Ijasah Ku Ahmad Yani

Ijasah, Es- Hiji, di puragkeun, laju di tincak sisina, di hompet ku dua suku, “Kuring , geus teu percaya, ngandelkeun hirup ka Maneh !”. Geter sora, awor jeung napsu. Nitipkeun tonggong na bangku setasion, lelembutan ngabelesat, lumpat nepungan cipanon nu jadi indung. Seuneu kapeurih ngaburicak, ruhay!, jeroeun dada. “ Kuring !, korban, Pangbobodo,Maneh !”, koceakna. Berewek!…, Ijasah disosoek, gur!…diduruk, letah seuneu elel-elelan, ngapungkeun harepan nu geus lita jadi silalatu. “Awas ! ,Kareta ! “, sora jalma nu ting jarerit, ngan di bales ku seuri !. Kuring ngangkleung ngageuleuyeung, nyorang kahirupan anyar, nu leuwih pasti.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Entjep Sunardhi: Baluas nyawang nu luluasan ....
  2. Godi Suwarna: :"Potret kagagalan dunya atikan. Maehan manehna tetela aya tingkatanana. SD ngagantung maneh. S 1 ngagelengkeun maneh kana kareta. Paur, Mang Dang..! Linu..! Kantos aya nu kitu caket rorompok. Mayitna teh dugi ka disendokan..."
  3. Ahmad Yani: @Kang Entjep Sunardhi : Manawi ...bakat ku yeu kiat, ngawaler patarosan ti nu janten sepuh ! , mangka sawah sareng kebon tos seep !
  4. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Duka kumaha atuh Ang !. beuki dieu teh, dunya atikan muwuh janten asa langkung teu puguh ! heu heu!
  5. Dayat Iskandar: Euleuh, eta lebar atuh? Mangkaning kenging meureut kesang mangtaun-taun. Waragadna oge teu sakedik apan? Leueuh, kumaha atuh? Nya, upami kitu kahoyong mah taya bayana. Wilujeng tunggang kareta. Jurusan mana? heuheuheu
  6. Kaka Askara Sukma: Tamat.....hehe
  7. Apoedy Sarah Ihsan: pasti leuwih ripuhna... heuheuheu...
  8. Gus Maman: :"Fikmin super realitas pisan"
  9. Ahmad Yani: @ Kang Dayat : Abdi mah rupina bade naek kareta jurusan Akherat ! Ang ! heu heu heu !! ( Bongan di dunya mah, mung ukur di bobodo batur ! ha ha ha !)
  10. Ahmad Yani: 2Kaka Askara Sukma : Bingung tuda Ang ! , tos teu aya deui nu tiasa di harepkeun ! heu heu !
  11. Ahmad Yani: @ Apoedy Sarah Ihsan : Apan du dunya nu anyar mah, tos teu ieuh kedah milari padamelan ! ha ha ha !!
  12. Ahmad Yani: @Ang Gus Manz : Heu heu heu ...bongan tuda panangan ngadak-ngadak ateul, hoyong motret realita, nu nampeu payuneun irung ! heu heu ! ( Hatur sewu nuhun Ang !Gus .. kana apresiasina ! )
  13. Kez Sukezz: Kutan nu aral teh kitu nya balukarna, Kang..!
  14. Ahmad Yani: Bongan tuda tos kukurilingan ka tiap panto, keukeuh teu aya nu nampi, neng Kez ....!, heu heu heu !!
  15. Mamat Supriatna: Kedah aya sawalerna tina pesen fikmin ieu. Punten dikorehan deui.
  16. Rukmana Master: Ang Ahmad Yani, teu kengeng luluasan, Ang..! hehe
  17. Yanti Sri Budiarti: "Euh ari Si Sujang, kalah mirunan sisi rel kareta di titah ka warung teh!"
  18. Yayan 'Bedog' Supriatna: ikh...ulah pondok pangharupan Sujang..,heu..heuu
  19. Ahmad Yani: @ Kang Mamat Supriatna : Sumangga Nun, Urang di korehan deui ! Hatur nuhun Ang !
  20. Ahmad Yani: @Rukmana Master : Tos kesel tuda , hoyong gera-gera, Ngagentos cipanon Indung ! heu heu heu !
  21. Ahmad Yani: @Yanti S.B : Heu heu heu , bongan tuda ema mah, tiap miwarang kawarung teh , sok tara masihan buruh ! heu heu !
  22. Ahmad Yani: @Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : heu heu heu ...hoyong nyobian janten jalmi nekad, Ang ! , saurna mah raos ! cenah ! , heu heu heu !
  23. Nana Sukmana: Dina kahirupan anyar mah sanes mung ukur ijasah nu teu dihargaan teh, boa anu kagungan ijasahna ku anjeun pisan nu taya hargana.....