Si Renyoh

Nitipkeun tonggong na tembok di emper toko. Ramo leungeun pageuh, nyapit roko nu panungtung. Haseup paburisat, lalumpatan, muput langit ku lamunan. Bray !, Lampu beureum hurung. Ratusan mobil nu harerang, ngantay, cingserengeh hareupeun kongkolak panon. Ret kagigir. Si " Renyoh " ngahenen gigireun kotak leutik , semu nu lungse. " Asa jadi tambah tiiseun usaha teh !" Gerentesna. Si Renyoh unggeuk siga nu ngarti. Kuniang manehna hudang, gap kana payung leutikna. Berebet lumpat muru ka jalan, bareng jeung hurungna lampu nu warna hejo. " Ngekkk !!" cenah, Si Renyoh ngoceak. Awak leutikna teu kapuluk, remuk, mulas aspal ku getihna.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Riyono Afdfvm: enonesia tanah air ku......tanah tumpah darahku.....jadi rada aral ieu teh hehehe..piraku ieu nagara engke mah ulah aya presiden, gupernur atawa bupati, hehehee
  2. Dadi Arya: Emh, deudeuh teuing Sang Aktor Dogér. Nasiiib...
  3. Teti Taryani: Euleuh, aya ku tragis Kang... deudeuh teuing nu bela ka dunungan...
  4. Irman Dimyatie: :"Pikasediheun deui wae..... Sanajan Si Renyoh sato tapi belana leuwih gede batan gegeden nagara."
  5. Meila Handayani: Karunyaaaaa (-̩̩̩-̩̩̩_-̩̩̩-̩̩̩)
  6. Ahmad Yani: Tina lolongkrang kaca mobil nu melenge sakedik. Sok rajeun urang tepang sareng, kelompok " Si Renyoh", ngadon nakolan dogdog alit di sisi jalan. Kalan-kalan urang ge sok kacandakeun gumujeng, ningal talajak si renyoh nu pikalucueun. Lulumpatan bari nyanyandak payung, saurna mah bade kapasar ? he he he . Upami teu lepat mah nagara teh tos 66 taun merdekana, tapi edas aya keneh jalmi milari pakasaban model kelompok " Si Renyoh ". Bakat teuing ku anteng gumujeng, antukna mah urang ge sok hilap ngalungkeun kencring nu teu sapira, da bonganna kaca mobilna ge sok rajeun di sosi . Rapettt ... teh !
  7. Ahmad Yani: Ang Riyono Afdfvm : Duka bade iraha , negeri urang teh damangna ? Urang sani-sami ngadoakeun wae atuh !, mugia sing enggal walagri !
  8. Riyono Afdfvm: amiiin
  9. Ahmad Yani: Kang Dadi Arya : Sumuhun Kang !, meh di ungkal pengkolan ayeuna mah praktekna teh ! heu heu !
  10. Ahmad Yani: Teh Teti Taryani : Untung keneh Si renyoh teh, teu kantos ngaraosan nerekelna hargi BBM ... hi hi !
  11. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : Aneh nyeta, duka pedah nuju bade naek BBM, sim uing janten resep ngadamel seratan model kieu ! he he he !
  12. Ahmad Yani: Neng Meila Handayani : Tulungannnnnn ,,,,atuh ! neng !!! hi hi hi !
  13. Meila Handayani: Kumaha nulunganna kang tos ngabebengkang kitu mah kalahka sieun ningalinage boro nulungan ☺Ήii☺Ήii☺Ήii•••☺
 
Antara Uing Jeung Peuting

Murak peurih, dina lungkawingna peuting. Rewuan leungeun ranggoas roroesan, nyaram lambak nu anteng neumbragan karang anu hamo malire. “ Dina lipetan langit, lebah mana deui, uing bisa nyantelkeun karep ?” harewos kalakay, nu geus rangsak di sasaak waktu. Angin ngabalieur, laju lumpat ngudag-ngudag kalangkang bulan, nu meh tilem, di teureuy simpe.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: :""Kabayang kumaha simpena hate harita...."
  2. Ahmad Yani: Mongkleng pisan nyeta Ang Irman Dimyatie !, haduhhhh ... ari tos kieu teh , sim uing mah kadangkala sok teu katahan upami ningali cai nu nuju umpal-umpallanteh ... tos asa sa jkleng-jlengeun wae ! hi hi hi !
  3. Irman Dimyatie: :"Kade ah! Meni paur. Kumaha mun kacandak palid. Mangkaning teu tiasa ngojay teh!"
  4. Ahmad Yani: Ari ngojay mah tiasa Ang !@Irman Dimyatie, mung sok tikerelep wae ! ha ha ha !
  5. Irman Dimyatie: :"Eta mah gaya batu tea hahahaha...!"
  6. Rifan Sahrony: Ari nusanesmah nganggo gaya kukupu,ari Kang Ahmad Yani.nganggo gaya batu.atuh. kekerebekan.hahahahh
  7. Dewi Budi: Cantelkeun dina cacantel.........hehe
  8. Umi Syifa: simpening simpe . . kemba na hate
  9. Riyono Afdfvm: waas asa jaman keur revolusi
  10. Rohendi Pandeglang: simpe jasa kaka
  11. Akang Remi: Tenang Gan perbu Ahmad Yani, Satungtung aya keneh ambekan, harepan mo rek ninggalkeun urang....ceuk cenah eta teh, Gan!
  12. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Ari janten anggota " Klub Guyang mah " tos aya kana tilu taunna , mung edas !, siga nu miyuni ka Ucing !, asa amprok jeung singa ari ningali cai teh ! hi hi hi hi !
  13. Ahmad Yani: Kang Rifan Sahrony : hi hi hi hi .... Biasa ngojay na Baskom ! manawi !
  14. Ahmad Yani: @Dewi Budi : Cacantelna tos caroplok manawi ! Duh ! ieung ! hi hi hi !
  15. Herdi Pamungkas: mudah-mudahan wengi enjing bulan ngurunyung deui....
  16. Ahmad Yani: Umi Syifa : Leres pisan manawi , kitu kaayaanana ! he he !
  17. Riyono Afdfvm: Kang Herdi Pamungkas, pasti bakal muyung, ayeun age tos katingal muyung, nyakseni no demo di amarta hahahaa
  18. Ahmad Yani: kang Riyono Afdfvm : Revolusi Diri, nu taya tungtungna Ang !
  19. Riyono Afdfvm: Leres kakang, pami teu kitu sok kamalinaan, kedah pisan
  20. Muhammad Shohiba Nu'man: Gustii...! meni surser kieu ieu teh.. Haruh!
  21. Ahmad Yani: Aka Rohendi Pandeglang : Aduh , meni bingah di longok ku si Aka, hatur sewu nuhun Nun !, kabayang keneh si Aka meni gandang ngangge Pangsi Bodas di Rumentang siang ! he he he !
  22. Ahmad Yani: Kang Herdi Pamungkas : Sumuhun kahoyong mah enggal bulan teh ngurunyung deui , tos teu kiat hoyong mubuy ! he he he !!
  23. Ahmad Yani: Ang Muhammad Shohiba Nu'man : Hi hi hi hi ... teu ngahaja manawi Ang !, Rupinamah kapangaruhan ku hawa nu nuju sakieu tirisna, janten we emutan teh ngacacang sabulang bentor ! he he he !
  24. Endah Dinda Jenura: hadoh ieu fikmin, matak kukurayeun...
  25. Irman Dimyatie: :"Uing mah jago ngojay dina kasur we ayeuna mah hehehe..."
  26. Riyono Afdfvm: kukurayeun naon teh Endah Dinda Jenura. kang Irman Dimyatie dina kasur ge sami jibreg nya
  27. Rohendi Pandeglang: Hampura, haliwu harita teh, pajeulit jeung ngurus bebenyit hahaha... Iraha iraha cuan amprok deui heuseus ngariung urang hungkul. Harita geh ku hayang jasa nyebutan ngaran hiji-hiji, ja beda jasa kapanan jing jeung dina komputer mah. Muga ulah nganggap kula sombong atawa sosohoreun nyah Ka Ahmad Yani.
  28. Ahmad Yani: Neng Endah Dinda Jenura : Kukurayeun nya ? he he he , nuhun Teh ! heu heu !
  29. Ahmad Yani: Ang Rohendi Pandeglang : Siappppp Aka !, Mugia kapayun pareng tepang. Heu heu
  30. Teti Taryani: Asa disasaak rasa...
  31. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: karaos pisan nyentugna kana angen
 
