COET

4/21/2012

0 Comments

 
COET

" Peser wae atuh, sadayana Juragan ! " Tukang Coet ngarenghik. Uing nyikikik. " Ari Emang !, Damang?, keur naon atuh meuli coet loba-loba teuing, rek kumaha makena ? " Panon Uing seuket melong beungeutna. Tapi teu bisan nahan keclak kesangna. " Ah ! juragan mah, sok pinter kodek ! " Tukang coet, ngageri, bari ngelap kesangna ku anduk leutik nu kuleuheu. " Pinter kodek kumaha, Mang!? " Kulit tarang Uing ngadadak ngariut. " Naon bentenna atuh antawis coet, sareng impian juragan, nu teras-terasan di tumpuk, bari teu terang bade iraha dimangpaatkeunana !". Tukang coet imut. Baham uing calangap. Di langit mega lalumpatan silih udag jeung angin, ngaronjangan tungtung langit, nu teu bisa di hontal.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Lalat Socrates: pinter keneh tukang coet geuning???
  2. Ki Hasan: Tukang Coet nyamur. Rama Kabayan ti Gunung Haseupan
  3. Rohendi Pandeglang: Eta nu ngelmu ma'rifat keur nyamar jadi tukang coet.
  4. Lalat Socrates: nyamur.....?? nyamur jengkol panginten nya...?? heuheuheu
  5. Dewi Ratna Damayanti: Eta tukang coet sina lebet fikmin atuh.. Urang alaan elmuna.. Hebring tah mang coet..
  6. Endah Dinda Jenura: edun tah falsafah tukang coet, sing pajeng ah, Mang! hahha!
  7. Elih Mulyawati: Teu wasa.. Ningalna.. Abdi mah kaang.. Bating ngaheruk.. Ningal kesang murubut.. Ngabengkot taktak.. Legok.. Mincig.. Lengkah ngitung tangtung.. Mencrong panon menta kawelas.. Aaah.Gusti.. Loba pisan.. Nu butuh leuwih ti abdi.. Abdi mah saukur muaskeun kahayang dunya..keked mengkene hese mere.. Lagu mikeun loba pamikir boa boa ukur dapon.. Boa boa nyieun alpukah ngarah bedah kanya'ah.. Hampura .. Hampura.. Hampuraaa... Gustii.. Robul Ijati..
  8. Lalat Socrates: falsafah anu matak dibaledog coet ku anu meuli hihihihihihihihi
  9. Irman Dimyatie: :"Pinter atawa bijaksana mah lain wungkul keur jalma nu sakola (nu boga gelasr), kadang maranehna leuwih luhung dina palebah ngagunakeun pikirna."
  10. Maman Gantra: Heded, eung! Tegep, Kang!
  11. Maman Gantra: Brilian!
  12. Rifan Sahrony: Kang.Ahmad Yani.eta tukang coet waspada permanatinggal, nya,? ku terangen kamanusa sok seueur rencana sareng kahoyong bari tara di tedunan.da puguh ka uger ku kamampuan.
  13. Ahmad Yani: kang Lalat Socrates : cacakan sakolana mung saukur pagulanggisik sareng batu nya ? heu heu ... Hatur sewu nuhn Ang !
  14. Ahmad Yani: Ki Hasan : Sumuhun nya, upami dilenyepan mah. sihoreng Kaasih gusti mah, tara ieuh museur di hij tempat.
  15. Ahmad Yani: Aneh nyeta Aka Rohendi Pandeglang !, sim Uing ge nepi ka di sekak seter Kieu ! he he he !
  16. Ahmad Yani: Kang Lalat Socrates : haduh eta mah ... kasedep ! sim Uing Pisan ! he he !
  17. Ahmad Yani: Dewi Ratna Damayanti : Sumuhun Bade saurnamah , malihanan ayeuna ge tos latihan ngadamel status na daun taleus ! hi hi hi !
  18. Ahmad Yani: Hatur nuhun saurna, kana pidoana ti Neng@Endah Dinda Jenura !, Ka tampi pisan, mugia tiasa ngempeskeun pupundakan nu ngabendul balas nanggung ! he he he he !
  19. Ahmad Yani: Duh ... janten beueus panon Sim Uing !, maos komen ti Teh Elih Mulyawati , sok kasuat-suat manawi, ari ras emut kana hate uing nu tetep teuas tara ieuh miharti karipuh deungeun !!
