Getih

Getih, ucrat acret ,minuhan beungeut si Bungsu !, bahamna calangap, letah ulal-elel ngecrokan getih nu ngaley tina sela-sela kaca televisi. “ Amis …… Segerrrr !, ceuk si Bungsu bari mindahkeun Saluran TV, Golontor deui, getih anyar ngagolontor, di bedahkeun ku penyiar nu awakna donto, rikat ku si bungsu di ledot ku letahna, nahan kanikmat nu taya tandingna.
Wanci tengah peuting, siaran TV lekasan, Si Bungsu murukusunu semu handeueul . Samemeh asup kakamar, katempo manehna keur anteng, mencrong foto kuring nu ngagantung luhureun TV, letahna kutap ketap, siga nu geus teu sabar, hayang ngasaan nguyup getih bapana .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yusran Arifin: Wadoowwww. aramoun.. luar biasa bedasna Kang Ahmad Yani.. Matak muringkak.. sae pisan..
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: seger pisan yeuh!
  3. Ahmad Yani: Kang Yusran :Janten paur ngagantungkeun foto teh kang ! ,jaman kiwari mah he he !!
  4. Ahmad Yani: @Kang Numan : Bilih bade nyobian "Jus Getih " aya sa kompan deui ,,,hi hi hi hihhi !!!
  5. Muhammad Shohiba Nu'man: cekap Kang, nu ieu ge teu acan seep.. hehe
  6. Godi Suwarna: :"Jempol...! Jempol bangeds dekh ihk...! Kantun ngapikan ngetikna..! Lalampahan sarebu kilometer dikawitan ku salengkah, kitu ujaring piwuruk Sang Mahaguru. Proses nyampurnakeun karya dikawitan tina beres ngetik..! Wilujeng..."
  7. Ahmad Yani: Hatur sewu nuhun Kakang Prabu, kana "apresiasina" , seja diestu keun pisan Nun ...!
  8. Godi Suwarna: :"Diaos deui...! Muringkak pisan. Asa keueung hirup dikepung ku siaran TV teh..."
  9. Ahmad Yani: Sumuhun Kang Prabu , sok komo murangkalih nu teu acan gaduh dadasar kangge nyaring informasi ..he he !! , asa ku Miris , getih di anteur-anteur ,di awur-awur ka unggal hate !!
  10. Yusran Arifin: Muhun, Kang Perb Godi Suwarna. Eta si Akang Ahmad Yani, jero pisan nalungtikna..Heded lah.. Serius pisan, ngabongkar masalahna.. Sumuhun, tipi teh di samping diperyogikeun, geuning pikapaurreun oge?
  11. Yusran Arifin: Jabi gaungna ageun pisan. Sanes pasoalan pribadi penulisna wungkul. Tos ngawakilan pasualan balarea. Saur Prof. Yakob mah. Karya satra nu sae teh, siga botol. Anu tiasa 'ngerewek' kalangkang anu seueur. Muhun ktu, Kang Perb Godi Suwarna? Punten bilih lepat.
  12. Aditia Gunawan: Keueung,,,sigana budakna sieun ku bawang bodas...:D
  13. Maman Damiri: Kahade bisi ngadadak jadi vampir , Lur . Kudu ditambakeun ...
  14. Ahmad Yani: @Kang Yusran : Nuju di ajar nun , neuleuman ka ahengan sastra sunda , da ari ngemutkeun seke seler mah , rupina abdimah kalebet " TONGKI " he he !
  15. Ahmad Yani: @Aditia : Upami di antep mah , rupina sapangeusi bumi , seep di gares !!! hi hi
  16. Ahmad Yani: @Kang maman : Rek di bawa ah ! engke sore ! , ka Leruwi Goong , si na nepungan uwa na !! he he he he !!
  17. Yadi Fathur Berkata: Beuki Edun we Mang Ahmad Yani.. sip..
  18. Lalat Socrates: imajinatif pinuh ku siloka..... keren abizzzz
  19. Ahmad Yani: @Kang Yadi : Sok Nyesep rokok merek naon ? hi hi hi
  20. Ahmad Yani: @Kang Lalat : Nuhun apresiasina , nuju di ajar keneh Nun ! ( Sareng Punten : Sapatu nomer sabaraha ??) he he he he !!
  21. Lalat Socrates: Ahmad Yani : hehe sumpahna ge abdi mah tara disapatu, sok ngangge sendal wae ka mamana teh... teu percanten mah taroskeun we ka ang Godi.... hihihiihi
 
Getih

Getih, ucrat acret ,minuhan beungeut si Bungsu ! ,bahamna calangap ,letah ulal-elel ngecrokan getih nu ngaley tina sela-sela kaca televisi. “ Amis …… Segerrrr !! , ceuk si Bungsu bari , mindahkeun Saluran TV , Golontor deui , getih anyar ngagolontor ,di bedahkeun ku penyiar nu awakna donto ., rikat ku si bungsu di ledot ku letahna ,nahan kanikmat nu taya tandingna.
Wanci tengah peuting , siaran TV lekasan , Si Bungsu murukusunu semu handeueul . Samemeh asup kakamar , katempo manehna keur anteng, mencrong foto kuring nu ngagantung luhureun TV , letahna kutap ketap , siga nu geus teu sabar , hayang ngasaan nguyup getih bapana .