TAMU

4/21/2012

0 Comments

 
Tamu Nu Datang Lain Wayah

Geus sajungjungeun rek indit ngantor. Teu kebat indit, kaburu aya nu namu. " Masih emut Ka abdi ?" ceuk manehna. Uing cicing, bororaah hayang ngajawab, ambek we nu aya, ka tamu nu datang lain wayah. " Cing cobi emut-emut !, pilaku hilap ka Abdi !?" Beu, aya ku teu uyahan, jeung ngajak tatarucingan sagala, aya ku teu ngarti ,nyaho uing keur di udag-udag waktu. Tamu anteng neuteup seukeut beungeut uing, uing ge anteng tipepereket nahan ka ambek. " Dupi pamaksadan teh bade naon ?" ceuk uing teugeug . " Moal waka ngadugikeun pamaksadan, upami salita teu acan kenal ka abdi mah " ceuk manehna bari ngaleguk cikopi nu disuguhkeun. " Enya, naha saha atuh salira teh !?" uing geus teu kuat nahan sabar, bari ningalian jam tangan. "Mangga atuh ari salira bade aya kaperyogian mah !, wios sanes waktos . abdi dongkap deui !" maneh na semu surti, song ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman, laju indit ninggalkeun kuring nu ngajenteng hookeun. Sapuluh menit ti harita uing nyegruk, ceurik kanyenyerian, kerek apal ka nu cikeneh, indit ninggalkeun imah kuring !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Jojo Johari: Ke, ke, ke! Saha tea, nya? Hadduh! Lieur, ah!
  2. Apoedy Sarah Ihsan: enggal" teuing digebruskeun, nyeratna janten aya nu cadel.. "pilaku..sareng salita.." heuheuheu... piss...
  3. Maspri Dkc: Misteri deui wae...
  4. Maspri Dkc: Atawa IMAH KURING nu ninggalkeun teh, jalaran dianggo tandon ka bank, teras disita....
  5. Irman Dimyatie: urut mitoha geuningan hehehehe....
  6. Siti Patimah: jiganamah eta teh indungna budak nu lawas ditinggalkeun sabab kapaksa ku kaayaan
  7. Dadang Soekanda: Benten ieu mah, mendak ide rada ngadadak, kunaon biasana si Akang teh sabar, ieu mah rada tipoporoseh, bade kamana atuh?
  8. Tanti Damayanti: saha atuh saha anjeuna teh kang
  9. Kaka Askara Sukma: Meni tos harilapnya apan kuring si Leugeut Teureup tea..punten ah tos musingkeun)ngenyot udud.
  10. Moh Syarif Hidayat: Malaikat ta teh
  11. Teti Taryani: Biasa Kang Ahmad Yani mah, ari nuju aya dimomorekeun... ari tos ngantunkeun nembe leungiteun... Karaooosss....!!! heuheu...
  12. Ahmad Yani: Ang Joko : haduhhhh .... nyeta sami sim kuring Nun !, rada bingung mungkas carita, janten we dikitukeun ! heu heu heu ! ( Hatur sewu nuhun ... Ang !, Upami lieur berlanjut , enggal kedah nuang obat ! heu heu ! )
  13. Ahmad Yani: @Kang Apoedy sarah : Sumuhun Nun !, rumaos gurung gusuh, hatur nuhun kana koreksina ! duh ..... !
  14. Ahmad Yani: @Masprie Dkc : Hatur nuhun kana apresiasina .. Nun !
  15. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : He he he he tilas mitoha nu tos kalali-lali ? heu heu , tiasa janten tah Ang ! ? heu heu !
  16. Ahmad Yani: @ Siti Patimah : Sumuhun rupina, tiasa janten eta ge ! heu heu !
  17. Iwan Hanjuang: Apoedy Sarah Ihsan.. eta teh tulisan metafor tea,keur usum da fikminer teh ngetik salah da napsu tea,tamu teh babaturan sakelas keur sd nu mere niron jeung ngajajanan tea geus moal salah,ari urut mitoha atawa popotongan mah nyangkaruk da sarerea ge tepi ka ayeuna.. wew ah..