  20. Ki Hasan: Enya jigana Kang Lalat Socrates, eta nyamur, nyemur, jeung nyemar tea. Hahaha
  21. Ahmad Yani: Yaktos kitu pisan ! Ang Irman Dimyatie ! . bati muringis wae ...Nun !, rumaos diri masih keneh bolokot ku kalepatan !
  22. Akang Remi: Gan perbu Ahmad Yani: "Ieu teh duka pinter si Emang tukang coétna duka api-api bodo nu ngagaleuh coétna,...anapon kitu, bawiraos ieu fikmin ajieun, sangkan teu pernah nganggap boloho kabatur..."
  23. Ahmad Yani: Ang@ Maman Gantra : Heu heu ...hatur nuhun Ang !, Fikmin dadakan manawi, wireh tadi enjing, Sim Kuring ngobrol sareng aki-aki nu dagang Coet , di buruan . he he4 !
  24. Ahmad Yani: kang Rifan Sahrony : Tampolana, waktu teh, mungguh mung sok di angge awuntah, sapertos jalmi nu anteng ngudag-ngudag kalangkang heulang !
  25. Ahmad Yani: Cep Remi Sadkar : Kalintang bingahna, sok saupami ieu Fikmin basajan, tiasa ngoet hate nu maosna ! heu heu heu !
  26. Eboed Eman Budiman: Sae pisan Ang Ahmad Yani,sanes mung sakadar fikmin namung aya pelajaran nu tiasa dicandak
  27. Akang Remi: Cacak Basajan, tos matak eungap kieu, Gan perbu!
  28. Tatang Sumarsono: Ceuk pun uing: ... bari teu terang bade iraha diwujudkeunana. Aya dua metafor: cowét jeung impian. Jigana impian téh kudu diréndos dina cowét, nya?
  29. Maman Gantra: Yaktos, Kang. Heded pisan. Di luar nalaktakna emutan tukang coet, ngaduhareupkeun coet sareng harepan karaosna edun pisan. Gangas kacida keur abdi mah. Boh salaku teks oge konteks (sosial-ekonomi). Dina sistem paekonomian kiwari, coet jelas sanes komoditi nu seksi. Nu katingal ku abdi, di sabaraha rumah tangga tos jarang katingali ieu parabot. Fungsina, sakumaha dipapagahan ku acara masak di televisi, tos digentos ku mesin blender/juicer. Dalah, kapungkur ge, pantesna, teu unggal usik urang meser coet. Komo deui kiwari. Abdi kantos nongton hiji film dokumenter barudak IKJ, ngeunaan tukang coet ieu: Kasawang tukang coet nananggung dagangannana ngideran Bandung -- sawareh barudak SD keneh. Padahal, ti lemburna ka jalan raya Bandung-Padalarang/Gunung Masigit (?) bae, manehna kedah nikreuh meh aya kana tilu kilona. Bari jalanna nanjak mudun. Mamanggul harepan. Tukang coet di Rajagaluh, Majalengka, rada mending. Maranehna tiasa diversifikasi produk ku ngadamelan batu hias atanapi tetengger. Malih kapungkur mah aya nu ngajeujeuhkeun, dipiwarang ngadaramel sarupaning parupuyan, eksporkeuneun ka Korea. Tukang coet di Bandung langkung apes nasibna.
  30. Iwan Hanjuang: kumaha lamun mutuna cicing coet anu muter? xixixixixi
  31. Ahmad Yani: hatur nuhun kana apresiasina Ang 'Eboed' Eman Budiman !
  32. Yanti Sri Budiarti: Padahal mah peser we atuh Juragan, teras bagikeun. Alungkeun we hiji ka Cihideung, moal teu disanggap..! hehe
  33. Ahmad Yani: Ang@Tatang Sumarsono : Dina kanyataan sadidinten, memang leres cowet teh sok janten alat kangge ngarendos, atanapi ngahijikeun dina takeran nu saimbang tina mangrupi samara atanapi bahan kangge ngawujudkeun tedaeun nu dipiharep. Upami impenan dilarapkeun kana salah sawios bahan atanapi samara. Rupina tangtos kedah direndos heula, disaluyukeun sareng karep salaku mahluk nu kauger ku prinsip-prinsip agami nu di agemna. ( Hatur sewu nuhun Ang ! kana pairanna ! )
