna teh Kedul neang pangalaman, atanapi takdir ) tapi abdi asa rada condong kana TAKDIR , sok sanaos tiasa janten bahan paguneman nu rada ragot. Rupina kasimpulan nu tiasa nyangkaruk dina hate sim kuring tina eta ilustrasi, nyaeta: Jalmi kedah kersa ngeunteung kana pangalaman deungeun, namung taya hiji jalmi ge nu tiasa nentang kana garis takdir nu tos ditangtoskeun ku nu maha kawasa . Kitu tah Kang Iwan, rupina, kacindekan nu tiasa ka ala ku sim kuring, nu rumaos masih keneh hejo tina pangalaman hirup . Hatur sewu nuhun Ang!, dina hate sim kuring tos ngawitan katingal enyay-enyayan aya bola beureum nganteng tina saneskanten kasauran Akang !
  30. Ahmad Yani: Ambuing !! leres ningan Ang Iwan : Mahkamahna teh Pangalaman nya? eta pisan nu nyandak salamet, jalmi nu kadua ! nu tos kersa ngeunteung kana pangalaman jalmi nu tos haat masihan pituduh!. Duhh ... ieung !, asa hoyong murak leuwih jero !! ngeunaan : " Pangalaman mangrupa Mahkamah Hate !? " .
  31. Iwan Hanjuang: Bener pisan yi,pangalaman,pituduh,ngeunteung,atawa wangkelang,teu cukup ,aya nu sok dipopohokeun takdir tea,tepat pisan ayi neuleuman dongeng teh ,jadi jelema mah angger kudu ihtiar tapi tetep pinalna mah aya di nua kawasa.
  32. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani,Sing asak ngejo bisi tutung tambagana. Barabe kang upami kejo oge tambaga sami-sami tutung mah.heheheh
  33. Yat Minus Kasepna Thea: upami dina panggung mah tangtos katawis geulis margi di poles ku make up....numwi saupami salira bade nyidikkeun si nyai nuju lugay tina kulemna...satuju pisan....
  34. Rohendi Pandeglang: asik fikminna, asik komenna, asik asik asik lapakna euy.... Beuki pogot... Hanjakal waktu noongna beuki eutik kwarimah yeuh kula... Ber tah jempol Ka.
  35. Godi Suwarna: :"Asooooy gebooooy, Mang Yan...! Nyeratna ngentepseureuh. Apik ngawangun suasana konser sareng 'jeroan' si uing. Pungkasanana oge ngaleok ka nu teu disangka-sangka. Sok sanaos aya kecap nu kirang pas, kaubaran ku jenglengan fikminna nu weweg..."
  36. Ahmad Yani: Kang Iwan R Jayasetiawan : Sapuk pisan Ang!, memang ideana mah kedah kitu pisan..Nun !. Mung nyeta ningan ari nuju "lapar" mah, komo bari diudag-udag ku kahayang nu nyongsrong mah, tampolana sangu gigih ge !, sok teras wae di samualkeun. Antukna panangan we nu katempuhan balas cangkeul ngagaro imbit nu karemian ! ha ha ha h a ha ha ! ( Hatur sewu nuhun ! Ang ! , nuju usum naon yeuh di Tasik ? he he he ... )
  37. Ahmad Yani: Yat Minus Kasepna Thea : Lares pisan Ang !, kedah di tempo langsung ka bumina manawi, komo mun pareng pendak nuju lugay tina kulemna mah !, pasti moal nyalahan deui tah, ningali geulisna nu sajati Nyi Fikmin teh ! heu heu heu , hatur sewu nuhun Ang ! tebih-tebih ti Cibinong parantos rurumpaheun kersa mairan ! Katampi pisan ! Ang !
  38. Ahmad Yani: Aka Rohendi Pandeglang: halahhhh ... ku naon atuh ? si Aka teh bet rurusuhan ? boro tos atoh rek namplokkeun ka sono ! he he he !. hatur nuhun pisan Aka , kana apresiasina . Nyeta nuju nikreuh we , bari sok sanaos dadaligdeugan ge, hoyong tiasa nepi, nepungan Nyi Fikmin ka bumina !. heu heu heu !
  39. Kokom Komariah: Haduuh teu sangki pangalaman kang Iwan Hanjuang meni merekis kitu, abdi janten mukmak mekmek yeuh sagala diasupkeun , ditambih ti Kang Ahmad Yani, ngan sieun kabuhulan. Kedah ku cai herang heula diselang.
