Beungeut Na Handapeun Daun Cau

Langit masih cipruk ku pepedut, basa uing ngajengkat, nahan amarah, nu ngaburial tina mangpirang-pirang liang kapeurih. Cimahi, Padalarang, Cianjur jeung Sukabumi, ngan sakoteap,ngiles...!, di letak ku Avanza nu gas na terus dijejek nepi ka parat.Jarum spedometer gulak gilek di angka 130, Gas dijejek leuwih bedas, sungut kekerot, Hate bati kumejot, hayang gancang nepi kanu rek dituju. Srog ..ka basisir Palabuhan Ratu, jelema ngagimbung, napuk nempokeun dua mayit nu ngabugigag na luhureun kikisik. Basa daun cau nu nutupan mayit, disingkabkeun ku pulisi. Uing ngan saukur bisa ngarahuh, terus ngajengkat, nyuuh dina handapeun tangkal katapang. Pamajikan nu diteangan ti saminggu katukang, geus jadi bugang, perlaya,bareng jeung kabogohna baheula.




Leave a Reply.