Lalaki Kundang Iteuk, Nu Aya Tapak Tatu Na Tarangna

Meh unggal sore, geus saminggu lilana. Lalaki kundang iteuk, nu aya tapak tatu na tarangna. Terus-terusan datang. Ngadon ngajanteng disebrang jalan. Melong imah kuring. Kupanonna nu linduk siga pinuh ku katineung. Mun poe geus maju kaburit, kakara manehna indit, ngagugusur sukuna, teuing muru ka lebah mana. Ngarasa panasaran. Kamarimah Uing ngawani-wani maneh nyampeurkeun. " Bade milarian saha, Pa !" tanya kuring. Nu ditanya kalah ngabigeu. Ngan aya nu aneh. Panonna kaciri beueus, basa paadu teuteup jeung Uing. " Ah, teu aya nanaon Aden !", jawabna haroshos. Bari gura-giru indit, siga boga kasieun nu kacida rosana. " Naha kakara bebeja ka Ema, ayeuna !, kamana inditna ? " Ema dugi ka ngoceak, socana carinakdak, basa Uing ngadongengkeun manehna ka Ema . Ti saprak kajadian eta. Lalaki kundang iteuk, nu aya tapak tatu na tarangna. Teu ieuh nembongan deui . Ngan Ema nu terus-terusan ngumbar cimata, bari unggal sore teu elat ngajanteng di sisi jalan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Endah Dinda Jenura: eta pameget sanes Harry Potter, pan? hahha! mantap, Kang!
  2. Yayan 'Bedog' Supriatna: harur...fikmin petingan jasa. cacakan jawara nyangking 'bedog' beueus panon maca ieu fikmin, jing..
  3. Tatang Sumarsono: Sip, Ang. Rasa bet kabawa palid ku ungkara. Enya, alus.
  4. Rifan Sahrony: Teleb,anteb.Kang Ahmad Yani. ngeleketek kana hate.
  5. Akang Remi: Ema jeung Bapa Pada-pada kemba?
  6. Ahmad Yani: Neng@Endah Endah Dinda Jenura : Nuhun Neng !, kacandak ku hawa tiris m janten hoyong ngadamel nu rada " Tiis" he he !
  7. Ahmad Yani: Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : Jawara teh sigana mung warugana ! Ang ! he he he ! Nuhun Ah !, iraha bade pareng Nyikopi deui yeuh ! ?
  8. Ahmad Yani: Ang Tatang Sumarsono : Hatur lumayan wae Nun !, tos teu kiat manawi hoyong ngiring icikibung dina lapak !, ngantosan ideu asa sesah ningan !?
  9. Ahmad Yani: Kang Rifan Sahrony : Heu heu Dugi ka kituna Ang Rifan mah !, kade upami tos dikeleketek sok janten ateul ! ha ha ha !
  10. Ahmad Yani: Ang Remi Sadkar : haduhhhh .... nyaan sesah ningan, hoyong nyobian kekembaan teh ! he he !
  11. Is Tuning: haduuuuh... panon uing milu beueus. sodiiihhh.... *néangan kanébo
  12. Iwan Hanjuang: Idem jeung Is Tuning, neangan kanebo..
  13. Is Tuning: badé naon kang Iwan Hanjuang ? badé ngumbah motor ? hi hi
  14. Muhammad Shohiba Nu'man: Mantaaap...!
  15. Irman Dimyatie: :"Tatu na tarangna teh baheula ku ema pernah dibaledog ku sendok. Beu...! Geuningan eta teh Si Apa!"
  16. Ahmad Yani: Ang Is Tuning : Katampi kanebona !
  17. Ahmad Yani: Ang Iwan Hanjuang : Nuhun Idemna !
  18. Ahmad Yani: Ang Muhammad 'Aang' Solahuddin : Nuhun pairanna !
  19. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Ku Sendok tembok nya ? Nuhun !
  20. Dewi Budi: Hikss.........



Leave a Reply.