Aki-aki Nu Ngaleungit Lebah Tanjakan

Aki-aki kundang iteuk, leumpang rumanggieung, nyorang tanjakan Gekbrong, ku lemongna. Beunget haropak nyumput na topi cetok, mindingan sorot panon nu tetep hurung, midem rasa nu ngan dipikanyaho ku hatena sorangan. Wanci geus muru ka magrib. Peuting datang ngahaleuang, mirig ketug jajantungna nu galecok sorangan. Di puncak tanjakan, handapun tangkal mahoni nu nanding munding. Reg.. manehna eureun, ngudarkeun sakabeh lamunan, bari ngawur-ngawur kembang . Di dinya , puluhan taun katukang, aya mobil pik-up, geheng, bareng jeung opat raga nu tutung. “ Goblog !, Aya Ucing hideung, peuting-peuting, ngarengkol di tengah Jalan ! “, kapireng sora tukang ojeg ngajorowok, reuwas. Aki-aki kundang iteuk, ngagebeg,mebeskeun topi cetok na leuwih jero. Laju ngalenghoy, ninggalkeun eta tempat, teuing rek terus kamana ? .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: Aki-aki teh mantan supir?
  2. Yanti Sri Budiarti: Aki-aki teh ku tukang ojeg mah katingalna ucing hideung..Kitu pan?
  3. Irman Dimyatie: Aceuk Yanti Sri Budiarti, jigana aki-aki eta mah penjelmaan tina pik-up nu tutung tea.....
  4. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad Yani, nu ngarengkol teh senes Ucing hideung, Namung Ucu alias Ucing Udur heheheh
  5. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : Heu heu heu ...Sanes sopir, tapi anjeunna sa mobil jeung supir harita teh ! ha ha ha ha ha !
  6. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : Sumuhun Neng ! Leres ? , manung saha nya anjeunna teh ? he he he he !
  7. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : Heu heu heu , upami katebak !!!, Hadiah nu " Menarik" tos ngantosan ! ha ha ha ha !
  8. Ahmad Yani: @Kang Iwan R Jaya Setiawan : Heu heu heu ... Sim Kuring resep pisan ka " Tokoh " nu siga Ucing teh ! , malihanan kantos beueus cipanon sim uing, ngangres kana nasibna nu " Kontroversial " he he he he he he !!
  9. Yanti Sri Budiarti: Lelembutan anu nuju nadran dina raraga nostalgiaan. Kitu manawi Kang Ahmad Yani
  10. Rinto Variasirias: hebat, treuk tutung ngajelma jntn aki2. Gkgkgkgk,, saur kg irman ta ge! Heheh,,
  11. Ahmad Yani: @ Yanti Sri Budiarti : Teureuh Banten! anjeuna teh ! Neng !, Jalmi sakti mandraguna ! nu teu aya duana ! he he he he !
  12. Iwan Hanjuang: waas eta tanjakan gekbrong,bahela mah th 70 han,keueung ngaliwat kadinya teh,supir sok ngalungkeun udud,teu kungsi 10 menit,udud teh geus euweuh....dicokot ku nu ngaronda... he he he he
  13. Ahmad Yani: @Rinto Variasirias : Heu heu heu ... Sok ah ... teguh ! sha cing aki-aki teh ? he he he he !
  14. Ahmad Yani: @Iwan Hanjuang : Nu ngarondana urang CINYASAG ! tea nya !? ha ha ha ha ha ha !
  15. Ahmad Yani: @Yanti SB : Nadran kana dosa anu tos dipidamelna ! he he he !
  16. Arom Hidayat: Kang Ahmad yani Gékbrong Cianjur? Duh mun téa mah.. Kang Iwan Hanjuang ih lebar..pifikmineun hédéd tah héhé..
  17. Dadang Y. Irawan: sae pisan tah, kang ... asa tingsariak .... sok emut di tanjakan jahim di daerah ciamis nu kitu teh ... hehehe... wilujeng ah!
  18. Ahmad Yani: @Kang Arom : Jaman harita teh , koran-koran meni pinuh ku berita nu ngulas perkawis Si " Ucing Hideung " eta ! he he he !
  19. Ahmad Yani: @Dadang Y Irawan : Memang Ang, kaseuseueuranana, tiap tanjakan teh sok ieuh ngandun g misteri ! he he he he !
  20. Irman Dimyatie: Emut ka Tanjakan Emen nu bade ka Subang? Jigana aki-aki eta dulurna nu aya di dinya.
  21. Ahmad Yani: @ Ang Irman Dimyatie : Upami Mang Emen mah, saurna teh tilas Kenek treuk, tapi aki-aki nu di Tanjakan Gekbrong mah , kapungkurna teh tilas soldadu ! ha ha ha ha ha ha !
  22. Ahmad Fawzy Imron: fiksi nu diadu maniskeun sareng misteri nu teu kakoreh galur aslina..geueuman kang..asa nuju jajap mayit ka pajaratan wengi2..
