Diseuseulan

Waktos pun Bapa nyeuseulan dugi ka lak-lak dasar, Uing mah mung tiasa murungkut, nyumputkeun cisoca na sela-sela ramo.Teras rambut uing di jenggut , pameunteu di dangheuakeun di paksa di piwarang neuteup soca pun bapa anu burahay beureum . " Tong Mewek Siah ! " soanten Bapak , ngajeleger .Uing mung tiasa ngedeprek , bari nganaha-naha ka ema, nu tonggoy ngisikan beas ku cisocana.