Nyekar

Mun sakalieun Uing inget ka Bapa, suku sok patarik-tarik, lumpat jeung cimata, muru rungkun tangkal samoja, nu ngarangkadak,liuh, mayungan tilam kadeudeuh. Tanggah ka luhur, uing ngareka-reka pameunteu Bapa, na kanvas langit, ku mangsi kapeurih nu rohaka. "Bapa , ieu Uing Nepungan ! ", haroshos sora ngan dijawab ku simpe. Imut Bapa ngolebat ngan sajorelat, nepungan Uing, awor jeung kalakay awi nu maruragrag minuhan taneuh kuburan nu geus beueus ku keclak cipanon nu teu kaampeuh !