Ngalindur

Nyerangkeun manehna nu keur anteng sosonoan jeung ngimpi,hate ngaleketey,bungah jeung sedih sing torojol madukan tungtung ingetan. Gek diuk di sisi ranjang , panon neuteup beungeut nu geus dua puluh taun lilana,kokojayan jeung kapeurih hirup.Irungna , halisna,pipina,biwirna, siga nu hirup , noroweco nembrakeun kacapena. Gap, leungeun nyuay-nyuaykeun buukna nu pasolengkrah , dibeberes ati-ati, dipikasieup ku kanyaah . Gelenyu manehna imut, biwirna engab semu nu narimakeun kadeudeuh kuring. Celengok tarangna nu rada beueus ku kesang di cium . Manehna kukulisikkan siga nu surti . “ Kang Rudi …oh Kang Rudi ! “ kadenge manehna ngalindur . Gebeg kuring ngagabeg sataker kebek . Bumi alam asa muter. Gancang, lampu kamar di pareuman . Teu kaciri deui ayeunamah beungeut manehna teh , poek ! , sarua jeung poekna hate kuring , nu nganaha-naha ka manehna , nu can bisa mopohokeun ngaran kabogoh mimitina .