Unhas

" Bapa !, Ujang mah ! mun tos ageung, kuliah teh hoyong di UNHAS, ah !" ceuk si Bungsu, bari panon na teu leupas nempokeun acara tipi . " Naha tebih- tebih teuing hoyong kuliah di ditu !, apanan urang mah urang Bandung !?". Tempas kuring bari kerung . " Resep Pa !, di UNHAS mah, di ajarna gelut wungkul !, bade diajar ah ti ayeuna, maledogan batur, jeung meupeus-meupeuskeun kaca !! ,tembal na semu sugema.