Liwung

Srog kahareupeun imah. Pager surti, nyerelek muka sorangan.Laju mobil dianteur, sina isritahat jero garasi. Ngareret erloji, seuseukeut jarum geus nojos, pas kana angka sawelas. Bel di pencet sababaraha kali.Weleh taya nu muka. Mundur tilu lengkah, ngabur panon negeskeun.” Ah !, bener ! imah Uing!” gerentesna. Panasaran.bel di pencet deui,di jawab ku simpe deui. Teu ngahaja, gap ! kana saku calana. Nu ngaganjel dikaluarkeun. “Aih ! ningan konci Imah na oge, di bawa ku Uing?”, beuki helok. Blus ka jero imah, kacape ngan dibageakeun ku cahya lampu nu reyem-reyem. Di mana Budak?. Dimana Pamajikan ?.Di tengah imah suwung. Di dapur suwung. .Di kamar kitu?. Lalaunan panto didorong. Brayy! Gebeg. Eusi kamar molongpong, ukur guguling nu keur anteng ngagoler sorangan. Di korsi sofa rohangan tengah, manehna reureuh. Ngudar dasi, bari numpangkeun dua suku na luhureun meja. Tanggah kaluhur, lalangit siga nu anteng milu ngahuleng. Ret kana foto kulawarga nu naplok na tembok,ngolebat deui beungeut anak pamajikannana, beuki deukeut, beuki eces. “ Kadeudeuh kuring !, aranjeun aya dimana?” koceakna.Sora lambak ngaguruh jero dadana. Lambak kapeurih nu rohaka. Peuting mingkin simpe, sakapeung kapireng sora dua buah hatena ngagalindeng, meulah jempling, datang ti lebah runggunukna taneuh nu masih pinuh di papaes ku mangrupa-rupa kembang.Nu ku manehna di cebor ku cipanon tadi beurang.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Bunda Unie: hiks hiks hiks...
  2. Dadi Arya: Halah, haruuuh....ngiring ngaheruk. Mugi anak-bojo mah sing saréhat sapapaosna ah. Haruuh...
  3. Ya Soebarta: Ajiiiib ngagalindeng kieu kang..dipungkas murubutna cisoca..!!
  4. Ghuslam Sirait Barcamania: . asa ngahelasnya,geningan harta banda teh teu bisa ngagantian kana kanyaah kanu jadi putra sareng bojo...
  5. Ahmad Fawzy Imron: Aya kaketir nu muncak..liwung saliwung liwungna..
  6. Apoedy Sarah Ihsan: kedah dugi ka tamat di aosna.. di ayun ambing ku galindengna.., ngiringan nebak" aya naon ieu teh.. duh gening pungksanan matak murubut cisoca... hiks...
  7. Iwan Hanjuang: lagu liwung dina bangbarung..
  8. Ahmad Yani: Bunda Unie : Ulah kateterasannya nangisna ! he he !
  9. Ahmad Yani: Dadi Arya: Hatur nuhun Ang !, katampi pisan pangdeudeul do'a na !
  10. Ahmad Yani: Ya Soebarta : Heu heu heu ...nembe sadinten Ang!, ngeusian kamar sosoranganan , janten emutan aya muter siga kolecer kieu yeuh ! he he ! hatur nuhun Ang ! kana pangbageana !
  11. Ahmad Yani: Ghuslam Sirait Barcamania: Leres pisan pamendak teh Ang !, kana kitu rupina !. Kanyaah ka buah hate, tangtos bakal sesah dipalerkeunana !
  12. Ahmad Yani: Kang Haji Ahmad Fawzy Imron : Nyeta Ang !, dugi hilap ka rorompok nyalira ! heu heu !
  13. Bunda Unie: Ras k diri nyalira kang Ahmad...
  14. Ahmad Yani: Apoedy Sarah Ihsan: Heu heu heu, hatur sewu buhn kana apresiasina Ang !
  15. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu... sumuhun Ang ! nuju teu puguh cabak manawi !. Gaduh laguna Ang ?
  16. Nana Slamet Tresna Aji: Iraha simuing tiasa nyerat sapertos kieu? Genah, tumaninah tapi matak nyérédét kana haté asa dipépéndé ku mamaos: raos ... raos, tapi aya nu nyelekit kana ati. Katampi fikminna, mangga nyanggakeun jempolna, Ang...
  17. Iwan Hanjuang: aya laguna "Longkewang" judulna.
  18. Ki Hasan: Boa-boa, alatan mudik teu dianteurkeun. Kasambut jihad di medan pangmudikan. Kari handeueulna.
  19. Ernawati Siti Syaja'ah: Simpe nu seseleket kana hate...nyeredet....*)na...janten ngahinghing kieu...
  20. Ahmad Yani: Bunda Unie : Kutan Bunda ge!, Gaduh ..Pangalaman nu aheng nya?, sae atuh mangga gera guar janten Fikmin ! he he he !