  40. Ahmad Yani: Kang Godi Suwarna : Asa bungangang ieu manah !, nguping pangdeudeul sumanget ti Ang Perbu!, seja ngeteyep we ..Nun !, mamanawian tiasa dugi ka nu dipiharep, tepang jonghok sareng Nyi Fikmin nu tos lami janten bentang lamunan sim kuring. Ieu Fikmin basajan teh ku sim kuring ngahaja di aos deui sababaraha balikkan, ari pek teh leres pisan masih keneh seueur kalepatan, utamina dina milih diksi nu kirang pas. Di antawisna wae, kecap Campego nu tangtos kirang merenah ( Piraku Campego, bet dina korsi ?). Katampi pisan koreksina, kangge bahan lenyepaneun sim kuring ka payun, nu teu kinten ageung pisan mangpaatna.
  41. Deni Riaddy: Ang, cobian atuh mondok di bumina geura. pasti katingal asli pas gugah bobona.......
  42. Tanti Damayanti: Leuh kang Iwan Hanjuang, Kolot kalapa, mani jero..... , lah teu acan kataekan komen jiga kitu teh, jempol wae kanggo nu nyerat sareng nu koment ...
  43. Ahmad Yani: Deni Riaddy : Heu heu heu , kitu pisan kahoyong mah , Ang!, namung kumaha atuh? boro-boro tiasa mondok di bumina, dalah sakalieun patepung di jalan pasampangan ge, ieu beungeut sim Uing, tos teu mangrupa balas cipruk ku ciduh ! hi hi hi hi hi hi hi . Tapi teu ieuh janten nyeri hate, da rumaos sim uing mah tos buleud karep, hoyong tiasa naklukeun hate Nyi Fikmin . Sok sanaos duka jaman mana tiasa ngahiji jeung hatena ! ha ha ha ha !
  44. Ahmad Yani: Neng@Tanti Damayanti : Leres pisan pamendak teh, dalah sim kuring ge, dugi ka beueus cisoca, bakat ku bungah, mendak piwuruk ti nu janten Lanceuk ( Ang! Iwan Hanjuang !), nu sakitu jerona. Bahan lenyepaneun nu tangtos ageung pisan mangpaatna, kangge batur ngalengkah nyorang jalan tincakeun nu pinuh ku areuy hahalang.
  45. Ahmad Yani: Kokom Komariah : halahhhhh ... kutan dugi ka makmek-mekmek kitu nya ??? heu heu heu , antare wae atuh Teh,cing salse ! ? kade ah bilih janten kabuhulan . Hayu gera urang teras keleketek Kang@Iwan Hanjuang teh, moal teu murudul gera elmuna !, kangge pulunganeun urang sarerea !
 
Dua Taun Deui !

Sora Bueuk ngelak, unggal peuting, dina tangkal Lengkeng, di buruan imah ki Juha. “ Moal salah, aya nu Jinah, di lembur urang !”, tatangga ting kecewis. Buruan imah Ki Juha jadi lenglang, kabeh tatangkalan di bukbak. “ Jang suluh, iangeun ka Kota” jawabna ka nu nanya. Bueuk terus ngelak, tempatna pindah, nyengcle na suhunan imah ki Juha . “ Goblog , Bueuk teh !, piraku ari kudu ngarugrugkeun imah mah !” gerentes ki Juha. Pasarandog jeung budak awewena nu cikal, di dapur. Beungeut Ki Juha ngadadak nyiak, laju ngabalieur, malikkeun lengkah muru ka tengah imah. Lebah kalender nu ngagantung na tembok, Ki Juha ngarandeg. “ Duh …! dua taun deui !” manehna ngarahuh. Enya dua taun deui pamajikanna, karek bisa balik ti Arab Saudi.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Tien Widartini Darodji: beu sigana sicikal jadi korban ,deudeuh teuing ku teu boga rasrasan
  2. Pak AdSulaeman: Iman mah kuat, Imin teu kiat, kontrakna lami teuing tu da
  3. Godi Suwarna: :"Weiiis, fikmin petingan, yeuh...! Emutaneun bapa-bapa..."
  4. Pak AdSulaeman: Tak tage tong sina angkat ka saudi, atuh.
  5. Ahmad Yani: Teh Tien Widartini Darodji : Heu heu heu ..."Kedah kumaha deui atuh !?, bonganna ngan eta-etana nu aya " Ceuk Ki Juha, ngalengis bari panonna peupeureudeuyan, semu nu gumasep ! hi hi hi !
  6. Ahmad Yani: Pak AdSulaeman : heu heu ..." Da sim kuring mah, teu kantos ngiring nanda tangan kontrak !!" ceuk Cep IMIN, bari nyerengeh !
  7. Ahmad Yani: Kang Godi Suwarna : Sumuhun Ang !, Lampu Beureum, kangge Bapa-bapa nu ceehan eleh ku hawa tiris ,,,,, he he he!, Hatur sewu nuhun Ang Prabu , kana apresiasina. Ambuing... lami teu tepang, nguping wartos tilu dinten tilu wengi, saurna , ngeuyeuk proyek di Pangandaran !?, he he he... Wilujeng Leleson Ang Prabu !