Lisna

“ Baku mamah mah!, ari tos kitu teh !”. Lisna ngajengkat, bari rikat nutupkeun hordeng. Blus ka kamar. Maseuhan bantal ku cipanona. Meh unggal peuting. Lisna sok api-api sare, mun aya lalaki nu piligenti datang ka imah. Ceulina geus metet ku mangrupa sora , sora –sora aneh nu kaluar ti kamar indungna. Isukna. Indungna ngabebengkang luhureun ranjang. Baju jero pasolengkrah, pagaliwota jeung kuntung roko nu amarayah luhureun ubin. “ Pangdamelkeun Teh manis !, Lin !”, Ceuk Indungna bari nguliat. Lisna unggeuk, laju muru ka dapur. Cai geus siap. Reg eureun. “ Ayeuna waktuna ! “ aya sora ngaharewos, teuing timana datangna . Leung ngahuleng . “ Lisna ! , Enggal !! “. Kapireng sora nu ngajorowok tijero kamar. “Mangga ! “ jawab Lisna, bari ngasupkeun barang nu siga puyer, kana jero gelas. Mun peuting, pareng keur simpe, tina sela-sela beusi panjara. Lisna sok anteng ngajulan karep ku inghakna. Cipanonna muruluk, laju dipulungan di bungkus ku karembong kayas. Rek di ronce, di jieun kongkorong keur indungna, mun pareng bisa panggih deui .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: “ Pangdamelkeun Teh manis !, Lin !”, Ceuk Indungna bari nguliat. Bade tumaros... eta teh LIN atanapi LIS, kedahna? Lepat ngetik jigana hehehe..."
  2. Irman Dimyatie: :"Singhoreng indungna teh tukang dagang surabi tutung.... Naha atuh Lisna meni tega maehan indung? Kajeun kitu... tetep indung!"
  3. Ahmad Yani: He he he he ... sumuhun , nembe kajeueung ku sim kuring. Leres maksadna mah " Lis ", sanes " Lin " , hatur sewu nuhun kana koreksina Kakangku ! nu bageur !!
  4. Lenny Magdaleni: Emh..., isin panginten Lisna teh...!
  5. Ahmad Yani: Lenny Magdaleni : Tos Cape hate ! saurna mah ! he he he !
  6. Apoedy Sarah Ihsan: naha eta nu dipurulukeun teh teu matih??? heuheuheu....
  7. Kimomonk Arthawee: manawi nu muruluk teh racun..? bet cipanon..? ngalembereh...merebey maksadna ?
  8. Ahmad Yani: Kang Apoedy Sarah Ihsan : Pendakna di alam sanes , rupinamah ! he he !
  9. Ahmad Yani: Kimomonk Arthawee :Sumuhun leres pisan , kitu maksadna ! he he !
  10. Dadi Arya: "...sok anteng ngajulan karep ku inghakna...", deuh, aya tegep! aya ngalimed, maosna gé..
  11. Rin Riani: Deudeuh anaking,..... hampura mamah,.....
  12. Ahmad Yani: Hater sewu nuhun kana pairana Ang Dadi Arya !
  13. Akang Remi: Beu Sagorengna ge Kolot, tetep we urang mah kedah hurmat teu kenging baha, ari ieu bet diracun geuning? saha nu bisa disalahkeun?
  14. Ahmad Yani: " Teh Rin Riani , tulungan Lisna teh !, iraha atuh bade besuk teh ?" heu heu !
  15. Ahmad Yani: " Da henteu di rencanakeun eta teh Ang Remi Sadkar, bane we aya nu ngaharewos , duka saha tah nu miearang teh !, namung dina implengan teh mung ngelemeng tanda-tandana, Jajaka kasep nu sok remen ngangge iket !! ha ha ha ha haha ! ".
  16. Akang Remi: Halah, Gan Perbu Ahmad Yani...Curiga ngefek tah ari tos iket nu disebat sebatna mah.....heuheuheuheueu
  17. Mustika Kurniarasa Haroeni: Salersna mah Nu miwarang ngaracun teh kang remi sadkar,,, hahaha,,
  18. Yetti War: deudeuh anaking ........kedah teger geulis
  19. Akang Remi: Leuh, Ituh Aceuk Mustika Kurniarasa Haroeni, meni ku teterasan etah, racun! heuheuheuheu
  20. Mustika Kurniarasa Haroeni: @kang remi,, hahaha,, apanan abi oge hampir2 diracun tadi,,
  21. Godi Suwarna: :"Tragis abis, Yayi...! Peurih..."
  22. Ahmad Yani: Cep Remi Sadkar ! hi hi hi hi ... Sakapeungmah ... hate teh sok teterejel, hoyong pareng tiasa ngawangkong sareng urang Garut nu sok remen di iket, bari nyuruput cikopi susu, di Kantin UNPAD ! he he he !
  23. Ahmad Yani: Mustika Kurniarasa Haroeni : Moal lepat deui !, da ciri-cirina mah tos sami . Upami saur KPK mah, bukti awal permulaanna tos cekap ! ha ha ha !
  24. Ahmad Yani: Teh Yetti War : Hatur nuhun teteh kana kadeudeuhna, iraha atuh bade besuk ! ?, tong hilap nyandak bekel nu seueur ! he he !
  25. Akang Remi: Gan perbu Ahmad Yani, InsyaAllah hiji waktu urang tiasa ngawangkong, nu langkung dalit deui. InsyaAllah.
  26. Mustika Kurniarasa Haroeni: @kang a.yani lerees pisan kang da mmg si eta dalangna mah,, hihihi
  27. Ahmad Yani: Ang Perbu Godi Suwarna : Rumaos Ang, teu gaduh ideu nu manjur. Emutan teh raraosan asa sumpek pisan. Bati kumejot wae ningal nu sanes nuju pasuliwer dina lapak teh . Antukna maksakeun wae, nuturkeun kereteg hate , ngunclungkeun fikmin sapertos kieu ! heu heu heu ! hatur sewu nuhun kana pairana Ang Perbu ! , haturan wilujeng tepang deui !
  28. Yetti War: he he he sing enggal damang cu dilongok teh palay dipangnyandakeun naon
  29. Ahmad Yani: Hoyong Rujak Hiris saurna teh ! hi hi hi hi !
  30. Yetti War: rujak bebekwe atuh , ngala hirisna hujan
  31. Rifan Sahrony: Jiiih,Ang Ahmad Yani.meni asa kumerot etah kana rujak hiris.liwet tiis,dipasieup asin sepat.suhaaaah,suhaah.dugi ka ramisak tina pangambung.
  32. Yetti War: eueueuh ieu deuih kang Rifan Sahrony kalah ditambihan
  33. Rifan Sahrony: Teh Yetti War, hihihii sim kuring mah rujak hiris nyaan.
  34. Ahmad Yani: Kang Rifan Sahrony : Upami leres kabita ku rujak hiris, diantos atuh, urang purak sasarengan kintunan ti Teh Yetti War , bari sakantenan besuk Neng Lisna ! heu heu heu !
  35. Yetti War: siiiplah siap
  36. Rifan Sahrony: Siap. Kang...! ceuk kuring bari ti paparetot inggis kaseepeun.Nadius bari teu nolih kana diri.acan ngango lancingan.wkwkkkk
  37. Nana Sukmana: Nyeriiiii!
  38. Lies Tjandra Kancana Sudarma: hanjakal tara tiheula.....
  39. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: beu...meni luluasan
  40. Ahmad Yani: Ang Nana Sukmana : Teu aya pilihan nu sanes manawi Ang ! heu heru !
  41. Elis Sri Yovita: matak nambihan masalah
 
