Kancing i

Di mumunggang Gunung Cireundeu ,angin ngahiliwir,awor jeung sora Cangkurileng ,nu matak nineung !. Di lebah dinya ..di handapeun tangkal Kanesta ,Urang pernah tukeur carita !,Tapi naha atuh ...harepan teh bet pasalia ! ,Ka endah nu dipidangdam ngan saukur jadi kalakay hirup,nu ngalumburuk taya harti.Ngiles ngaleos tanpa beja,ninggalkeun hate nu karancang nandang Wiwirang.
Di mumunggang Gunung Cireundeu ,layung ngempur maju ka sareupna , tah di dieu Cipanon munggaran kuring negclak, bareng jeung hegak napas anjeun nu semu nikmat.
“ Teu nyangki akang bet sulaya ! “ceuk kuring ,waktu kalakuan aheng na ,nyababkeun kuring kudu uyup ayap neangan siki-siki kancing nu nyarelap dina sela-sela jukut .