  8. Ahmad Yani: Pak AdSulaeman: Abot na mah nataku, namung dalah dikumaha, upami bojo teu angkat ka Saudi, rupina moal ngebul dapur teh ! heu heu !
  9. Tiktik Rusyani: Sok atuh ka para bapa,sing soson-soson usaha ngarah garwa teu kedah janten pahlawan devisa, bari nasibna kalah katalangsara, kapan tugas istri mah ngurus rumah tangga. Sanes kitu?
  10. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani.Meupeus keuyang .Margi teu aya konfensasi
  11. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : Mangga , seja diestokeun pisan Teh ! hi hi hi !, nyuhunkeun doana wae, mugia Papayung Nagri " Tiasa langkung Eucreug " dina raraga ngolah nagara ! he he he !
  12. Ahmad Yani: Kang Iwan R Jayasetiawan : hi hi hi hi .... untung si Cikal bageur !
  13. Wawan Darwan: Milarian deui we atuh kang Juha.........hehe...lebar bulukan etah
  14. Irman Dimyatie: Tah, di dieu perluna boga pamajikan leuwih ti hiji teh! Keur Ki Juha atawa jalma sejenis Ki Juha, nyandung geus jadi WAJIB. Naon sababna? Nyeta kitu, paur kajantena sapertos dina fikmin di luhur. Deudeuh teuing ka Si Cikal. Karunya teuing ka calon salakina. Rajeun meunang pamajikan pasesaan mitoha. Naudzubillahi min-dzalik!!!
  15. Irman Dimyatie: Hidup Nyandung!!!
  16. Ahmad Yani: Wawan Darwan : Heu heu heu ... milarian deui ? nyeta abot ku waragadna Ang ! , janten weh ..... ! Aduh ! .... ieungggg !!
  17. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani. Jurus Kang Irman sareng Kang Jejen tos kaluar. Mani bentes eta nyebat Nyanduuuuuuuuuuuuuung hahahha
  18. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : hi hi hi hi ...Meni asa di pupujuhkeun ku uing ! ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha ha !!
  19. Ki Hasan: Kumaha mun mut'ah we atuh Ki Juha. Bekel aya kintunan bojo ti Saudi. Fatwana mah ngadeuheus ke ka ustad Irman Dimyatie, ustad Ahmad Gibson, ustad Ahmad Fawzy Imron, atawa ustad Iwan Hanjuang.
  20. Ahmad Yani: Iwan R Jayasetiawan : ha ha ha ha ha !! sumuhun meni nyantok ! , langsung bangenan yeuh useup teh ! ha ha ha ha ha !!
  21. Iwan R Jayasetiawan: Ditonjok Congcot yeuh!
  22. Jejen Jaelani W: heuheuheu....... Kang Irman Dimyatie, eta teh Ki Juha atanapi Ang Herdi Pamungkas..... boa-boa nya nu nyerat fikminna.... halabhab.... teu acan kakeclakan...
  23. Irman Dimyatie: hahahahahaha...... eta eupan meni ku pelem.
  24. Ahmad Yani: Iwan R Jayasetiawan : hi hi hi hhi hi hi hi ... sae pisan tah pari paos teh !! xixixixixixixi ! tepat ....! upami pelor mah , nanceb dina angka 10 ! ha ha ha ha !
  25. Irman Dimyatie: sapertosna kitu, Ang.
  26. Jejen Jaelani W: Eh boa-boa Kang Iwan R Jayasetiawan nu tos lami ngahgar...
  27. Ahmad Yani: Irman Dimyatie : Asa rareuwas nya Ang !, aya nu ngangge nami anyar !, sareng rada panjang deuih ? boa-boa yeuh ! ngadamel KTP Ganda ? , duka kangge naon maksadna tah ! ? he he he he he !!
  28. Wawan Darwan: Sok lah ku akang di dukung rek nyandung mah....bisi kurang waragadna mah.....menta we ka.......kang Jejen heuheuy deuh...
  29. Jejen Jaelani W: Kang Ahmad Yani tong waka curiga, bilih paliron, eta aya nami nu sami, Ang Jejen Jaelani, numawi ditambihan, bilih Ang Jejen Jaelani nyandung der we anggota DPR nyangki ka abdi....cilaka aya bahan diketig punduk
  30. Ahmad Yani: Kang Wawan Darwan : heu heu heu , tos tikamari ngaheroan ka Kang Jejen Jaelani Wargadipura, teh , namung edas ... kalah di antep we, ngajentul dina golodog ! ha ha ha !
  31. Jejen Jaelani W: hahaha....Yi Wawan Darwan, ke nya bade ngorowot heula toilet nu 20 M sareng ruang rapat nu pangaosna 20 M, bilih hoyong mah raradan we tah toilet tilasna..... hehehe...
