SAGAGANG KEMBANG

" Beda tisasari, naha bet jalir jangji !?". Gerentesna. Ret kana erloji. Waktu nu dipasinikeun geus leuwih ti sa jam. Nganteur kereteg hate. Manehna nguniang, l leumpang ngalenghoy, ninggalkeun meja nu cengelik sorangan di juru restoran. "Harianeun Kang Rhamdan mah, ku naon atuh bet henteu janten , Nep ...!". Kecapna teu kebat, kaiwat ku kakaget. Di jalan sisimpangan, loba jalma tingrariung, ngagugulung hiji waruga nu ngagoler teu walakaya. Cipanonna bedah, basa teges kana beungeutna. Dina leungeun kencana nu geus leupas. Sagagang kembang , napel pageuh, di pulas ku getih nu masih haneut.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Deni Riaddy: Edas teuing... Enjing-enjing dipasihan lalawuh nu pikasediheun....
  2. Yayan 'Bedog' Supriatna: haruh...tragis
  3. Eboed Eman Budiman: Wualah sedih bin nalangsa
  4. Irman Dimyatie: :"Nohonan jangji dibayar pati."
  5. Tatang Sumarsono: Aduh, sedih, Ang. Untung namina Rhamdan.
  6. Ahmad Yani: Ang@Deni Riaddy : Rada kapangaruhan ku sinetron ! ,manawi ! he he !
  7. Ahmad Yani: Kang Yayan 'Bedog' Supriatna : Nuju bingung milari ideu ! he he , ngapungkeun nu kieu we ,amawi ! he he he !
  8. Ahmad Yani: kang 'Eboed' Eman Budiman : Alhamdulillah kembangna mah salamet ! he he !
  9. Ahmad Yani: kang Irman Dimyatie : Rusuh teuing saurna mah Ang !, nincak gas na nyeceb teuing ! he he !
  10. Ahmad Yani: Kang Tatang Sumarsono : he he he ... bingung nyeta Ang !, tadinamah moal dinamian, sapertos cerpenna Budi Darma !, namung rada sesah ngalarapkeuna sareng jalan carita. Janten we milarian sakapendakna ! he he he he ! hatur nuhun Ang !
  11. Tatang Sumarsono: "Harianeun, ku naon atuh bet henteu janten , Nep ...!". Jigana bakal leuwih ngumbar imajinasi, Ang.
  12. Ahmad Yani: Aduh ! sumuhun !, leresnya !?, hatur nuhgun Ang Tatang Sumarsono !.
  13. Irman Dimyatie: :"Carita cinta nu kieu sok mawa panineungan ka nu sakur jalma nu pernah ngalaman. Boa-boa...."
  14. Rudi Riadi: Fikmin nu matak ngalengak....
  15. Akang Remi: Ngalengak pisan...Haruuh!
  16. Ahmad Yani: kANG Irman Dimyatie : he he he he ... ampir Kang !
  17. Ahmad Yani: Ang Rudi Riadi : Asa rada ngahegak ningan Ang !, bade nyerat fikmin teh ! ayeuna mah !. Janten we ideu nu atah keneh ge di kunclungkeun ! he he he he ...
  18. Ahmad Yani: Ang Remi Sadkar : Nyanggakeun sa aya-aya ! he he he !, Katampi " Lengak"na, nyanggakeun " Cangkeul"na ! hi hi hi hi !



Leave a Reply.