MUSASHI

Di pasar loak Jatayu. Uing ditepungkeun jeung manehna. Lalaki kolot, jangkung Badag. Sakujur awakna di bakutet ku Jubah belel. " Bade di tampi sabaraha !?". Sorana pondok, bari ngasongkeun pedang panjang. " Samurai ,Asli!". Baham Uing calangap, Panon Colohok, ningali pedang hade urus, nu ngagurilap, waktu di paut tina sarungna. " Bade di tampi sabaraha ? " Manehna negeskeun, siga nu kauger waktu. " Ke ..ke ! Sakedap, dupi salira teh saha ?". Uing ngawani-wani maneh, nanya. Sijangkung Badag, mukakeun tutup jubah nu nutupan sirahna. Mencrong kuring ku panonna nu hurung . " Kuring, Musashi !" jawabna tegeug. Lelembutan uing ngacacang, ngajulan langit. “ Bener-bener dunya geus aya di tungtung umur “. Duit di asongkeun. Musashi Ngiles. Rebuan bandera koneng jadi rampak, ngajadi bukti. Cingkulapesna idealisme di pasar loak.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Apoedy Sarah Ihsan: janten benten judulna gening... hehehehe... tos sae mendingan musashi judulna... hehehehe....
  2. Ahmad Yani: Bilih Vulgar teuing manawi Kang Apoedy Sarah Ihsan, ngahaja rada disumputkeun sakedik ! hi hi hi hi hi !
  3. Endah Dinda Jenura: euuuhh... Neneng Otsu peryogi beas rupina...
  4. Ahmad Yani: Hi hi hi hi .. sumuhun Nyeta Neng Endah Dinda Jenura , Otsu nuju kakandungan , lajeng Jotaro ..nu teu dam,ang wales ! heu heu !
  5. Endah Dinda Jenura: dupi Nini Osugi damang? xixiixi!
  6. Bunda Unie: D psr jatayu pendak srg aki Adul dgn beca tentaranyah henteu,kang??
  7. Ahmad Yani: Neng Endah Dinda Jenura : Hi hi hi hi hi ... nyaan adil Gusti mah !, Si Nini nu goreng adat teh !, dugi ka ayeuna anteng Cenghar , malihanan saur beja mah , bade ngiringan marathone , di Olympiade Inggris taun payun !! ha ha ha ha ha ha ha !!
  8. Rifan Sahrony: Kang Ahmad Yani, alaaah.anu sakawitnamah aya di etalaseu bari aya Mol.ngagejlig turun ka loak ayeuna mah nya,...? heuheuheu.
  9. Ahmad Yani: Bunda Unie : Sareng Aki Adul mah, kantos tepang teh di Jalan Wastu Kencana !, duh Kacida Gantengna , Ngangge Baret Beureum sagala, Lajeng Becana ge meni reuteum ku papaes sing sarwa loreng , Teu benten we sareng Mobil Teng waja !!! hi hi hi hi !
  10. Ahmad Yani: Ang Rifan Sahrony : Idealisme teh tampolana sok kacandak leeh ari nuju lapar mah Ang ! hi hi hi !
  11. Rifan Sahrony: Kana kitu Ang.eleh deet ku cecepet,kirangna panceg pamadegan.
  12. Jejen Jaelani W: uusum samurai teh saentregan sareng Uang Brazil, Degung, merah dalima, sareng sajabina, tingalabring makelar mistik, tapi hasilna matak burindil sagala rupa....
  13. Rifan Sahrony: Jual jaar Kang Jejen Jaelani War.wkwkwkk
  14. Rohendi Pandeglang: keueung yeuh ka.
  15. Zulaikha Sobana: Idealisme ayn mah seu2r nu saukur jntn barang teu sapira, dgk skdr jntn ungkara "BADE DIPESER SABARAHA?" Mhh..mh..kacida
  16. Taufik Hidayat: Deuh idealisme luntur. Abdi oge sok ical galeuh. Ngical kolor ngagaleuh beas tea hehehe.
  17. Ahmad Yani: Kang Jejen Jaelani War : haduhhh ... Sim Kuring dugi ka rambisak , maos kecap ' Burindil ". hi hi hi hi ... sok janten emut... ka hayam rintit ! manawi !
  18. Ahmad Yani: Aka Rohendi Pandeglang : " BADE DI TAMPI SABARAHA ? " . eta kecap nuju " Ngetop " ayeuna teh !. sok sanaos obyekna rupi-rupi , tiasa .. Photo Kopi KTP, Atanapi nu sanes na ! ha ha ha ha !
  19. Ahmad Yani: Zulaikha Sobana : Gambaran Zaman nu bade nangkub ! panginten Teh ! he he ( Hatur nuhun kana pairanna !, katampi pisan ! )
  20. Ahmad Yani: Ang Taufik Hidayat : haduh ... tos dugi ka Kolor ??? hawatos atuh katirisan ! ha ha ha !
  21. Rohendi Pandeglang: Haha enya bener... kecap oge aya usimna nyah, lain usim dangdeur wungkul
  22. Tatang Sumarsono: Ha-hah, hédéd, Ang. Musashi ngalélang pedang. Atuh panginten falsafah "jalan pedang" teras ical, nya? Pamatang ngalélang tumbak, Ronaldo ngalélang sapatu, dalem Pancaniti ngalélang kacapi. Ari Tatang rék ngalélang naon, nya? Kapal tanker teu boga, kebon sawit teu boga, tambang batu bara teu boga, Ratna teu boga.
  23. Bunda Unie: Kang Tatang apan gaduh lapak FBS...xixixi
  24. Tatang Sumarsono: Jih, naha bakal payu kitu, mun lapak FBS diborehkeun ka Bank Jabar, Neng Bunda Unie? (Kumaha ari uing, ongkoh Eneng, ongkoh Bunda). Naha jadi pabeulit kieu ari ngobrol jeung urang Cimahi.
  25. Ahmad Yani: Ang Tatang Sumarsono : Heu heu heu ... kitu ningan Talajak para " Ronin" jaman kiwari mah, arepes meer, teu kaop rada lapar sakedik, sok teras ngulahek ! he he he he ( Hatur sewu nuhun Ang ! ,kana apresiasina ! )
  26. Ahmad Yani: Janten hoyong ngadamel panalungtikan nu daria . Kunaon nya Ang@Tatang Sumarsono sok "pabeulit", upami cumarios sareng urang Cimahi ! he he he he he he he !!!
  27. Tatang Sumarsono: Apan Cimahi téh statusna sami sareng Bandung: kota.
  28. Irman Dimyatie: :"Haduh...! Langsung ngulapes uing."
  29. Jojo Johari: Hooor? Kutan pendekar jago ti Sakura teh kantos nepangan? ..heuheuheu hareueuh?!
  30. Bunda Unie: Xixixi



Leave a Reply.