  32. Yat Minus Kasepna Thea: hahhayyyyy....kabayang humaregungna ki juha...nahan teterelna si kardun...heuehuehue
  33. Ahmad Yani: Kang Jejen Jaelani Wargadipura : Heu heu heu .... kutan kitu kasang tukangna teh Ang ! , Sip lah !, kahartos ayeuna mah. Da leres atuh hawatos ka punduk , bilih ka ketig ka 11 kali na ! ha ha ha ha ha !
  34. Wawan Darwan: Ulah kitu kan Jejen Jaelani Wargadipura karunya ka Yi Ahmad Yani maenya kudu ngajual Toilet mah....kacida heheuy deuh
  35. Jejen Jaelani W: hahaha....halah eta Jejen Jaelani, asa ku tega nyaru janten abdi, jigana bade miceun salasah tah.....
  36. Jejen Jaelani W: Ang Wawan Darwan, da tos biasa Kang Ahmad Yani mah ical galeuh kokorompong.....
  37. Ahmad Yani: Yat Minus Kasepna Thea : he he he he ... enya gera pang longokkankeun ki Juha teh Ang ! , hawatos .... bilih langkung parna ! hi hi hi hi hi!
  38. Irfan El Fikr: Dugi kakituna Ki Juha.
  39. Wawan Darwan: oh kutan...kitu nya ? tos lami yi Ahmad Yani kana kokorompong teh ? aya icalen yeuh.... hehe
  40. Irman Dimyatie: Naha Wargadipura, Ang Jejen teh? Sanes Wargakadungora????
  41. Tien Widartini Darodji: hey wargi wargi ,terang teu hukuman kanggo nungaruksak anakna sorangan taya deui nucocok salian... kedah di sunatan deui
  42. Jejen Jaelani W: Yeh ari Kang Irman...ti kamari sirik bae ari hoyong nyandung mah der we Kang, ulah ngekesek abdi.....
  43. Jejen Jaelani W: Bu Tien Widartini Darodji, atuh ari kitu mah Kang Irman Dimyatie teh kedah disunatan deui nya Bu
  44. Wawan Darwan: Sok atuh urang sarunatan deui...aya pesona mah seukeut yeuh hehe
  45. Tien Widartini Darodji: naha Iman Dimyatie sanesJejen Jaelani W heuheuheuh
  46. Jejen Jaelani W: sanes, Kang Irman Dimyatie saur Kang Iwan Hanjuang teu acan babalik pikir..... hehehe....
  47. Ambuna Kaka: lami keneh ningan!
  48. Ahmad Yani: Ambuna Kaka : karunya ka si Cikal we ! Duh ! hi hi !
  49. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani.Jelas pisa kakuping ku abdi,Kang Jejen Jaelani Wargadipura, nyebat bedul teh lila keneh pisan.kaburu nyandung heula hehehhe
  50. Ahmad Yani: Iwan R Jayasetiawan : hi hi hi hi ... manawi teh tos daramang ! ha ha ha ha ha ha ha !!. pek teh kalhka langkung segut ! hi hi hi hi !
  51. Abi Ceuceu: ehm,,,meni hawatos,,, *bari milangan cangkang supermi,,,
  52. Teti Taryani: Sing sabaaarrr....
  53. Ahmad Yani: Abi Ceuceu : hi hi hi .. aya ku lucu, kangge naon milari cangkang supermi wengi-wengi !!? hi hi !
  54. Ahmad Yani: Teti Taryani : "Neda piduana wae Teh !, Si Abah cing enggal babalik pikir " Ceuk si Cikal bari nginghak ! hi hi hi !
  55. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: dua taun deui sabaraha malem Jumaah nu baris lapur tah
  56. Muhammad Shohiba Nu'man: Astaghfirullah.. tingsariak kieu maosna.. Ngageregel kieu fikmin teh, ang! Jempol
  57. Bening Selaksahati: bonagn ajeun kang juha teu jadi lalaki sajati , hayoh ngawidian bojo ka Arab saudi , janten putra nu nanggel nafsu birahi nu nyandak campuhna azab gusti
  58. Ahmad Yani: #Nyimas Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Rupina kana kituna, bakal sering keneh ka dangu, inghak si cikal, meupeuskeun jemplingna peuting, nu teu ieuh tiasa ngalawanan rongkahna nafsu !
  59. Ahmad Yani: Muhammad Shohiba Nu'man : Ngahelas nyeta Ang !, nyawang jalmi nu teu tuah teu dosa, kedah janten korban, bejatna moral, nu di akibatkeun ku Sistem Hirup nu amburadul !