Papasten Hirup

Leungeun nu roroesan, ngiles . Kari koceakna nu terus nempel nutur nutur jejewir . Dina kalender nu geus rajet, uing anteng ngimpleng, ngalelebah mangsa, keur nasib uing sorangan !.
“ Tos mendakan waktos, nu pasti !?” Harewos akar kiara, nu ngalungsar, di biwir talaga.Uing ukur bisa melong beungeut manehna, ku rasa hariwang. “ Sasih payun rupinamah “ Jawab uing. padu engab. Akar kiara, nyerengeh , laju ngaleor meulit tangkal nu meh rugrug. Angin ngahiur bedas, mangpirang warna sora kapireng, meupeuskeun lalangse leuweung. Ngareret ka tengah talaga, ku juru panon nu meh nutup. Sirah cai ngagupayan. Angka nu geus dibuleudan na kalender, lalumpatan muru ka girang .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Rin Riani: Meni ngabelesat kang Ahmad Yani,....
  2. Ahmad Yani: Ngabelesat naonana tah Neng Rin Riani ! he he he he ! ( Nuju sono mikmin manawi, tos lami absen ! ha ha ha ha ! )
  3. Ade Rahmat: wa,,,,,,,,,assssssssssssssssssssssss, lalampahan hirup nutas kasorang poe kamari, Kamana awe atuh Kang Ahmad Yani teh diantos posting jeung mairanana da ari jempol mah gaduh.
  4. Ahmad Yani: Sonooooo .... kacida duh !, ka kang Ade Rahmat , urang Cianjur teh !, waas ku Topina ! he he he he !. Nyeta Laptop teh ngadat aya kana sasaihna !. Tiasa hirup deui teh, pedah we tos gentos merek ! hi hi hi . Hatur sewu nuhun tos mairan kang Ade !, salam baktos kangge kulawargi di Cianjur !
  5. Rin Riani: Ngabelesat 'beuneur' na,... lami absen teh aya buktosna kang,...
 


