Ngamen

Anaking ! deudeuh teuing ! ,Sigana Abah teu bisa ,nedunan pamenta hidep ! ,
nu di harewoskeun tadi isuk , bareng jeung murubutna ci panon anjeun ! "
,Lain teu di usahakeun ! anaking ! , suku mah geus leuleus teu puguh rasakeuneunana, mapay-mapay tiap buruan imah ,nitipkeun harepan ka gitar butut , tapi dalah dikumaha beuki dieu di tiap panto imah nu jadi harepan urang sarerea, ayeuna geus rapang kutulisan " NGAMEN GRATIS"