  60. Iwan Hanjuang: akang moal nyebut berenuk ah,hampura we nya..
  61. Bening Selaksahati: Iwan hanjuang @ dihapunten kang ...mung ulah sakali - kali deui he he
  62. Ahmad Yani: Bening Selaksahati : Leres kitu pisan manawi !, padahalmah nya mun seug Papayung Nagri, tiasa nyumponan kaperyogian rahayatna, tiasa nyadiakeun pakasaban, moal aya sigana kajantenan nu teu kinten biadabna sapertos kitu ! Duhhhh ...ieungggggg !!!
  63. Irman Dimyatie: Berenuk = Benda Renjul jiga maNuk.....
  64. Iwan Hanjuang: ieu fikmin daria pisanmjadi akang teu wasa mun netik berenuk,sing sumpah daek medu..
  65. Irman Dimyatie: Ari fikminna mah anti berenuk.... ngan dina komen berenuk wungkul..... tapi, keun bae lah.
  66. Ahmad Yani: Kang@Iwan Hanjuang : Janten asa kapiring leutik yeuh !, balas ku ngarumaoskeun !, hatur sewu nuhun pisan Ang !
  67. Irman Dimyatie: hahahahaha....... kapiring leutik teh naon, Ang Ahmad Ahmad Yani?
  68. Ahmad Yani: Kang @Irman Dimyatie : Sumuhun rupina bade di piceun wae ti kawit ayeuna mah kecap "berenuk" teh, rumaos ari tos gogonjakan teh sok kamalinaan ..heu heu heu !, hatur nuhun Ang Irman !
  69. Irman Dimyatie: ih... ulah! Kecap 'berenuk' teh nambahan kosa-kata basa Sunda. Keun bae..... hahahaha... (naha kana judul fikmin deui lumpatna)
  70. Irman Dimyatie: Titadi hayang ngapungkeun fikmin, Ang. Ngan hanjakalna teh.... ilhamna lok-emol wae.
  71. Ahmad Yani: He he he he he ... sok der atuh apungkeun Ang@Irman Dimyatie , meungpeung nuju rineh yeuh dinten ieu teh ! heu heu !
  72. Nana Sukmana: Waduh, fikmin realis didugikeun lantip pisan. Ngebrehkeun ngagulakna antara rasa, kasieun, kahayang, sareng tanggung jawab. Dorongan hormon felinetilamin, endoprin, oksitosin, memang sesah disidemna. Nu ngarang henteu janten hakim, sadayana dibukakeun, disanggakeun ka nu maca. Ngajedak yeuh kana sirah. Jempolsss!
  73. Endah Dinda Jenura: surti tapi peurih, hiks!
 
Wanted

Ti saprak Bapa dicangkalak ku jalmi-jalmi nu rambutna cepak. Pameunte Ema, sok katingal carindakdak. Upami wengi, Ema sering ngalamun, melong langit, ngumbah kapeurih ku cisocana. " Kunaon, Bapa teh teu uih deui ! Ema !?" Uing ngawani-wanikeun maneh nembrakeun eusi hate, bari nyusupkeun beungeut kana tulang harigu ema anu geus ipis. Ema kalah ngabalieur, nutupan beueus socana ku dampal panangan. Peuting beuki mongkleng, samongkleng soca Bapa nu digarisan spidol hideung, basa uing maca koran di tatangga tadi beurang. Dihandap foto Bapa, aya tulisan, ngan sakecap. Wanted !. Cenah !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: biasana sok aya jumlah hadiahna..??
  2. Gunawan Sejati: make rarangken dolar tihareupna..
  3. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang , heu heu heu .... tangtos diperhatoskeun pisan !, sumangga atuh bilih aya maksad janten Intel independent !!! hi hi !
  4. Ahmad Yani: Gunawan Sejati ! heu heu ... bade ngangge Kurs rupiah, manawi Ang !
  5. Kimomonk Arthawee: Alatan bapa kacangkalak bakal banyak pajabat pangkatna ...naek..
  6. Lies Tjandra Kancana Sudarma: Aduh ! Kang Iwan.. deudeuh teuinbg Kunaon atuh ????
  7. Gunawan Sejati: moal ah jadi leutik atuh hargana..WANTED mah layanna dollar..
  8. Ahmad Yani: Kimomonk Arthawee : heu heu ... nyair dina cai kiruh, rupina mah nya ! Ang ? heu heu !
  9. Ahmad Yani: Lies Tjandra Kancana Sudarma : Kang Iwan Hanjuang ! , eta di taros ku Teh Lies Tjandra ! he he he !!
  10. Ahmad Yani: Gunawan Sejati , Heu heu heu ... baong ieu mah intel teh ! , sok maksa wae ! ha ha ha ha ha !!!
  11. Iwan Hanjuang: Lies Tjandra Kancana Sudarma... aya we...
  12. Teti Taryani: Pami pareng kacangkalak, dampak negatipna...wayahna hidep bakal katalangsara... tapi dampak positipna bakal naek pangkat tah juragan pulisi teh...