  18. Ahmad Yani: @ Kang Dadang : Sumuhun nun , nyeta nuju paboro- boro waktos, sareng nu ngajak ameng ! heu heu heu ( Haturan wilujeng wengi Ang ! )
  19. Ahmad Yani: @Tanti Damayanti : Saha atuh nu pantesna nya ! ? heu heu !
  20. Ahmad Yani: @Kaka Askara Sukma : He he he Si leugeut Teureup ? tiasa janten anjeunna eta teh nya Ang !? heu heu !
  21. Ahmad Yani: @Moh Syarif: Kunaon tah Ang !, dugi ka nyangki ka Malaikat ?? hatur sewu nuhun kana apresiasina Ang !
  22. Ahmad Yani: @Teti Taryani : Hi hi hi hi ... sumuhun Nun < kaduhung mah horeng tara ti payun ! heu heu !
  23. Moh Syarif Hidayat: Tuda Kang Ahmad Yani akhirna mere tarucing oge ka nu maca.
  24. Ernawati Siti Syaja'ah: Nu tos asa dalit dina fikmin, ari gok teu kenaleun da benten srg dina poto propilna. Hehe
  25. Hadi Aks: Plot gantung tea nu kieu teh! Top, Kang Yani!
  26. Nazarudin Azhar: edas Mang... sae yeuh...
  27. Muhammad Shohiba Nu'man: halah.. disumputkeun eung.. janten panasaran kieu Kang Yani...
  28. Tatang Sumarsono: Mang Ahmad Yani téh ongkoh rusuh rék ngantor, tapi naha kalah ngajanteng hookeun, malah sapuluh menis kacongcay ku ngadon nyegruk heula. Eh, kétang, apan ieu mah fikmin, nya?
  29. Ahmad Yani: @Kang Hadi Aks : kawitna mah pade dipanjangkeun ieu carios teh, namung emut fikmin mah ka uger ku jumlah kecap. Emut kadinya, langsung we di leokkeun , sapertos nu banting setir, terasanna di sanggakeun ka nu maos . heu heu !! ( Hatur sewu nuhun Ang, kana apresiasina ! )
  30. Ahmad Yani: @Kang Nazarudin Azhar : Heu heu ..fikmin teu kahaja Ang !, bakat ku kapaksa hoyong pondok ! heu heu . Hatur nuhun Ang !
  31. Ahmad Yani: @kang Muhammad Shohiba Nu'man : Heu heu heu, nyobian manawi di ajar ucing sumput Ang ! heu heu , Hatur sewu nuhun Ang !
  32. Ahmad Yani: @Kang Tatang Sumarsono : Sumuhun satadina mah, abdi teh rusuh, malihanan mah mayunan tamu ge asa kirang madep, da lelembutan mah tos ngalayang ka rohangan kelas. Namung saparantos, eta tamu ngoloyong semu tumaninah naker, abdi janten hookeun, saperdos nu ngadadak sadar !, antukna ngagukguk ...saparantos teges, yen eta tamu teh, SIHORENG ..... ? heu heu !!.
  33. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu ...Si Akang mah meni telik, dugi ka terang abdi resep niron he he he he ( Seja terus terang we ka Kang Iwan mah, leres pisan, rumaos waktos di SD mah abdi teh sok resep niron !, namung ari di SMP,SMA sareng di IKIP mah !, eta karesep teh , tara ieuh di kantunkeun !!! ha ha ha ha !! )
  34. Godi Suwarna: :"Fikmin sae pisan, Mang Yan..! Tina kajadian nu sok kaalaman dina kahirupan sapopoe, diangkat kana fikmin lenyepaneun. Manusa nu teu weleh diudag-udag waktu, tos teu gaduh waktu pikeun ngalenyepan deui tamuna nu misterius. Kasadaran teu weleh elat ngurumuyna..."
  35. Neni Andriani: diantos ah, jilid 2 na.....*panasaran
  36. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Hatur sewu nuhun Kang Perbu kana apresiasina. Sumuhun nyeta hirup jalmi jaman ayeuna teh, tos dipenjara ku waktos, dugi ka rasa kamanusaan ge tos encer, leyur ka gerus ku mangpirang-pirang kaperyogian !, Dugi ka hal nu teu kinten pentingna " Apal ka diri sareng rupa sorangan " ge, janten ka luli-luli !. ( tah pamaksadan dina Fikmin di luhur teh saleresna mah hoyong ngaguar leresan eta Ang Perbu !. Mung edas ...kosa kata, kalih pilihan ungkarana, masih keneh atah ! , heu heu !!. Haturan wilujeng Enjing Kang Perbu !, seja mundut ...pang dorongna wae , Nun !
