Molongo

Basa kokolot kampung, boga rencana rek nyieun pipiding keur nutupan tempat pamadian umum di wahangan, Bah Misja mah nepi ka jejebris banget ku teu panuju." Jang nanahaon nu kieu-kieu wae make jeung kudu ditutupan, kalebar-lebar biaya ! " pok na bari sosorongot. Saha nu wani ngarempak karep Bah Misja ,nu geus kakoncara teu teurak ku sagala rupa pakarang. Dua minggu ti harita sapangeusi lembur geunjleung, mayit Bah Misja ,nyangkere di juru dapur imahna, sirahna retak siga urut tibeubeut.Diluhureun bilik dapur , aya nu molongo sagede Curuk , arahna pas pisan nuju ka pamandian umum nu pang dipikameumeutna .