  21. Ahmad Yani: Ang@Nana Slamet Tresna Aji : Hatur sewu nuhun Ang ! upami ka angge mah !, hatur lumayan..tamba teu aya teuing nu tiasa diapungkeun kana lapak ..Ang! heu heu heu.
  22. Ahmad Yani: Kang@ Iwan Hanjuang : haduhhh ...Janten panasaran kieu ,,yeuh !
  23. Ahmad Yani: Ki Hasan : Haduh ....nyaan Ki Lanceuk mah, aya ku wacis, leres pisan tah pamendak teh. Saleresna mah ieu fikmin, teh ngahaja kengeng meureut tina Carpon sim kuring . Nu nyobi motret salah sawios sisi tragis mangsa rengse dinten lebaran. heu heu heu.. Hatur sewu nuhun Ang !.
  24. Ahmad Yani: Ernawati Siti Syaja'ah: Heu heu heu ...ulah teras ngahinghing atuh Teh!, lebar eta tissue dugi tos ngagunduk kitu ! heu heu. Hatur sewu nuhun kana apresiasina ... Teh !
  25. Ki Hasan: Beu! Kutan kitu Kang Ahmad Yani! Nalangsa.
  26. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: hiks...meni matak nyérédét
  27. Ahmad Yani: @Ki Hasan : Abdi teh gaduh tatanggi, urang wetan, tepatna mah ti Madiun, di Cimahina teh ngontrak sareng kulawargi na, ngadon icalan Nasi Goreng, di caket Kampus Unjani, nya dina waktos usum mudik kamari ..... ,istri sareng putrana angkat ti payun !. Haduhhhh ... tah ti dinya pisan sim kuring kaideuan teh . Ang !
  28. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Garis takdir nu teu tiasa di halang-halang rupina mah Nyimas ! Duh ! , nuhun kana Nyeredetna Nyimas ! heu heu !
  29. Godi Suwarna: :"Tambih apik, tambih detil, tambih genah basana. Atuh tehnik 'ngadongengkeunana karaos tambih heded wae. Ti kawit titataregtog ngarang, ari ku leukeun mikimin, leukeun ngomentar fikmin nu lian bari daria, tuntungna mah Mang Yani teu burung janten fikminer moher....! Majuuu teruuus, Mang Yaaaan....!"
  30. Ratna Amalia: hiks hiks hiks...........
  31. Ara Stafari: tapi naon hartina cipanon ?
  32. Ahmad Yani: Kang@Godi Suwarna : Duh ..ieungg !, abot nyuhun, abot nanggung!, abot narimakeunana. Kasauran Kang Prabu, Lir ..gentreng sora kacapi hate kuring, nu ngimpi ,keclak kanyaah Pangersa, bakal lana, netes, nuuskeun tikoro gahar. Rumaos ...nun !, sim kuring mung saukur nyanyandak karep, bari tetep ngeureuyeuh, mawa lengkah nu dadaligdeugan, mamanawian tiasa dugi ka nu diseja. Leres pisan Kang Perbu, piwuruk Pangersa, lajeng kaikhlasan rerencangan sadayana, estu janten batu asahan, nu mugia tiasa langkung nyeukeutkeun patekadan sim kuring. Sakali deui ..hatur sewu nuhun ,kana pangdeudeul sumangetna Ang Perbu !.
  33. Ahmad Yani: Ratna Amalia : Kunaon hiks hiks kan neng ? heu heu , manawi peryogi sumangga ieu aya tisue , salambar deui, hatur lumayan, manawi tiasa ngabantos ! he he he !
  34. Ahmad Yani: Kang Ara Stafari : Haduh ! , boa-boa lepatnya ? sim kuring, ngangge eta kecap ?. Dupi nu dipimaksad ku sim kuring mah, Cipanon teh nya ci soca tea Ang Ara Stafari!, cai nu biasa merebey, waktos urang mendak kasedih . Namung ...sakantenan seja mundut piwejangna ...Nun !, bilih sim kuring lepat ngalarapkeun ieu kecap !. Ngarumaoskeun nun !, masih tataregtog keneh, dina milihan " diksi " teh !, pamugi Kang Ara Stafari, luntur galih, kersa masihan bongbolongan ka sim kuring . Diantos pisan Ang !, hatur sewu nuhun parantos kersa mairan dina ieu lapak !.
  35. Ara Stafari: Naon hartina cipanon? maksadna,keurnaon nyeungceurikan nu geus teu aya mending dikintun du'a,meh puguh aya gunana. punten sanes kritik eta mah,mung komentar,mairan nu nyeborkeun cipanon tadi,kang Ahmad Yani.