  23. Dadang Soekanda: Nu ngembang sisi jalan handapeun tangkal mahoni, tukang ojeg nyebut ucing hideung ditengah jalan, nyambung kana naona nya...duh himeng.....
  24. Irman Dimyatie: Pek we.... mun teu gancang ngabejaan, eta patuangan bakal dieusian laptop ti dieu!
  25. Ahmad Yani: @Ahmad Fawzy Imron : Hatur sewu nuhun Ang Haji ! kana apresiasina !, rada " Nge Fans " nyeta sim Kuring ka Tokoh ieu teh !, Soldadu nu ngaraos dikakaya nasibna, lajeng murang-maring, dugi ka hilap ka temah wadi, meuleum mobil sareng mateni rerencangan nyalira !.
  26. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Di taun 80-an, di Enonesia, hususna di Cimahi, kantos Geunjleung, kumargi Penjara Militer Poncol, nu diadegkeun ku urang Walanda abad ka 18, nu kacida wewegna, tur kakoncara Panjara nu panghesena di angge kabur. Kedah nandang wiwirang, kumargi nembe harita aya Buronan nu tiasa " Ngiles:" taya nu nangenan. Waktos para patugas jaga di parios, manehna mung ukur ngawaler " Aya Ucing hideung ngalangkung, ngaliwatan para penjaga, bari nyangereng ! " heu heu heu ( Hatur sewu nuhun , Ang Dadang ... !! he he ! )
  27. Ahmad Yani: @ Irman Dimyatie : Heu heu heu ... taun 80-an, eusi koran dugi ka pinuh, nyarioskeun kabar " si Ucing Hideung " eta .... ha ha ha ha!
  28. Dadang Soekanda: Tah upami anu di Gekbrong Cianjur mah kajantenan nandasa teh sasami anggota Tantara, upami teu lepat namina Edi Sampak... rada aheng elmu kang Edi teh... mangga geura paledar..
  29. Irman Dimyatie: Kutan kitu Aa Sampak teh....... teu nyangki.
  30. Ahmad Yani: @Dadang Soekanda : Tegeppppp !!!, bungah ...Sumpahna oge!, ki lanceuk ...bisa neguh .. ka nu jadi Idola sim Kuring !. Edi Maulana Sampak !!! memang dugi ka ayeuna ge .. tetep janten misteri nu tacan kaguar !!! heu heu heu !
  31. Dadang Soekanda: Kang Irman Dimyatie, mending percaya we lah simkuring hoream nepungan manehn bilih nuju jaga koruptor..
  32. Ahmad Yani: @ Irman Dimyatie : Heu heu heu ... muhun nyeta , Edi Sampak " JAWARA TANJAKAN GEKBRONG " ha ha ha ha ha ha!!
  33. Dadang Soekanda: Manawi teh Kang Yan aya deui Gekbrong, harita sadaya panumpang mobil colt didereded, mobilna diduruk, mun teu lepat artos saurna 4jt an, ngan aya saurang nu teu maot, nyarita " teungteuingeun si Edi ", rame tah ngudag ngudagna kawantu tantara tea.. sok teraskeun ah...
  34. Irman Dimyatie: Simkuring mah poek pisan kana kisah eta teh. Ngan soal Aa Sampakna wungkul meunang beja teh. Weduk cenah. Duka kumaha ari asal-muasalna mah. Salahna, naha atuh Aa Sampak teu laporan ka uing?
  35. Iwan Hanjuang: Dadang Soekanda..edi sampak beunangna mah ku aki-aki di serang,ngan isukna leupas deui ku nini..
  36. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Waktos harita teh, sim Kuring, nuju di SMA, Rorompok teh mung 1 Km jarakna ka Penjara tempat manehna di kurung. Salami di bui, manehna teh nembongkeun sikep nu pikayungyuneun. Ngan waktos Grasi na di tolak ku presiden, Enjingna oge langsung manehna teh ngereles. !. Nembe Edi Sampak wungkul dugi ka ayeuna, nu tiasa kabur, tina wangunan Panjara jieunan Walanda nu sakitu wewegna . Tah eta aheng na , Edi Sampak teh !, dugi ka ayeuna taya saurang intel ge nu tiasa mendakan deui laratannana. Mung saur beja, tiap taun d lebah tempat kajadian di tanjakan Gekbrong, sok aya nu kawenehan ningali, aya aki-aki nu sok ngajentul, ngan mun digarewahkeun sok robah wujud jadi ucing hideung, persis siga nu katingali ku piket penjara, peutingna waktu Edi sampak ngereles siga angin !.
  37. Irman Dimyatie: Kudu dipulungan tah elmuna!
  38. Saefull Atk Archiva: samalah mah aa sampak teh pernah ngadon dahar di imah uing ...
  39. Ahmad Yani: Ngan teuing hate teh asa curiga !, moal kitu Kang Irman Dimyatie teh, murid kadeudeuhna !! ??? hi hi hih ih ih ih ih hi hi hi !!, da di telek-telek teh, asa loba pisan nu saruana ! ha ha ha ha ha ha!