 
Galecok

" Dupi jalmi, nu nuju sare na handapeun tangkal kai di sisi jalan, teh saha Paman ?", tanya Pangeran Sidharta Gotama, semu hookeun, waktu anjeunna di ajak jalan-jalan, ka luar karaton ku Ponggawa Karajaan .
" Eta teh, jalmi nu bara maen ! Gusti ! ".
" Naon ! ari, bara maen teh Paman ?"
" Bara maen teh, Jalmi miskin, nu teu gaduh nanaon, Gusti !"
" Tapi katingalna , manehna teh sakitu bagjana paman !, bobona dugi ka kerek, Cobi tingali!, lambeyna ge semu nu imut, siga nu nuju ngimpen endah naker !"
Ponggawa Karajaan , bati ngahuleng teu bisa nembal.
" Upami kangge mendak kabagjaan, sakitu gampilna, kunaon atuh kuring bet dipaksa ku Bapak, kedah jadi Raja Sagala ?". Biwir Ponggawa beuki balem. Pangeran Sidharta Gotama, nyulam niat, hayang ngamerdekakeun dirina, tina rereged dunya.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Gunawan Sejati: Jero ieu mah..
  2. Eel Nurlaela: Pami Aya nya Ayeuna di Urang jiga Sidharta Gautama !hhehhe
  3. Eel Nurlaela: Kang Gunawan Sejati@ Summmmmmurrrr !kaleeee Jeroo00000!hehe
  4. Usin Muhsin: kabagjaan moal bisa dihayang-hayang atawa dijieun-jieun,estu pikeun jalma nu dipilihNa.
  5. Jejen Jaelani W: Enggal atuh geura jugjug liuhna katengtreman tangkal Bodisatwa...
  6. Ely Nurtini: singhoreng hirupteh teu salawasna gumantung kana materi......
  7. Iwan Hanjuang: kabajaan teu bisa diukur ku pangaboga,nu malarat ni'mat sare nygrek,nu beunghar teu bisa sare..
  8. Iwan Hanjuang: neangan jurus nipu..
  9. Iwan R Jayasetiawan: Pedah bae eta mah can ngarasa hirup tunggara
  10. Ahmad Fawzy Imron: pulunganeun.. Hikmah kahirupan mah horeng aya di mana2,, Hatur nuhun fikminna kang.
  11. Ely Nurtini: abdi mah milih beunghar bari nyegrek ah......
  12. Ahmad Yani: Gunawan Sejati ! , jaro naonna Ang ? hi hi !
  13. Ahmad Yani: Eel Nurlaela, Tos kantun sajarahna panginten ! , mungguh jalmi ayeuna, tos kapeungpeukan ku dunya !
  14. Ahmad Yani: Usin Muhsin ! heu heu . sumhun Nun !, rupina urang teh tos tigebrus kabongroy ku " KULIT" ngahihilap kana "EUSI" ! heu heu !
  15. Ahmad Yani: Jejen Jaelani W ! he he he ... hilap deui nyeta Ang !, alamatna teu kapendak, kedah nyuhunkeun bantosan rupina mah, ka Ayu Ting Ting ! he he !
  16. Ahmad Yani: Ely Nurtini, Muhun eta pisan rupina mah ! Teh !
  17. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang, hakekat nu nuju hirup di "Pangumbaraaan " rupina mah Ang !
  18. Ahmad Yani: Ang Iwan R Jayasetiawan, kitu oge tiasa ! Ang !, curiga mah tangtos kedah aya !? he he he !
  19. Ahmad Yani: Ang Haji@Ahmad Fawzy Imron, hatur sewu nuhun, upami katampi mah Ang ! he he !
  20. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani, ayeun mah curiga teh usum dimana-mana yeuh hahahaha
  21. Cassa Grande: Sanaos tebih. Hikmahna mah caket. Htrnuhun
  22. Apoedy Sarah Ihsan: kona'ah nu matak bagja.. hiks..
  23. Nana Slamet Tresna Aji: fikmin pelem ang Ahmad Yani, pogot maosna mangga nyanggakeun jempolna
  24. Ahmad Yani: Ang Iwan R Jayasetiawan : heu heu heu , sumhun rupina gedah ngawitan caringcing pageuh kancing, cing saringset pageuh iket ! ( Muriding sieun ku ucing, ngabalicet ...nyumputkeun liwet !!! Ha ha ha ha ha ) , Hatur sewu nuhun Ang ! Iwan ! , kumaha Hawa di Tasik , ayeuna ? di Cimahi mah ... sarung dugi ka parebut !, bakat ku ngahodhod !!
