Bureuyeung Ku Ahmad Yani

Kabar ,yen, Neng Dewi, putrana ,Juragan Pulisi ,nu yuswana nembe 8 taun kakandungan ,kacida ahengna .lolobana mah ngarasa teu percaya , naha saha atuh nu geus ngagadabahna? . Bapana nu kawentar galakna geus sabaraha kali nalek ka Dewi ku cara leuleus jeung kasar , malahanan bari jeung di ancam di acungan pestol sagala rupa , Dewi teh tetep gideug teu ngaku ku saha manehna di gadabahna . Ngarasa gagal nyeleksek ku cara normal , keluarga Dewi neangan tarekah ,ku jalan tatanya ka jalma pinter . Tapi hasilna tetep poek , meh kalolobaanna ngajawab , Dewi ngandung janin roh halus,anu dina waktuna bakal leungit ku sorangan . Antukna pihak keluarga jeung masyarakat ngamaklum , malah malik mikanyaah ka waruga Dewi nu karek sakola kelas 2 Sd , tapi geus bureuyeung beuteung . Nincak bulan kasalapan . Brol Dewi ngajuru … Orokna lalaki sehat naker . Beg ..keluargana ngagebeg , sabab ceuk katerangan dukun mah , eta kandungan teh moal jadi orok tapi bakal leungit dina waktuna . Bari mawa kaambek Bapakna ngajugjug ka hii ajengan nu aya didaerah Cirebon , …Dina Baskom nu geus di eusi cai , breh we manehna nempo hiji beunget ,nu kacida dipikawanohna .Teu lila Awakna ngarumpuyuk , les we teu inget di bumi alam , kumis nu baplang ngaplek ngagangsur taneuh . Pamajikanna teu wudu panik na . barang sadar pok pamajikanna nanya “ Kunaon Pa ? Aya Naon “ . “ Goblog …piraku Sugan Aing kudu nembak ,Bapa aing , nu geus maot sabulan katukang “ Ceuk Bapak Dewi bari les deui kapiuhan . !