Di juru Diskotik. Panon uing ceuleuyeu, semu nu geus ngagayot. Beuheung geus teu kuat nahan sirah. Maturan botol kosong nu pasolengkrah, awak ngadayagdag, bari naleukeumkeun dua leungeun na luhur meja. " Nuju nyumput di dieu ? !" , ceuk hiji sora. Bari gek diuk gigireun Uing. Teu ieuh ditembalan. Uing anteng memeres ramat lancah nu pajurawet jeroeun sirah. " Teu sawios, ku sim kuring di rencangan !?" pok na deui. Eleh deet. Kuniang uing cengkat lalaunan. Ret ka gigir . Gebeg !. Hate asa di rabut satarikna. Uing ngan ukur bisa calangap. " Teu kedah reuwas !, abdi aya na hate anjeun ! " harewosna. Bari ngaleos bareng jeung angin .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Gunawan Sejati: karuhun etateh....jigana anginna ka gn,bohong
  2. Kimomonk Arthawee: aya ge tanjakan bohong....jalan ka Tasik...
  3. Gunawan Sejati: gunung bohong di cimahi tengah...kalereun UNJANI (lapang Temak)
  4. Akang Remi: Eduuuuuun! Seueur simpanganana ieu mah, heuheueu...Duka teuing malaekat duka teuing lamunanana eta beungeut teh....Geulis, Gan!
  5. Dadah Hidayat: Aduh, endah nya aya dina hate
  6. Yanti Sri Budiarti: Wuusss..! Siiiiet..! Angin malik neumbag dada. Nangkeup sapageuhna... Haaag..?!
  7. Maman Gantra: Heded, Kang! Tegep!
  8. Irman Dimyatie: :"Hareugeueun keneh rek ngomen teh..."
  9. Kimomonk Arthawee: sateuacanna ngomen...ngamen heula..ngarah teu hareugeueun...Ang...
  10. Rohendi Pandeglang: Tah kitu mungguh implengan nu ''play'' mah heuheu
  11. Rifan Sahrony: Kang Ahmad Yani,aya harewos bojong nu bade nyarengan,sigana eta nu ngaharewos teh Kuring eusina kurung sugan.?
  12. Ahmad Yani: Cep Remi Sadkar : Heu heu heu ...Memang ripuh, hirup diudag-udag terus ku kalangkang Sorangan ! ..... hi hi hi ! Hatur sewu nuhun Aden ! kana pairana !
  13. Ahmad Yani: Kang Dadah Hidayat : Saestuna mung na hate, sagala bebeneran , terus-terusan diharewoskeun !
  14. Ahmad Yani: Neng Yanti Sri Budiarti : Ambuing .. asa dina filem ! he he he !
  15. Ahmad Yani: Nuhun Ang Maman Gantra ! tambih ngalamun memeh tibra ! manawi !
  16. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : Halahhh ... dugi ka hareugeueun kitu ! , siga nuju ninggal nu luis !! hi hi hi hi
  17. Ahmad Yani: Kimomonk Arthawee : Sae tah ide teh ! , ngamen supados emutan lancar ! he he he !
  18. Ahmad Yani: Ang Rohendi Pandeglang : maklum tos seep opta botol ! ha ha ha !
  19. Ahmad Yani: Ang Rifan Sahrony : Haduh ... kateguh eung !, ari ku nu getol mujasmedi mah ! ha ha ha ha !
  20. Budi Mugia Raspati: "Uing anteng memeres ramat lancah nu pajurawet jeroeun sirah." Eduuun!..heded!..nyanggakeun jempol sakeresek!
  21. Ahmad Yani: Katampi pisan jempolna nu sakeresek teh Ang Budi Mugia Raspati, tapi kengeng teu bade di ical sapalih , lumayan kangge nambihan resiko dapur ! ha ha ha ha ha !!! ( Haturan wilujeng Enjinng Ang Budi MR.)
  22. Tatang Sumarsono: Gaya Ang Ahmad Yani, moal matak kalinglap, da geus jero napak dina fikmin kawas kieu. Kitu sotéh ceuk pun uing.
  23. Heni Sumarni: asa ngiring A-O maosna kang Ahmad Yani...
  24. Ahmad Yani: Haduhhh ... ambuing , gaduh irung dugi ka asa ngapung, di sebat " Gaya " ku pangersa Ang Tatang Sumarsono ! heu heu !. Hatur lumayan wae , manawi Ang !, da raraosan mah masih keneh rumpu-rampa manawi ! malihanan asa teu acan awas-awas acan . Rumaos masih keneh kotokeun keneh dina mikmin teh !. Hatyr sewu nuhun kana apresianina Ang Tatang !
  25. Ahmad Yani: Hi hi hi hi hi asal ulah dugi ka babalongkengan weh Neng Heni Sumarni ! heu heu heu , bilih seepeun elap ! ha ha ha ! ( Hatur sewu nuhun tos ngersakeun mairan ! , wilujeng A-O ! hi hi hi ! )
  26. Ahmad Yani: Kang Gunawan Sejati : Iraha bade ngurek belut deui , di Cibeber ? he he he !
  27. Gunawan Sejati: Rupina liburan ieu kang..Ingsa aloh sakantenan ade soting di gunung bohong..(napak tilas)...eta belut cibeber..masih aya kitu ???..
  28. Lalat Socrates: Gening atuh anu seja ngarencangan teh kalah ngaleos...
  29. Teti Taryani: Teu kedah dipilari deui atuh nya, da tos aya na hate anjeun... keren Kang, ungkarana!
  30. Ahmad Yani: Sanes milik rupinamah Ang Lalat Socrates ! he he he , di carek mah atos, namung keukeuh ngaleos ...ningan ! he he he !
  31. Ahmad Yani: Bingah ... pendak deui sareng Teh Teti Taryani !, Damang Teh ? .hatur nuhun tos mairan !
  32. Teti Taryani: Alhamdulillah, pangesto... numawi danget ieu teh rada sesah ol... Nembe dinten ieu nganjang ka baraya fikmin, beu, garanteng amat fikmin nu midang teh, Kang! Resep maosna...
 
Silalatu

Aya nu ngilu leungit, basa waruga anjeun ngiles, lebah pengkolan pamungkas. " Naon nu bisa di piharep, mun amis geus leungiteun peueut !" Kecap anjeun nongtoreng, napel na ceuli. Uing ngan bisa tungkul. Ngarasakeun langit rubuh, nimpug hulu angen, mebes, nepi ka dasar lemah. Na tumpukan durukan nu masih ngelun, gambar carita urang, geus jadi silalatu nu rabeng, roronjang ngudag karep sewang-sewangan .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Rudi Riadi: Aya ku heded ieu fikmin, ngagalindeng pisan, Kang Yani. Hawatos ku nu dikantun...wilujengbarusuh manah.
  2. Ki Hasan: Hmmm. Peurih nu dikantun! Cobian ngantun!
  3. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: matak ngarahuh...
  4. Muhammad Shohiba Nu'man: Heded sureded! Peurih tapi bedas.
  5. Irman Dimyatie: :"Duh, naaaa... meni kabina-bina teuing ungkara teh, Ang?!"
  6. Endah Dinda Jenura: haruuuuhhh... keren, Kang!
  7. Maman Gantra: Tegep, Kang! Pondok nyodok.
  8. Yanti Sri Budiarti: Kumaha..?! Gambar carita urang diduruk..?! Beu, kenging hese ngagrafis teh kalah ka diduruk geuning..?!
 
