Bulan Ku Ahmad Yani

Mun pareng cahya Bulan keur mabra, taya nu bisa mindahkeun kiceup manehna. Bulan terus di pencrong, di gupay, di teueulkeun na hatena. Bulan ditanya, di naha-naha !?. Bulan angger tonggoy, teu malire cipanona nu nyalangkrung, cikruh ku kapeurih. Mun bulan geus leungit, ngaleos, nyumput na tilepan langit. Segrukna parat nepi kasubuh. " Tebih bulan teh , Bapa !?,renghikna awor jeung inghak. " Tebih ...Geulis ! Tebih pisan !". " Euis hoyong tatih di tungtung Bulan !, supados tiasa ka tingal ku Ibu !". Sora budak les-lesan. Kuring ngan ukur bisa ngabalieur, nyumputkeun Cipanon nu murubut teu ka ampeuh. Di tungtung lembur, na handapeun rungkun tangkal samoja, tetengger indungna hurung, mere iber, nitipkeun kamelang ka angin nu ngahaliwir.