SATE

4/21/2012

0 Comments

 
Sate

Seungit beuleum daging nu keur di sate, melenghir,kabawa angin,madukan lalangit irung,nu rarebeh nahan kanikmat.Rebuan sungut kutap-ketap nyawang Gajih nu jiih nyereces di letak ku ruhak areng. "Mangga wilujeng neda ",ceuk daging pasrah."Namung ulah hilap, jutaan ton daging uing,hamo bisa mapakan ikhlasna hate Ibrohim nu maha wening ".