  25. Ahmad Yani: Cassa Grande , Saminuhun Ang ! hatur lumayan , landong ngalamun ! he he he !!
  26. Ahmad Yani: Apoedy Sarah Ihsan : Kana kitu rupinamah Ang !, sihoreng Kabagjaan nu di pilari dugi ka dug hulu,pet nyawa teh !, si koreng nyokona aya dina manah urang sewang-sewangan. Hatur sewu nuhun nun !, parantos luntur galih, kersa nyurahan fikmin sim kuring !
  27. Ahmad Yani: Nana Slamet Tresna Aji : Hatur nuhun upami katampimah Ang !, hatur lumayan wae, etang-etang rencang sarung, dina raraga mayunan hawa nu sakieu tirisna ! he he he he !
  28. Nana Sukmana: Wah, wah, wah, teleb pian, Kang. Tingtrim pisan ieu nagri upami pamingpin kagungan emutan sapertos kitu. Namung geunng, di urang mah nu baramaen, anu mariskin, anu malarat téh diaranggo komoditas ku nu jareneng. Diicalgaleuhkeun kanggo néplokan beungeut kakawasaanana.
  29. Asép Bénito Aripin: jerooo pisan, fikmin pisan, jempol pisan kang :)
  30. Teti Taryani: Emh... nerep pisan Ang ieu putra mahkota nu palay ngudag kabagjan ku jalan sae teh...Duh enonesaa... iraha anjeun tinemu pamingpin nu sapertos kieu...???
  31. Ahmad Yani: Ang@Nana Sukmana !, leres pisan Ang!, mung bati kahoyong ningan urang teh, gaduh Papayung nagri nu arif tur wijaksana. Namung dalah dikumaha atu !, ngantos Ucing dugi ka tulalean ge, rupina moal ieuh ka laksanakeun, kumargi dunya tos sakieu panasna, kalimpudan ku watek Hedonis, nu tos nyaksrak ka sakujur awak, nutup lawang kanyaah pikeun sasama. Hatur sewu nuhun Ang!, tos luntur galih, kersa nyurahan fikmin basajan sim kuring !
  32. Iwan R Jayasetiawan: Wilujeng sonten Kang Ahmad Yani,Sami di Tasik oge ,abdi mah nuju sasarung. Mung duka Kang Iwan Hanjuang, Kang Jejen sareng Kang Irman Dimyatie.mah duka sasarung duka kasarung hahahhaaaaa
  33. Jejen Jaelani W: Ah nya sami we Kang jejen ge disasarung...Kang Irman sareng Kang Iwan nu kasarung mah...
  34. Eel Nurlaela: Beuggg ! Iyeu teh ! Nuju Sa sarung sareng sahaaaa sehhhh ? xixixiix
  35. Jejen Jaelani W: hehehe...sasarung sareng....hehehe...
  36. Iwan R Jayasetiawan: Kang Jejen Jaelani W, mah sasarung sareng hormat hahahha
  37. Iwan R Jayasetiawan: Kang Jejen Jaelani W, mah sasarung sareng hormat hahahha
  38. Jejen Jaelani W: hehehe..... muhun da kiitu kedahna ka nu sepuh mah...
  39. Irman Dimyatie: Harta jeung tahta matak jadi rereged kana hirup. Ari wanita mah matak betah kana hirup. Mending keneh loba wanita (nyandung) daripada loba harta.
 
Nyi Ronggeng

Pameunteu Calon papayung nagri, ngembang wera. Mireng talajak Nyi Ronggeng nu rarayna leucir siga kaca.. Ngangseu bahaya. Gulang-gulang di perih pati, sina meper Nyi Ronggeng supados liren ngical eusi bahamna. Gagal ku cara leuleuy. Cara heuras janten pilihan. Bumi nyi Ronggeng di kepung ti sagala juru, “ Kaluarr… siah Ronggeng Gejul !”, sorongot sora, awor jeung ting belesatna batu. Nyi Ronggeng teu ieuh geumpeur, srog ka hareup. Ngadu teuteup jeung Gulang-gulang. Sakedapan simpe !, Nyi Ronggeng bebelengehan, wel, ngalebetkeun seureuh salambar, nu tos diledakkeun kana apu. Kecrot-kecrot Nyi Ronggeng ngaluah, nu niat ngarempug mundur, Nyi ronggeng nyengir. Borelak, waosna ngaborelak. Luah amarayah. Gulang-gulang patulayah, teu kiat nandang komarana. “ Cinta satu malam !, Oh Indahnya !, Cinta satu malam buat ku melayang ! “, Nyi Ronggeng ngahaleuang, Imbitna muih, ngagibleg mirig awak pepel nu teras rerengkenekan. Di sisi-sisi jalan, rewuan baliho, ngaplek, pameunteu calon papayung nagri ngulahek, muruluk, nyangsaya luhureun lemah. Cipruk lamokot ku ciduh, nu muncrat ti unggal baham nu ngaraliwat.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yanti Sri Budiarti: Dongeng Nyi Ronggeng teh naha ngaharib-harib Ma Lampir Kang..? he he he...Mung sawios ah.. Nu diemutan teh eta waos. Pami nuju nyeupah atanapi ngalemar mah tangtos waosna teh beureum sanes ngaborelak...he he he