Jangji

“ Mun enya uing salah, pek gantung uing di Monas!”, Ceuk Si Cepot . Bari kekerot. Dadak sakala hujan turun ngagebret, angin datang ngagelebug,Kawah Candradimuka ngagolak, Para Dewa paciweuh, nyatet jeung adu renyom nyawalakeun eta jangji. Semar ngan ukur bisa ngurut dada, helok ku peta anakna, nu ngadak-ngadak siga nu owah . Sabulan ti harita, majelis hakim mutuskeun , Si Cepot salah. Tapi Monas ngadadak leungit tina tempatna. Monas diteteangan ku sararea. Tapi tetep teu kapanggih, ngiles teuing kamana. Si Cepot ngan ukur nyerengeh seuri. Ngan beuteung Ki Semar jadi ngadadak leuwih ngagedean .

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Irman Dimyatie: :"Monas diteurey Semar hahahaha....."
  2. Akang Remi: Semar nekad melaan kang putra, upami teu dibelaan, nya kabarerang tea panginten.
  3. Ida Rukmana Ida: Beu..beuteung semaaaaaaaar....cag
  4. Lamsijan Kilamsijan: leres pisan keuna ka anu sakti mah gampang melaan budak teh, .... tapi..... rada apal baheula mah semar teh kalebet ka jalmi anu ngadek saclekna nilas saplasna..... rada hemeng.... tapi da ari jalmi mah keuna ku owah gingsir .. boa boa semar kaleled ku caahna jaman..... mun tea mah kitu beu hese deui keur neangan conto... ah palias teuing...
  5. Nugraha Thea: kantosan we wanten nyarios kitu ge da memang di nagara eta teu aya hukum gantung sok komo di gantungna di monas heuheuheu anya anya wae?!
  6. Jaladara Nitis: Tapi sapal�h wartos, eta monas teh diteureuy ku ki togog cenah, sami namina oge paman ka alo piraku teu melaan, anumawi togog beuheungna beki eueuleugeugan. Allahualam ketang, duka mana tah nu leresna. heu.heu..
  7. Allif Widjaya Shetiya Rhamdhanie: aya ku sarakah nya eta ki semar dugi ka nuang monas sagala,, hehe
  8. Deden Abdul Aziz: Masalahna, saha nu boga hak ngagantung si Cepot?
  9. Irman Dimyatie: :"Ang Deden Abdul Aziz, lain ge si Cepot nu ahli politik tur jago Silat Lidah. Manehna ge apal, can aya hukum pikeun ngagantung narapidana. Komo di Monas mah. Kukituna, hukum bisa diulinkeun. Ngarah beres mah, teu aya deui cara iwal ti.... disantet! Beres."
  10. Ahmad Yani: Ang Irman Dimyatie : Kapaksa di teureuy, da rupina Abah Semar ge , ngiring Aub ! ha ha !
  11. Ahmad Yani: Remi Sadkar : Di awon-awon ge ka Putra nyalira !, komo upami putrana gaduh kartu " As" mah ! he he he !
  12. Ahmad Yani: Ida Rukmana Ida : Heu heu heu ...sumuhun Ang ! , janten katempuhan rupina mah si Abah ! Teh !
  13. Ahmad Yani: Lamsijan Kilamsijan : DiZaman Globalisasi nu sakieu ahengna, rupina idealisme ge ngiring kacandak caah ! heu heu !
  14. Ahmad Yani: Nugraha Thea : Tah ..eta pionterna Cepot teh !, lihai milari hojah ! he he he !
  15. Ahmad Yani: Jaladara Nitis :Heu heu heu Tiasa wae Togog Wijamantri nya , nu nyumputkeun monas teh , kabayang bakal ngajendul na beuheungna ! ha ha ha ha
  16. Ahmad Yani: @Alif Widjaya : Bakat ku peryogi manawi Ang ! , seueur teuing pangabutuhna ! he he he !
  17. Ahmad Yani: Ang Deden Abdul Aziz : Heu heu heu ,rupina mung nga Gos , wungkul tah Ki Cepot teh !
  18. Allif Widjaya Shetiya Rhamdhanie: heheeh, sanes bakat ku peryogi ang tpi bakat ku lapar, te aya tuangeun. bade meser da gning hahargaan teh ting terekel bae, komo dai nu nami na BBM
  19. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : He he he he , nyeta tos teu neurak di santet oge ! , duka upami Santet Garut mah ! hi hi hi hi !
  20. Deden Abdul Aziz: Lip service tea ti dituna mah Aden Cepot teh, Ang. Tamba ngabetem wae...
 