  37. Ahmad Yani: @Neni Andriani : Heu heu heu , sumga mugia ka payun ! Pareng , Nun !
  38. Yayan 'Bedog' Supriatna: nu ngagantung tea matak deungdeuleueun bae, komo pama badag mah, hihihii.....jempol Ang Ahmad Yani
  39. Ahmad Fawzy Imron: Kayungyun pisan ku fikmin nu ieu mah..sapertos salancar, tapi dina tungtungna ujug2 mendakan nu matah hemeng..fikmin misteri nu raos pisan diaosna. Ngiring ngajempol we kang..
  40. Ahmad Yani: @Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : Heu heu heu !, nyarioskeun perkawis nu ngagantung, asa kaemutan Ang !, kalakuan Uing kapungkur, nu kagegeloan ku nu ngagantung. Eta nu ngagantung unggal poe di usapan, dinangna- dinengne, teu meunang di ganggu kusasaha. Malah sakalieun si bungsu ngadeukeutan ge sok langsung di sina nyingkah, kajeun kaluar duit sarebu keur muruhan. Nu ngagantung teh ti poe-kapoe beuki manjangan !, pedah di usapan unggal usik memeh indit ngantor. Ngan ...hanjakal, basa mitoha awewe datang ngadon mondok sono kaincuna. Basa balik ti kantor, nungagantung teh tos leungit,..... direcah jadi angeun, nu pait rasana !!
  41. Yayan 'Bedog' Supriatna: nu ngagantung badag rerenggian....heu..paria tea?
  42. Ahmad Yani: @Kang Ahmad Fawzy Imron : heu heu heu ...hatur sewu nuhun Ang Haji ! heu heu ...teu kahaja nyeta, bingung milari ungkara kangge mungkas carita. Ah... di kitukeun wae ..Nun !. Katampi pisan kintunan jempolna !!
  43. Inda Nugraha Hidayat: Kieu geuning karasana "gantung fikmineun" teh ... heuheu ... laik dis lah pokona mah, Ang Ahmad Yani ...
  44. Rukmana Master: Ang Ahmad mah meni hilapan. Pan ieu teh abdi tea Ang... ! heuheuheu
  45. Ahmad Yani: @Kang Inda Nugraha : Nuju resep ninggal nu guntang-gantung manawi Yayi ! ...heu heu heu !, hatur nuhun Ah !
  46. Ahmad Yani: @Kang Rukmana Master : Heu heu heu ... sumuhun nyeta !, hapunten ku abdi di api lainkeun, manawi teh sanes Kang Rukmana !? heu heu heu ...iraha atuh Ang bade rurumpaheun namu deui ka rorompok, moal teu disayagikeun pais Gurame Gera ! ha ha ha ha !!
  47. Yanti Sri Budiarti: Hanjakaaaal....!!!
  48. Ahmad Yani: @ Yanti Sri Budiarti : heu heu heu ....aduh !!, kunaon salira dugi ka ngajerit maratan puskesmas !!? ha ha ha ha ha !, gera wakca ka akang !, naon nu janten ka hanjakal teh ? enggal gera sebatkeun..., meungpeung PERSIB can maen lawan Sriwijaya engke Sonten ! ha ha ha ha ha ( punten akang janten rada kamenda-mendi , rumaos can kagaleuh Karcis ... ha ha ha ha ha !! )
  49. Yanti Sri Budiarti: ha ha ha ha...Dukaaa...!!! Saha nu angkat ngabengbeos semu-semu pundung teh Kang?
  50. Irman Dimyatie: nu jelas sanes simkuring nu pundung mah hehehehe.....
  51. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : Nyeta masih keneh kirang jelas, namung ngabengbeosna teh , siga ka arah lembang ! ? ha ha ha ha ha !!
  52. Ahmad Yani: @Kang Irman N Dimyatie : Nu jelas mah, anjeuna na teh ngangge kopeah bodas, rambutna rada panjang, lajeng ngangge jubah bodas. nu ditalikeun di lebah dadana !! ha ha ha ha ha !!!
  53. Irman Dimyatie: halah ciah......
  54. Ahmad Yani: Kang Irman : Supados langkung jentre, saurna mah anjeunna teh kantos ngadamel fikmin nu judulna # Jempol Sareng Komentar # ha ha ha ha ha ha ha ha !!!!!
  55. Is Tuning: sakitu bageurna kang Ahmad Yani mah, tamu nu lain wayah, nu matak piambekeun gé, angger disuguhan cikopi... ha ha
  56. Ahmad Yani: Biasa Kang Is Tuning.... mantan anggota Green Peace ! mah, sok tara tegaan !! heu heu heu heu !!