  40. Ahmad Yani: @ Saeful Atk Archiva : Kutan pernah tuang sareng Nya ? di mana tah ? iraha ? boa-boa ? ah yakin ieu Ieu mah? Moal kitu ? Tapi asa piraku ketang ? tapi saha nu nyangka nya ? ..... hi hi hi hi hi hi !
  41. Irman Dimyatie: Ang Ahmad Yani: Sssstttt.... tong ribut. Jempe! Sabaraha nomor BH? Ke dipangmeserkeun.
  42. Saefull Atk Archiva: gakgakgak........naha teu apal kitu kang Ahmad Yani, imah uing siga dapur umum saha wae bgadon dahar..
  43. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : heu heu heu ... sakali uing kungsi tepung jeung aa Sampak, basa meunang jatah kaluar ti pangberokan, jalan-jalan ngaliwatan imah, di kawal ku 3 intel . Moal poho tetempoan, dedeg pangadegna, sorot panonna, potongan buukna.... estu nyeples ... teu di piceun sasieur ... tambleg sarua jeung nu jangji rek mere BH ! ha ha ha ha ha ha !
  44. Ahmad Yani: @Syaeful Atk Archiva : Kutan kitu Yayi ? teu nyangki nyeta?, kabayang panginten Yayi mah tos nyimpen CeCe Tipi, di unggal juru nyah ? eta tea ningan alat nu ngagarantung siga Katel !! ha ha ha ha!
  45. Saefull Atk Archiva: sanes Cece tipi atuh kang...si Nce anakna kang dudung....
  46. Irman Dimyatie: Wuanjisssssss......... meni kitu-kitu teuing ka uing teh hahahahahahaaha...........
  47. Lies Tjandra Kancana Sudarma: Kang Ahmad. nyingsieunan ah ! Mangkaning sok aya ucing hideung ka teras bumi Aceuk, sok diparaban sangu dicampur pindang Tongkol..Boa-boa Ucing snes saucing-ucingna nya / Hiiiiii
  48. Ahmad Yani: @Lies Tjandra Kancana Sudarma : heu heu heu ... moal atuh Teteh, ka Jalmi bageur model teteh mah, moal aya nu kantos wantun nyingsieunan, ku ngangse kadeudeuh manah teteh ka sasami mahluk ge, tos lalumpatan nyaringkah nu gaduh niat awon teh ! . Omat kedah dilajengkeun nya, kadeudeuh teteh ka Ucing hideung teh !, hawatos !. saha nu terang boa-boa si Ucing hideung eta, engkin di yaumil akhir, nu haat mangmukakeun panto sawarga kangge salira ! he he he !
  49. Didin Wahyudin: Aki kuring tatéh omat ulah di garanggu bisi nyeureud !!!
  50. Lies Tjandra Kancana Sudarma: Amin,Amin....
  51. Ahmad Yani: @Didin Wahyudin : Heu heu ..baku Kang Didin mah, ari tos naek amper teh ! hi hi hi, Sanes ngaganggu Akang !, Dicarioskeun soteh pedah we sim uing ngaraos helok kana kasaktiana Aki salira ? ha ha ha ha ha ... sugan atuh elmuna aya keneh nu nempel na awak salira ?, sakantenan bade wakca hoyong ngiring muhit, manawi tiasa kataekan ! ha ha ha ha !
  52. Didin Wahyudin: Badé ? Ajian Semu Gunting yeuh. Tapi saratna abot pisan. Kedah tiasa néwak hitut si Aki hihi...
  53. Ade Rahmat: oh,,, eta aki-aki teh keur mudun meureun sabab ngaleungitna lebah tanjakan pastilah keur mudun moal salah,,,,,teuing ketang aki-aki tateh naek ojeg,,???!!!!
  54. Teti Taryani: Haduh, Kang Ahmad Yani, nembe pisan aceuk maraban ucing hideung jabi mani célétré duka nu saha. Ari lahak-lohok ka buruan fikmin aya kisah nu aheng kieu... Nyaan, ang, kukurayeun!!! Boa-boa... hiiiyyy!!
  55. Ahmad Yani: @Didin Wahyudin : Aduh ! takluk Ang !, abot ku saratna ! he he he
  56. Ahmad Yani: @Ade Rahmat : Heu heu heu .... Muhun kana kituna rupina mah Ang ! si sakadang aki teh ? duka ngiles ka palih mana !nyeta ! hi hi hi hi
  57. Ahmad Yani: @Teti Taryani : Heu heu heu ...Entong sieun teh, malihanan kedah atoh pendak sareng ucing hideungmah. Sok ageung milik saur sepuh kapungkur mah ! heu heu heu !