  2. Irman Dimyatie: Ngaborelak beureum....
  3. Cassa Grande: Haruh. Raos yeuh kalimah2na. Sanaos aya ngajlok kana lagu malayu ogé. Jempol, Kang
  4. Ahmad Yani: Yanti Sri Budiarti : Oh ...sumuhunnya kedahna beureum ! ...haduh ! muhun ah ...engke bade di tip-ex ...Nun ! heu heu heu. Hatur nuhun kana koreksina Neng ! katampi pisan !
  5. Didin Tulus: bet inget ka bu Inul
  6. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie ! heu heu heu ... Ni Kitu ? hi hi hi hi !
  7. Ahmad Yani: Cassa Grande : eta teh lagu kameumeutna Nyi Ronggeng, janten di serat aslina ! he he he he, hatur nuhun Ang ! katampi jempolna !
  8. Iwan Hanjuang: empiris pisan ieu karya,aya rasa emosi nu ngagegegedeg,siaaaaapppp grak!!!
  9. Endah Dinda Jenura: pol pol poooolll....
  10. Muhammad Shohiba Nu'man: Asiiik pisaan..! Tanagaan pisan fikmin teh, Ang! Digoyaang maaang...! heuheu
  11. Nugraha Thea: teu kabayang ku pepelna eta ronggeng, pepel siga jagong.. mreun nya kang hehehe, gara2 salah alamat, terjadi cinta satu malam heug weh hamil tiga bulan.
  12. Nugraha Thea: teu kabayang ku pepelna eta ronggeng, pepel siga jagong.. mreun nya kang hehehe, gara2 salah alamat, terjadi cinta satu malam heug weh hamil tiga bulan.
  13. Rohendi Pandeglang: halah nu kieu yeuh fikmin, impian kula teh... sing benghar daek salamet... resep jasa ka... top.. mangga tah hop jempul mangrebu rebu
  14. Jojo Johari: Muihna jiga kolecer katebak angin badag? heuheuheu
  15. Ahmad Yani: @ Ang@Didin Tulus ! heu heu ... emut kana ilmbitna rupinamah ha ha ha!. Hatur nuhun Ang ! Wilujeng Wengi !
  16. Ahmad Yani: Ang Iwan Hanjuang ! ha ha ha , benten ari mantan Tangtara mah !, maher kana PBB ( Pencinta Buah Berenuk ! ) ha hah ha ha !
  17. Ahmad Yani: Neng Endah Dinda Jenura ! , heu heu ....nuhun kana Pool -poolllan na !
  18. Ahmad Yani: Ang Muhammad Shohiba Nu'man : he he he ...Nuju emut ka Neng Malinda , urang Cirebon tea ! manawi Ang ! heu heu heu , siaplah ! urang ngagoyang dombrettt ! hi hi hi ! Nuhun Ang !
  19. Iwan R Jayasetiawan: Kang Jojo Johari.Naon nu ngolecer teh ?
  20. Ahmad Yani: Nugraha Thea ! heu heu ...sumuhun Ang ! , persis siga jagong, jagong bangkok tea, nu amisna kareueut pisan ! he he he !
  21. Ahmad Yani: Aka Rohendi Pandeglang , halahhhh ...eta si aka !, dugi ka luluasan kitu, ngirim jempul mangrebu-rebu, ha ha ha ha , kade ah bilih seepeun kangge di bumi ! hi hi hi !
  22. Ahmad Yani: Hi hi hi hi sumpahna ge resep sim uing mah ka Ang Jojo Johari, teh !, hobina ningali kanu muih wae ! ha ha ha ha ha !. sigana nuju alit na resep numpak korsel !? hi hi hi ! Hatur nuhun Ang !
  23. Nana Sukmana: Sugema. Sugema maos ieu fikmin teh, Ang. Wareg asa kawakilan. Budah dibales luah! Cocog pisan. Top markotop, lah. Jempoloool, jempoool!
  24. Jojo Johari: Horseeeh! Tumpak korsel eung! heuheuheu!
  25. Ahmad Yani: Ang Nana Sukmana ! hatur nuhun kana apresiasina ! Ang !
  26. Ahmad Yani: Ang Jojo Johari ..heu heu .. Benten nu nuju alitna sok numpak korsel mah, rambutna sok garaling ! hi hi hi !