Basa Uing Di Ajak Jalan-jalan

Teu nyangka sacongo buuk. Manehna bisa jadi jalma sukses model ayeuna. Bubuhan sarerea ge apal, keur SMA , manehna teh,kacida badeur jeung getol gelutna. Kakaget teh beuki nataku, basa uing di ajak jalan-jalan ngurilingan pabrikna. Uing banget teu ngarti ku cara manehna ngamenej pausahaanna. Ratusan pagawena nu lolobana awewe, keur anteng mocelan jagong, nu jadi bahan dasar usahana. "Ku naon, Man, eta jagong make dipocelan? Asa henteu efektif, padahal bakal leuwih murah modalna mun ngagunakeun mesin.” Ceuk uing ka manehna. “Uing ngahaja ngagunakeun manusa, sabab mesin mah teu bisa ngadu'a," jawab manehna hampang. Bari seuri nempokeun kulit tarang kuring nu kerung.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hermana: panginteun eta nya ang berkahna usaha teh seuer nu ngaduakeun.....
  2. Ahmad Yani: Iwan Hermana : Leres eta pisan rupina, resep suksesna ! Ang !
  3. Ahmad Yani: Haduh kunaon kecap " Leuwihna " bet dua ! heu heu heu ! ( Punten Ah ! , teu kahaja ! )
  4. Godi Suwarna: :"Bagea, Yayi...! Lawas ti lawas...! Saparantos tatapa mah karaos fikmin Yi Perbu teh janten leleb. Teu hut-het, teu budag-badug siga sasari. Wilujeng, ah...! Diantos nu senesna deui..."
  5. Akang Remi: Sabab mesin mah teu bisa ngadu'a. Leuh, Ngalagena kacida waleran teh. Aéh Gan Ahmad Yani, pun uing teu acan nganuhunkeun, tos di buruhan kopi waktos di Unpad. Nuhun Gan, kopi nu manis. Didieu, Fikminna ge, tambih manis.
  6. Ahmad Yani: Hatur sewu nuhun kana pangbageana Ang Godi Suwarna !. Hapunten sanes tambelar tos lami tara ngelol ka lapak kadeudeuh !. Nyeta Laptop sim kuring ngadat tos sasasih lamina. Dilereskeun teu beres-beres, antuknamah ... janten we , ngangge nu enggal ! heu heu heu !
  7. Endah Dinda Jenura: teleb... nyes kana hate...
  8. Ahmad Yani: Remi Sadkar : heu heu heu ... duh Salira mah !, mani kayungyun !, masih keneh emut kana kopi nu sacangkewok ! ha ha ha ha !. Iraha atuh seja ngersakeun sidengdang payuneun hawu di saung Abah, nu di Cimahi ! , moal teu disuguhan bako mole sareng cikopi sa gentong gera ! hi hi hi !
  9. Ahmad Yani: Neng Endah Dinda Jenura : Heu heu ...Nuhun Neng !, tos kersa mairan ! heu heu !, tos teu kiat nyeta hoyong enggal-enggal ancrub ka lapak !, janten fikmin nu atah keneh ge , enggal wae di gebruskeun ! heu heu heu !
  10. Iwan Hanjuang: ari bulu jagongna dilamanakeun??
  11. Yanti Sri Budiarti: Benten karaosna fikmin teh...Kaangseu bau keneh toko..! Kacipta bari mocelan siki jagong teh bari ngawirid nya Kang Ahmad Yani...:)
  12. Teti Taryani: Matak barokah ka sadayana ieu mah pangusaha teh...
  13. Akang Remi: Bingah, Gan Ahmad Yani. Di sambat ku salira. InsyaAllah sawaktos-waktos, ngahaja amengan ka, Cimahi. Nunhun tina pangangkenna, gan.
  14. Ahmad Yani: Ang@Iwan Hanjuang : Ha ha ha ha ... edas meni emut wae kana bulu jagong !? hi hi hi ( Bade di kumpulkeun, teras didamel Wig ! Hi hi hi !)
  15. Ahmad Yani: Neng Yanti Sri Budiarti : Hi hi hi kabayang ngawirid ku siki jagong !, langsung disamualkeun ! ha ha ha ha !
  16. Ahmad Yani: Teh Teti Taryani : Sumuhun !, upami seug sadaya pangusaha kitu !, matak ayem tengtrem rupina kumelendang di Enonesia teh ! heu heu heu !
  17. Ahmad Yani: Remi Sadkar : Siap di antos pisan Yayi !! heu heu !
  18. Yanti Sri Budiarti: hihihi...Leres Kang Ahmad Yani, malih mah aya oge nu ngawirid ku kacang hejo. Kin di mekah diawurkeun dianggo parab manuk. Supados ngiring barokah. Supados kapanggil ka tanah suci...:)
  19. Ahmad Yani: Yanti Sri Budiarti : Heu heu ...dongeng aheng tah !, Tiasa ka Mekah, gara-gara Kacang Hejo ! ha ha ha ha !
  20. Akang Remi: Katampi, Nun. Pangangkenna. Hatur nuhun.
  21. Ki Hasan: Mantap Kang Ahmad Yani. Memang matak pikatajieun, nitenan jalmi nu sukses teh. Sok aya wae amalan-amalan ahengna. Uing mah aya balad, muka toko batu mulia. Amalanna teh, unggal poe nyayagikeun revehan di tokona teh. Upama aya nu baramaen, tara tatanya deui, eta nu baramaen teh nyandak nyalira kana tempat nu tos disayagikeun. Ahengna teh, tara dicandak sadayana deuih, jiga tos aya hancenganana pikeun tiap baramaen.
  22. Ahmad Yani: Ki Hasan : Mungguh saestuna, upami urang leukeun nyaliksik diri, hirup teu ieuh pati kalimpudan teuing ku nafsu nu sarakah, rupina keukeuh dina mangpirang-pirang rijki nu patulayah, tangtos aya bageanna kangge nu lian. namung orokaya sok rada sesah ningan mukakeun lolongkrang hate kangge nu lian teh. Tampolana harta nu tos ngabrugbrug ge, kalan-kalan karaosna teh masih keneh teu cekap ! heu heu heu . Hatur sewu nuhun Ki !, kana pairanna !. Haturan wilujeng wengi ! Nun !
  23. Mus Muslih: Satuju,.....mugia we diaos ku nu ngamenej Enonesia,.....pek pasihan pidameleun, sangkan ngadaru'a, ulah hayuh wae masihan tarucing bari tara nyadiakeun hadiah...
  24. Tiktik Rusyani: Padat karya tea panginten usaha teh. Bade diturutan ah, ke pami usaha abdi tos teu jumarigjeug deui. Katampi pisan Kang Ahmad Yani, pieunteungeun.
  25. Maman Gantra: Kayungyun gaduh rerencangan teh, Kang. Turutaneun, nya?
  26. Ahmad Yani: Mus Muslih : Hatur sewu nuhn tos luntur galih kersa mairan. Memang sayaktosna, milari kipayah teh kedah dibarengan ku karep nulungan !! heu heu !
  27. Ahmad Yani: Tiktik Rusyani : sami nuhun teh !, di doakeun cing sukses. Meh abdi tiasa diajak jalan-jalan ngurilingan pabrik ku teteh ! ha ha ha !
  28. Ahmad Yani: Maman Gantra: Heu heu ..teu nyangki manwi, jauh tanah kalangit sareng kapungkur ! ha ha ha . haturan wilujeng siang Ang Maman !
  29. Tiktik Rusyani: Amiin, saha nu terang nya, Kang. Asal teu liren ihtiar.Sus sareng Bolu gulungna mah bakal tiasa karaosan pami urang tepang deui dina Kopdar, hehe.
  30. Ahmad Yani: Amin ! Teh Tiktik Rusyani , janten panasaran ku Bolu Gulungna ! ha ha !
  31. Akang Remi: Rancingeus, nguping aya bolu gulung mah! ahihihihi
  32. Ahmad Yani: Remi Sadkar : Hi hi hi hi , sugan teh teu aya nu keur noong ? boro kumawantun balaka !, sihoreng boa-boa Cep Remi mah , ngadodohona tos ti kamari ! ha ha ha haha !
  33. Akang Remi: Atuh puguh we, gan! Keur mah aceuk nu hiji ieu, ka pun uing teh sok rada leuwih batan ka adi-adi nu sanes, geura keh, tingal. Moal teu tilu geura, nampi bolu gulung teh, uingah
  34. Tiktik Rusyani: Teu kedah hariwang, Kang Ahmad Yani, sareng Cep Remi Sadkar, Insyaallah pami kopdar deui dipangdamelkeun. Nu tos ngaraosan mah Pa Haji Usep Romli. Iraha atuh nya kopdar teh?
 
