I.L.C

Pakalangan teh teu kinten mabrana, cikruh ku cahaya lampu, aya nu koneng, aya nu beureum, malihanan nu hejo oge aya, komo nu bodas mah!. Domba-domba nu bade di abenkeun, caralik, rapih, ngajajar na korsi empuk , bari ngarangge dasi, rambutna rupi-rupi, aya nu gondrong, aya nu cepak, malihanan nu tos botak ge seueur. Soca Domba ting pureleng, ngukur lawan ku teuteupna. Teu antawis lami, Goong di tabeuh, der… Domba teh di aradu, silih jejek, silih teunggar, malihan mah aya oge nu silih kolomoh. Sadayana alim eleh, cadu wirang, ngadu waos, paseukeut-seukeut genggerong. Tanduk Domba nu caroplok patulayah, sumsum bodas ngaley, jiih maseuhan karpet nu warna na hejo lukut. Uing mah mung mesem wae, bari satekah polah, nahan patuangan nu ngadadak ngurel, hoyong utah. Teu antawis lami tempat pangaduan teh sepi, sapertos gaang kagencet setum. Kantun Karni Ilyas, nu tatih nyalira, di luhur podium,bari muril-muril kumisna nu carang, waosna katawis ngaborelak koneng!, ngagumujengkeun Domba-domba nu diangonna, ting calengir, ting belehem, kaluar ti pakalangan.

Koméntar kana ieu Fikmin: