Pelor

Dina tembakan nu katilu, timah panas, mebes, nembus, meupeuskeun batok tangkorakna. Si buuk cepak, seuri ngagakgak. Ngok tungtung pestol di cium. Lep..! diselapkeun deui na sela-sela kelekna. “ Wilujeng Ngawangun Nagri !!,harewosna. Mayit di gusur, laju digebruskeun dibageakeun ku batu-batu nu nalonggerak na dasar Jurang. Sapasang panon nu titatadi nyerangkeun, ngan ukur bisa ngarahuh, Panonna hurung kebek ku amarah. Bareng jeung ngilesna si buuk cepak, manehna kaluar tina panyumputanana. ”Bapa !!!”, aweuhan sorana, parat ka tungtung jurang. Dina rerembetna kakayon leuweung, aya bendera leutik kokolebatan. Gambarna beda jeung nu biasa di tingali ku urang.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Inda Nugraha Hidayat: ajig teh eta si buuk cepak ... meni hayang nalipak ...
  2. Tanti Damayanti: beu karunya teuing...................
  3. HW Setiawan: Sae. Dikawitan ti tengah, lebah titik anu pangdramatikna. Atuh kecap "urang" di tungtung carita sasat ngajak nu maca asup ka dinya. Mung aya usul tina perkawis ejahan sapertos "titatadi" "di gusur" "di tingali", sste. Tabe!
  4. Ernawati Siti Syaja'ah: Asa pilem 30 s/pki. Hehe
  5. Tatang Sumarsono: Fikmin mah geus sip, Jang Yani. Ceuk kaédah basa Sunda: tangkorék. Heueuh, ieu mah tuda fikmin, jadi mun teu luyu jeung kanyataan gé moal nanaon. Ngan éta tah, lebah péstol karék tas dibekaskeun, terus tungtungna dicium. Kuatan éta jalma, sabab éta tungtung péstol téh (lup, tina loop meureun) biasana panas, urut bituna mesiu. Duka mun diciumna lebah pohporna mah. Punten mun teu sapamendak, ieu mah ukur néwo-néwo.
  6. Ahmad Yani: @Kang Inda Nugraha : Bakat ku cape, ngudag-ngudagna rupina mah Ang ! janten we langsung di perenan nyawana ! heu heu !!
  7. Ahmad Yani: @Tanti Damayanti : Tos dugi ka titis tulisna rupina Nun !, cita-cita taman na congo pestol !
  8. Ahmad Yani: @ Kang Hawe Setiawan : Hatur sewu nuhun ! Ang!, kana apresiasina. Perkawis ejaan !, rumaos pisan nun !, masih tulag tolog manawi dina leresan tata basa teh !, Kapayun tangtos seja diperhatoskeun !
  9. Ahmad Yani: @Ernawati Siti Syaja'ah : Heu heu ... seueur tumbak-tembakna nya Teh !?
  10. Ahmad Yani: @Kang Tatang Sumarsono : Hatur nuhun kana koreksina!. Perkawis " Nyium tungtung pestol ", he he he ...sumuhun Nun... rupina panas keneh nya ?...rumaos teu acan kantos nyobian, mung saukur di rarampa! ( tadina mah ...asa kewes, kangge langkung nambihan gambaran tokoh si rambut cepak, nu jumawa tur " Berdarah dingin " heu heu . Sakali deui hatur nuhun Ang !.
  11. Godi Suwarna: :"Tah, fikmin nu kieu nu disebat langkung jembar batan carpon atanapi novel teh, Mang Yani..! Apan lamunan urang teh teu mung ukur kandeg saparantos rengse maca ieu fikmin. Teras kumalayang ka mana mendi. Ka OPM tea. Ka Aceh. Atuh ka beh dituna ka jaman PRRI. Kahar Muzakar. Sanes mung ukur ngajak nyoreang ka tukang deuih. Boa teuing kapayun ge bakal kajadian sapertos dina ieu fikmin, upami nagara Enonesa teras kieu bae mah. Saha nu terang eta bandera nu ngelebet teh gambarna sapasang kujang. Saha nu terang..."
  12. Yadi Fathur Berkata: Sapagodos sareng nu luhureun abdi Ang..
  13. Yanti Sri Budiarti: Asa aya nu ngagitik maos kalimah "Wilujeng ngawangun Nagri", harewosna ditujukeun ka layon. Kalimah nu tiasa muka sawangan sareng ngalegaan imajinasi...Sae Kang!
  14. Tatang Sumarsono: Dicium, ditingali (dihijikeun, rupina rusuh teuing ngetikna). Ka Ang Godi Suwarna: Mun téa mah jaga geus ngélénét bandéra gambarna sapasang kujang, muga masih kaalaman kénéh ku pun uing, najan diri sorangan lain rundayan langsung Dipati Ukur.
  15. Is Tuning: nu buuk cepak teh, boa tangtara nya ? atawa Intél. inget kana fikmin nu kaliwat, "aing Intél...", ceuk manéhna bari ngasongkeun CPU. heu heu
  16. Dadang Soekanda: Waduh Ki Sobat nyaan, tiasa pisan malih rasa, seueur pisan idena, teuas, bedas benten tinu sasari. Muriding kumaha mun salah sasaran, heg tumiba ka Kuring. Wartoskeun ka putra, abdi mah teuteurang nanaon kituh.
  17. Ahmad Yani: @Kang Is Tuning : " Punten ..uing mah, mung saukur ngajalankeun tugas, purah nyambung napas jeung neruskeun renghap anak jeung pamajikan Uing ! " ceuk nu buukna cepak bari carindakdak .... heu heu heu heu !!!
  18. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Heu heu heu.... mung nuturkeun harewos angin rupina Ki Sobat !, sim Uing mah ! heu heu ... Bongan pipikiran teh sok cus cos wae ,kamanda kamendi ,,,Nun !, ari heug teu diturutan karepna, sok ieuh ...ngadilak teras aya nu seueul na tungtung angen... he he he !!. Harur sewu nuhun Kakang !
  19. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Hatur nuhun kana pangedeudeul sumangetna ! kang Perbu !.Nuju ngaleukeunan manawii, nyobian ngaguar tema-tema nu sok kaluli-luli.