  34. Ki Hasan: Teh Yanti Sri Budiarti, leres tah peser we sadayana. Teu dibagikeun ge, tiasa didamel patung, eta coet satanggungan teh. Heug disusun diburuan jadi arca coet. Geuning barudak ge sok nyieun papatungan ku lego.
  35. Ahmad Yani: Ang Maman Gantra : Ambuing aya ting puringkak ningan, masalah cowet teh, ari tos di purak ku pangersa! nu teu kinten matak ketirna.
  36. Ahmad Yani: Ang@Iwan Hanjuang : Kitu ge tiasa, etang-etang variasi, rupinamah ! he he !
  37. Yanti Sri Budiarti: Kumaha we atuh Ki Hasan ari niat bade nulungan mah nya..:) Ngoleksi coet, tiasa janten pajangan oge pan..? Nanging moal janten fikmin panginten upami kitu mah..! hehehe
  38. Ahmad Yani: Neng Yanti Sri Budiarti : Hi hi hi, tos aya niat ka palih dinya teh . Malihanan tos ka sawang, moal teu bingaheun urang Cihideung teh, da nguping wartos tos lami sok ngalotek dina talenan ! ha ha ha ha !. mung edas ... bade ngaborong teh teu janten . Margi na rekening BTN sim uingna , can aya nu ngarengkol ... ha ha ha !
  39. Tiktik Rusyani: Dagang coet sakadar kasab, ngalengkah bari teu weleh sugan, kapan anging Allah nu Maha rahman nu gaduh hak masihan rizki ka sadayana mahlukNa. Wilujeng ka tukang coet nu teu liren usaha, wilujeng ka Akang nu hebring fikminna.
  40. Ahmad Yani: Ki Hasan : Coet di damel patung ?, di simpen di buruan !, moal pada nyandakkan kitu ku tukang lotek ? he he he !
  41. Ahmad Yani: Hatur nuhun kana apresiasina Teh !@Tiktik Rusyani !, sok watir nyeta ku ting poyongkodna, nanggungan cowet nu sakitu beuratna !, tong boro nyobian nanggung. Dalah ku ningalina oge, taktak teh sok ngadadak asa ngajendul ! he he he !
  42. Is Tuning: Pangabutuh coét, komo dimasyarakat perkotaan mah geus mulai kadéséh. Loba ibu-ibu geus teu purun ngaréndos bumbu maké coét. Apanan geus aya blénder nu serbaguna kaasup ngagiling bumbu. Praktis. Di pasar gé ayeuna mah bumbu téh dijual geus meunang ngagiling. Tapi da uing mah, nu remen masak, resep kénéh maké coét. Karasa leuwih sedep bumbuna, teuing meureun pédah pagalo jeung bubuk batu nu miluan karéndos ku mutu-na.
  43. Tiktik Rusyani: Leres pisan, nyandak coet opat dugi ka dalapan bari teu unggal dinten urang teh peryogi ku coet. Sami sareng tukang taraje, tukang pot kembang, matak ngahelas ningalna oge.
  44. Ahmad Yani: Tah eta pisan panginten nu disebat, dina sanes kanten wujud kahirupan, urang sadar teu sadar tos digiring kana naon nu disebat budaya Instan !. Budaya nu sadayana hoyong, gancang tur praktis. Bari teu ieuh neuleuman rehna dina Proses, teu kinten seueur harti bahan teuleumaneun hirup. Memang bawi raos sim kuring, kamajengan Elmu teknologi, tiasa ngabantos kahirupan urang, namung disagedengeun eta, seueur oge nilai-nilai kahirupan nu palid kacandak caahna zaman . Hatur sewu nuhun kana pairanna Kang Is Tuning ! .
  45. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: dina coét impian janten nyata...tiasa neda sambel kénging panutan nu diimpén-impén...heuheu
  46. Ahmad Yani: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Saur paripaos mah " Tak ada Coet ! , tak Rame ! " he he he he !



Leave a Reply.