  36. Ahmad Yani: Kang@Ara Stafari : Ambuing ! , hatur punten Ang !, sim kuring parantos lepat nyurahan pamaksadan Akang !. Rumaos nuju di ajar lelengkah halu Ang !, janten we !, sawangan teh langsung nojo, kana hartos kecap " Cipanon", mugia kersa ngamaklum, Ang !. Lajeng... perkawis Naon hartosna cipanon, sim kuring sapuk pisan kana pamendak Akang !, da saleresna cipanon moal tiasa ngarobih takdir.Namung dalah jalmi, ningan arang nu tiasa kiat nahan kasedih!. Hatur sewu nuhun Ang Ara !, haturan wilujeng sonten !
  37. Ara Stafari: mangga sami-sami kang,wilujeng sonten!
  38. Muhammad Shohiba Nu'man: Haruh, kacipta tiiseunana.. Fikmin nu ngahiji. Ti kalimah kahiji, nu maosna tos asa janten "si kuring". Nanging dina pungkasanana dumadak disodoran kalimah nu matak ketir. Tegep! wilujeng, Ang Yani..
  39. Yanti Sri Budiarti: Aya nu nyeureud kana tungtung jajantung...hiks! Kacipta gulak-giluk nyalira di bumi. Diriung-riung ku panineungan.
  40. Ahmad Yani: Ang@Muhammad Muhammad Shohiba Nu'man: Hatur nuhun Ang!, kana apresiasina !, nuju di ajar "Ngayas" manawi, tapi mung kieu ningan buktosna ! heu heu !
  41. Ahmad Yani: Neng@Yanti Sri Budiarti : heu heu heu ..sumuhun matak liwung manawi , dugi ka hilap ka bumi nyalira !, tampolana sakapeung mah, guguling sok kapireng aya lambeyyan ! hi hi hi hi
  42. El Hijar: keueung...
  43. Teti Mardiana: maca fikmin nu ieu, teu kawawa aya nu ngamalir dina pipi... ieu jempol sumangga kasanggakeun ka salira....
  44. Bening Selaksahati: mangga nyanggageun indung panangan , bade milarian heula carecet hik ... hik
  45. Ahmad Yani: Wartawan Leupas : Eta pisan nuju karaos ku abdi teh ! Kang ? heu heu. Hatur nuhun kana apresiasina !Ang !
  46. Ahmad Yani: Teti Mardiana: Hatur nuhun ,Teh? Katampi pisan jempolna, mugia tiasa janten rencang kakeueung abdi ! heu heu !
  47. Ahmad Yani: Bening Selaksahati : Ambuing ...! nuhun pisan , dugi ka sareng pananganna sagala ? he he , bade di pupusti pisan ! Nun !, bade disimpen di dama-dama, dilebetkeun kana kaca ! he he he !
  48. Teti Mardiana: Euleuh itu... panangan Neng Bening Selaksahati, ngagupayan tina kaca...
  49. Bening Selaksahati: Teti Mardiana @ ibu .... ibu.....mangga linggih
  50. M Dada Bz: paranti urang mun anteng teuing ngawayang diayun ambing ku kahayang. tah ieu pikmin ngabejaan.
  51. Ahmad Yani: Teti Mardiana : Kutan ... Panangan Neng Bening Selaksahati, tiasa gugupay nya?, apanan tos dilebetkeun kana kaca ? ..haduh tiasa janten Fikmin malem jumaah ! ieu mah ! heu heu heu !
  52. Ahmad Yani: Ang M Dada Bz : Sumuhun rupinamah, kana kitu pisan Ang !, upami urang pareng nyaliksik diri payuneun eunteungmah ! Hatur sewu nuhun Ang! Kana apresiasina ( Haturan wilujeng Wengi ! Ang ! )
  53. Teti Mardiana: fikmin malem jumaah mah atuh kedah nu kayas... ulah nu horor.. hehehe
  54. Teti Taryani: Emh... nu kabungbulengan...teu ngabibisani Kang...
  55. Tiktik Rusyani: Saha jalmina nu kiat dikantunkeun ku panutan , teu di sesakeun pisan. Mugia nu kaleleban sing teger tur pangger, uarng ge nuju antri hiji waktos dugi kana pastina.
  56. Ahmad Yani: Teti Mardiana: Heu heu heu ...siap seja diestokeun pisan ! Teh ! heu heu !!
  57. Ahmad Yani: Teti Taryani : heu heu ,,,sumuhun ! Teh , Nuju liwung nu taya tungtung manawi !
  58. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : Hatur sewu nuhun, kana pairan na... Teh!, nuju katurug katutuh manwi ! heu heu !