Dina Hiji Peuting

Lalaki ka tujuh, nu awakna bayuhyuh, pinuh ku gajih. Ngulahek. Guyang kesang, di gawir subuh. Cahya lampu reyem-reyem, nungtun lengkah, ngaping leungeun, uyup ayap, neangan baju nu patulayah. Hareudang. Jandela di buka. Angin ngahiur, paboro-boro asup, mawa mangrupa-rupa sora. Sora-sora nu datang ti jauhna. Sora-sora nu nganteurkeun hate ka tungtung simpe. Melong beungeut sorangan na eunteung, nu ngajengjen hareupeun. Hate bati tingsariak.Beungeut budak tingkolebat, atra leungeunna roronjang, rek nyait awak kuring nu meh titeuleum. " Katampi pisan ! Rin !" Si Bayuhyuh, motong lamunan. Ngeupeulkeun lambaran duit. Nepak bujur dua kali bari mukakeun panto. Adan subuh kadenge hawar-hawar ti kajauhan. Panto kamar di tutup lalaunan. Dina ubin, cipanon kuring mayak,tingborelak.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Puri Kania Pramanik War: Tah, tos kadangu adan subuh, enggal kuramas teras tobat ......
  2. Tatang Sumarsono: Mayak atanapi makplak, Ang?
  3. Ernawati Siti Syaja'ah: Duh, karunya teuing, kunaon atuh bet kitu?
  4. Iwan Hanjuang: trafiking deui wae,heded Yi,dua kodi ti akang jempolna,kade pamulangan poho
  5. Ahmad Yani: Puri Kania Pramanik War : Heu heu heu ... sumuhun saurna Neng !, Bade di ajar tobat !, namung edas asa ku hese manawi ! Heu heu heu !!
  6. Ahmad Yani: Kang@Tatang Sumarsono : haduhhh ... Sono Ka Kang Tatang teh !, lami teu patepang !. Hatur sewu nuhun kana pairanna. Perkawis makplak sareng mayak !?, seja wakca bae Kang !, sim kuring teh teu acan patos terang, mana nu leresna ?, mung ari nu di pikahoyong ku abdimah eta kecap teh, hoyong ngagambarkeun Cipanon nu seueur ( Jamak) . Tah ku kituna sakantenan seja mundut arahan ti Akang !, kecap mana nu luyu sareng gerentes hate sim kuring !. Sakali deui hatur nuhun pisan Ang !. Diantos pisan !, koreksina !
  7. Ahmad Yani: Ernawati Siti Syaja'ah : Poekeun rupina mah !, Teh !, dumeh teu aya deui nu tiasa di pidamel, kangge nyambung hirupna ! heu heu heu !!
  8. Rinto Variasirias: bdé tobat ge aya sambeulan nu kitu mah,, heheh!
  9. Ahmad Yani: Kang Iwan Hanjuang : Damang ...Ang ! . Hatur punten rada arang nepangan . Laptop abdina nuju ngadat !, ieu ge maksakeun pasedek-sedek sareng barudak di Warnet ! he he he he !!. Hatur nuhun kana pairanna !, katampi pisan jempolna !!, ambuing mene lemes kieu ari jempol urang dayeuh mah ! ha ha ha ha !!
  10. Iwan R Jayasetiawan: Kagok asong panginten Kang .
  11. Ahmad Yani: Rinto Variasirias : hi hi hi hi hi , sumuhun kana kitu rupinamah ! Ang !
  12. Ahmad Yani: Iwan R Jayasetiawan : Heu heu heu .. Kagok asong , sareng Kagok raos , rupinamah ! ha ha ha ha ha !!
  13. Iwan Hanjuang: mayak dilembur akang mah sarupaning nu marurag tina tangkal,daun ,kembang,buah kana taneuh,asa kaci da metafor mah..
  14. Jejen Jaelani W: rupina sanes mayak sanes makplak.... duka pami ngabayabah mah...
  15. Godi Suwarna: :"Tos lami teu tepang. Bréh fikmin hédédna. Cacap wéh kasono téh. Sip dékh Mang Yan...'
  16. Iwan Hanjuang: ngabayabah mah nu kiled atawa kentel,cipanon mayak ungkara nu hedeh pisan.sip dech honey.. wakwakwakwakkkk
  17. Ahmad Yani: Kang@Iwan Hanjuang : Nyeta bawi raos sim kuring mah, Mayak mah Jamak ( Seueur ), upami makplak mah , tunggal , mung nunjukkeun warna bodas ( Kecak kantetan ), tapi duka tah nya ? , manawi neda arahanna ti sadayana !
  18. Iwan Hanjuang: heded maksad teh.
  19. Ahmad Yani: Kang@Jejen Jaelani War : Heu heu heu ... haduh ngabayabah mah , rupina na , rada caket-caket kana getih nya Ang ! , heu heu heu > Nuhun kana pairanna Ang Jejen !!! sono yeuhhh !
  20. Ahmad Yani: Kang Godi Suwarna : Hatur sewu nuhun kana apresiasina Ang Prabu !. Sumuhun nyeta sanes tambelar abdi teh, tos rada lami teu ngalongok ka lapak kameumeut hate !. Namung dalah di kumaha , Laptop abdi nuju di ofname heula di bengkel, rupina rada roasa panyawatna, dugi ka ayeuna teu acan sehat wae . Mung bati kumetap wae Kang Perbu !, malihan ayeuna ge, nuju maksakeun cindekul di WARNET , pasedek-sedek sareng barudak ! heu heu heu heu !!
  21. Jejen Jaelani W: Numutkeun kamus R.A. Danadibrata, Mayak = balatak di handap Ngabayabah = nguyumbang di handap, biasana dipapandekeun kana getih ngabayah Makplak = dibiasakeun kana beungeut cai nu lega
  22. Tatang Sumarsono: Anu disebat mayak ilaharna barang padet (benda padat), ngampar méh rata, bakat ku seueur. "Pentil kadu anu marurag ku angin txh mani mayak". Ari makplak, tumerap kana benda cair, tur lega arealna. Mun rada heureut, cekap ku nguyumbang. Lega sareng heureut tangtos rélatif. Tiasa cipayon mayak gé, jigana, dina hartos "butiran-butiran air mata" (duka naon Sundana).
  23. Akoer Lah: keclak cipanon...
  24. Fahry Danan Jaya: nalangsa Ang....................
  25. Erna Rusnawati: Tobat eta kiat nya dg k lalaki n k-7, dn sapeuting eta teh Kang? Ha ha
  26. Yanti Sri Budiarti: Tujuh..?!
  27. Maman Damiri: Eta meni tupak-tepak sagala rupi ...waas...
  28. Endah Dinda Jenura: nu katujuh, beu...
  29. Ahmad Yani: Akoer Lah : Keclak Cipanon , sareng keclak nu sanesna ! ha ha ha ha !
  30. Ahmad Yani: Fahry Danan Jaya : Heu heu heu , taya deui nu tiasa di pidamel kangge nyambung nyawa !, saurna mah Ang ! , sok atuh sugan tiasa nulungan ? hoyong gentos pacabakan saurna teh ! hi hi hi !
  31. Ahmad Yani: Erna Rusnawati : hi hi hi hi hi , nuju marema manawi !
  32. Ahmad Yani: Yanti Sri Budiarti : Muhun Tujuh , dugi ka subuh !, nuju ngalembur saurna mah ! ha ha ha !
  33. Ahmad Yani: Maman Damiri : Nepak mah !, bonusna ! he he he !
  34. Irman Dimyatie: :"Spesialis Tukang Nulungan nu kitu mah iwal ti Ang Jejen Jaelani War. Anjeunna mah bageur pisan. Sok cobian sumpingan!"
  35. Ahmad Yani: Endah Dinda Jenura : hi hi hi hi hi nuju ngalembur, ngudag setoran ! saurna mah ! ha ha ha ha !
 
