Susuganan

Unggal ngaliwat ka lebah dinya, uing sok ngahaja eureun salila-lila. Ngawur harepan, nyambat hordeng tepas anjeun nyerelek, nyingkabkeun areuy kasono, nu geus nahun, lir regang kaliage nu ngarandakah ayang-ayangan. Ratug jantung, patembalan jeung sora tik-tak jarum erloji, saleuwihna ngan simpe, nu seahna ngan uku kadenge ku hate. “ Bade Lungsur heula ! Pa !” harewos angin, bari nurunkeun jandela mobil nu di poles ku plastik kaca warna hideung. Kuring ngajawab ku gideug. Laju hujan turun, mahekeun cimata ti luhur langit. Cimata hujan terus nutur-nutur, nganaha-naha, bareng jeung goarna sora Gas, nu ditincak sataker kebek.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Hadi Aks: Patilasan atw calon nu anom tateh Ang? Hihihi...
  2. Jejen Jaelani W: hehehe Kang Hadi Aks, rupina mah calon nu anom...
  3. Ahmad Yani: @Kang Hadi Aks : hi hi hi hi ... wanoja biasa, nu kapungkur pananganna sok ieuh montel, waktos nongton Film Layar Tancep, di lapang Bale Desa ! ha ha ha ha !!
  4. Ahmad Yani: @Kang Jejen Jaelani : Bororaah nu anom, dugi kadanget ieu ge, sim uih mah teu acan pajeng .......... ( ka artis mah ! ) hi hi hi hi !
  5. Yanti Sri Budiarti: Naon sesahna pami lungsur? Teras ketrok pantona bari uluk salam. Pasti bingaheun da! hehehe
  6. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : Tos kapok, sieun di gebug ku tulak panto, komo deui mireng mastaka uing nu tos balatak ku pitak !! ha ha ha ha !
  7. Godi Suwarna: :"Uhun lah. Panuju pisan, mending serangkeun wuwungna we. Bilih aya nu ngetig punduk..."
  8. Ahmad Yani: @kang Godi Suwarna : Heu heu ...sumuhun Ang Prabu, rupina langkung aman nyerangkeun ti kaanggangan. Asa langkung raos ngangon kasono ti katebihan ! heu heu heu !!
  9. Saefull Atk Archiva: ari sugan teh randa ngora hadena can boga budak....hapunten kang Ahmad Yani...banyol ie mah xixixi..
  10. Iwan Hanjuang: teu wanieun asup,nu kamari ge dianjuk..heuheuheu
  11. Yadi Sutomo: Marukan,... wuwuh endah nyerangkeun ti peuntas teh,... ni'matna moal aya babandinganna,...
  12. Ya Soebarta: Di kebon mana eta kang, sanes kebon eurih mah..?!!
  13. Ahmad Yani: @Saefull Atk A : he he he he ... sesah hilapna, tug dugi ka ayeuna, dilak soca, sareng seungit kesangna , masih keneh napel ! ha ha ha !
  14. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu ... bade lebet teh rugag- regog ... maklum di kantun lami teh , tambih pikabitaeun ! ha ha ha !
  15. Ahmad Yani: @Yadi Sutomo : Leres pisan... dimana-mana ge, noong mah..., suasanana langkung seru !! ha ha haha !
  16. Ahmad Yani: @Ya Soebarta : Heu heu heu, di huma paling tonggoh Kang, Nu caket ka Walungan Ki Suminta, mengkol ka katuhu sakedik, katingali ningan runggunukna dapuran awi gombong, ngenca we sakedik ...tah palih dinya ...... !!! ha ha ha !
  17. Ahmad Yani: @Kang cecep R Kartiwa : Heu heu heu .... hay- hay , tapi er er tea Ang !