Cipanon

“ Kuring hayang leumpang dina gebretna hujan, meh bisa nyumputkeun cipanon tina paneuteup anjeun !”.Harewosna, bari ngudar leungeun katuhu Uing nu nyangkeh dina taktakna. Sabot olohok. Lengkahna geus leungit di teleg peuting. Nyangsaya na panyarandean korsi, Uing pahareup-hareup jeung bingung. Lampu restoran tetep mabra, nu jaroged diluhur panggung mingkin maceuh. Tapi panon Uing naha bet jadi beueus?. Ret kana gelas inuman nu ditinggalkeun ku manehna, aya sesa cai urut nguyup,ngagandet na biwir gelas. Ngaley. Turun lalaunan. Ngeclak. Murag, laju nyangsaya di rawu pisin. Pucuk cai ku uing diteuteup salila-lila, laju di sangkeh di perenahkeun na tungtung curuk. Kaluar ti Restoran. Lengkah jumarigjeug, mapay-mapay trotoar, mireng lampu-lampu jalan, nu ting serengeh,bangun nu ngalelewe. “Geus ka dua likurna, uing ,gagal nyampaykeun hate ! “ rahuhna. Srog ka taman baley kota, diuk handapeun patung Badak. “ Asa kabita, ku kandel kulitna “ gerentesna, Angin ngahiur,tambah kerep, hujan turun maralak. “ Har , ari ieu Cipanon saha?” Manehna ngagebeg ningali tina curukna ngaburial cai panon. Mancur. Teu eureun-eureun. Nu ditanya ngan ukur ngajebian. “ Maneh geus moal, bisa ngahartikeun Cipanon kuring !, bongan maneh geus migusti ka materi, ngagadekeun hate ka nafsu !”.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: matre nih yeeee...
  2. Mas Kundrat Kartapradja: Hate nu saenyana keur ceurk balilihan ... Da nu puguh mah hate teh geus teu sahate jeung lima saku nu dibabawa tur rapet jeung awak. Kukituna hate tinggal hate nyorangan. Dunyaaaa ..., dunyaaaa ...
  3. Wawan Darwan: Duh mani sediiiih...
  4. Ghuslam Sirait Barcamania: . jero pihartieunana kang....
  5. Ahmad Yani: Rada sesah manawi bade nyampaykeun hate, bari sareng kirang modal mah Kang@Iwan Hanjuang ! heu heu !
  6. Ahmad Yani: Mas Kundrat Kartapradja : Puguh sok asa janten bayeungyang kana manah, ngigelan Zaman siga model ayeuna mah Ang !
  7. Jojo Johari: Atuda lepat nyampaykeunna manawi? Dina kastok? heuheuheu ..hareueueuh?!
  8. Ahmad Yani: Wawan Darwan : Hatur nuhun Ang ! tos luntur galih. kersa ngeclakeun kanyaah !! , katampi pisan ,Ang !
  9. Mas Kundrat Kartapradja: Salersna ti kapungkur. Ti zaman "tai kotok dileubuan", manawi ...
  10. Ahmad Yani: Ghuslam Sirait Barcamania : Hatur lumayan we...Nun !, sumangga kangge nyurahannamah nyanggakeun sadaya-daya !
  11. Ahmad Yani: Ang Jojo Johari : Ari raraosan mah asa tos leres nyampaykeun teh dina taktak anjeunna ? namung duka ketang ? boa-boa lepatnya ? ningan panangan uing ge, bet janten boleksek kieu ! heu heu heu !
  12. Ahmad Yani: Mas Kundrat Kartapradja : hi hi hi hi hi , sumuhun ...nun, asa teu aya euih-euihna zaman teh, ti zaman tai kotok di lebuan, dugi ka Ti kotok di tissuan , tetep asa matak ripuh di sorangna ! ha ha h a !
  13. Godi Suwarna: :"Fikminna tambih detil, Mang Yan...! Tos tapis pisan ngawangun suasana. Heded lah...! Mung, kahade we bilih kajongjonan teuing ngawangun suasana, bilih teu mokus kana ide, kana jalan carios. Sareng eta deuih, sakedik, kecap mireng teh hartosna nguping, ngadangu...! Wilujeng bajoang...!"
  14. Ahmad Yani: Hatur sewu nuhun Kang Perbu !, seja diestukeun pisan piwejangna. Oo... mireng teh nguping nya! hartosna teh? manawi teh ...Ningali, atanapi nempo !. Katampi pisan koreksina Ang Godi Suwarna !. sakali deui hatur nuhun !
  15. Teti Taryani: Narasi deskriptif tea ieu teh Ang nya? Resep mani talete ngagambarkeun: 'Ret kana gelas inuman nu ditinggalkeun ku manehna, aya sesa cai urut nguyup,ngagandet na biwir gelas. Ngaley. Turun lalaunan. Ngeclak. Murag, laju nyangsaya di rawu pisin..' Heded pisan, Ang! Nambihan pakaya basa...
  16. Tiktik Rusyani: Fikmin Yi Ahmad janten salah sawios diantawis fikmin-fikmin nu sarae, lebar pami teu diimeutan teh. jempol Yi.
  17. Rohendi Pandeglang: beuki asak yeuh... tulaten pisan makihikeun kecap nyah?
  18. Ahmad Yani: Teti Taryani : Hatur nuhun kana apresiasina ,Teh !
  19. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : Hatur nuhun !, katampi pisan jempolna ! heu heu !
  20. Ahmad Yani: Kang Rohendi Pandeglang : Hatur nuhun Ang !, ulah bosen nambutkeun basu asahan ka abdi ! Aka !
  21. Akang Remi: upami tadi nu di sangkeh curuk teh,cai nu ngandung alkohol,panginten jamak tuluyna curuk ngeclakkeunn cipanon ge,peurih rupina,ahihihihiihi
  22. Ahmad Yani: @Akang Remi : Hi hi hi hi. sumuhun tangtos kana kituna Ang Remi ! ,komo upami kadar alkoholna 20 % mah !..heu heu, hatur nuhun Ang!