Getih Na Congo Peso Balati
Getih masih lamokot dina leungeunna. Balati diusapan lalaunan. Ngok!, dicium lebah tungtungna. " Aing geus nangtukeun pilihan, nu can pernah didongengkeun ku kalangkang ka caang ! ", koceak hatena. Raga nu ngalumburuk di teuteup sakali deui. Kaceuceub mudal, bareng jeung murubutna cipanon. " Kumaha, ayeuna ?", gerentesna. Sakeudeung deui subuh bakal datang nembongan. Matapoe nguliat, beurang bakal datang. Laju manehna lumpat, meulah peuting nu ditiung liwung. Srog ka sisi basisir. Jleng ! luncat kana parahu. Parahu nyuruwuk tarik, nyiksik laut. Taya nu nyaho rek kamana nepina. Ngahariring lebah jemplingna peuting, bareng jeung heulang laut. Balati di teuteup deui .Bulan nu kari sapasi di gupay, sina ngilu nyaksian, dina congona masih keneh aya getih. Getih nu geus garing !. Getih Bapana !. Jalma nu geus ngarampog kabagjaan hirup manehna, puluhan taun lilana.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Godi Suwarna: :"Nyaan, tos aya ti jaman biharining bihari, yen anak lalaki sok patelak jeung bapa. Tema buhun disanggi dina fikmin nu matak muriding. Heded, yayi...!"
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: Tungtungna... Matak muringkak. Halah..
  3. Iwan Hanjuang: duh jadi paur Jih...
  4. Deni Riaddy: Luasan temen..... teu siga tatangga nu karek nempo geutih ge geus ngajelepeng ...... 5 jempol keur wawanenna ah...........
  5. Nana Sukmana: Waduh, tragis.Kaceuceuh tumplek na congo balati. Nguwak-ngawik rasa, yeuh. Mung badé tumaros dupi heulang laut sok hiber wengi, Ang? Punten, nun. Ieu mah fikmin realis.
  6. Yanti Sri Budiarti: Edas ieu fikmin teh..! Gustiiii...!
  7. Nazarudin Azhar: Karasa pisan geter kaceuceubna...
  8. Ahmad Yani: Kang Godi Suwarna : Hatur nuhun kana apresiasina Kang Perbu ! , diantos pisan Kritikna !. Heu heu !
  9. Ahmad Yani: Kang Muhammad Shohiba Nu'man : hatur nuhun Ang , kana pairanna !.
  10. Ahmad Yani: Kang@Iwan Hanjuang : Heu heu ... kaideuan ku film Kulon, manawi Ang ! heu heu !
  11. Ahmad Yani: Deni Riaddy : Heu heu ..manawi nuju poekkeun manah , panginten Ang !
  12. Ahmad Yani: Kang@Nana Sukmana : Hatur sewu nuhun kana apresiasina. Perkawis Heulang Laut ! ?, heu heu .. rumaos nun mung di wawaas, hoyong ngararaos suasana tadina mah !, sumuhunnya rupina wengi mah heulang teh tos mulang ka sayangna !?. Katampi pisan Ang, kana kritikanna, eta pisan nu di antos-antos teh !. Hatur nuhun Ang !
  13. Ahmad Yani: Yanti Sri Budiarti : Heu heu heu , ambek tuda tadi nuju nyiksikan bawang, curuk kakeureut janten we, ngadamel fikmin kieu ! heu heu heu ... hatur nuhun Neng !
  14. Ahmad Yani: Kang Nazarudin Azhar : Hatur nuhun kana pairanna !
  15. Irman Dimyatie: Anak parawan yang sangsara gara-gara talajak bapana yang jahat alahbatan bayawak badag. Amarah yang badag kagak kawadahan na dada, gara-gara Mamah ka Arab.
  16. Ahmad Yani: Kang Irman Dimyatie : Bakat ku tos kiat, saurnamah Ang ! heu heu heu !
  17. Tien Widartini Darodji: aah memang hebat ,yi.
  18. Irman Dimyatie: Sangat.... sangat wajar. Maragatkan nyawa jalma taya ras-rasan mah kagak apa-apa......
  19. Ahmad Yani: Teh Tien Widartini Darodji : Hebat naonna teh ? heu heu heu! Hatur sewu nuhun kana apresiasina Teh Tien !
  20. Tien Widartini Darodji: sok kabita hoyong tiasa nyerat kitu seratan nungeleketek kana hate nu macana.